Hatur nuhun, ulah jadi lamunan nya....... mangga bilih bade nyaangan mah. Hatur 
nuhun Kang Nong.
salam
Jalak Pakwan 


----- Original Message ----
From: Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED]>
To: urangsunda <[EMAIL PROTECTED]>; baraya_sunda <[EMAIL PROTECTED]>; kisunda 
<[email protected]>
Sent: Tuesday, August 19, 2008 5:10:17
Subject: [kisunda] (Serat :24)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Keur Nu Dicalukan.


Keur Nu Dicalukan
 
        * Bisi aranjeun hayang leuwih telek kana diri aranjeun sorangan,kuring 
InsyaAllah bisa mantuan mapay nu ku aranjeun geus kungsi kaliwatan,sakalian 
nunjukeun yen kami teh lain heuheureuyan, istuning ngalengkah satekah polah 
ngusahakeun jang nyukcruk galur ngarah bisa ngadeg deui urut Pajajaran.
 
        * Kanggo Ceu Ambu,saha nu boga dedegan lalaki sedeng eta ? Dedegan kyai 
seseg,osok mere papatah nu niiskeun hate lain? Osok datang kana ngimpi lain? 
Make baju bodas,panjang nepi ka satengah bitis,sok disebut Ki Haji lain? Geus 
lawas bareng ngabaturan lain? 
 
        * Kang Ema,kalem,pinuh kayakinan,sarua anjeun oge keur nungguan,hayang 
bisa muka nu jadi wiwitan. Hayu urang geura ngamimitian, didasaran ku sarua 
nyaah kana kasundaan. Bisi aya nu can kapanggih nu ku anjeun diteangan,sugan 
kuring oge bisa saeutik mantuan,ngarah mangfaat kana kasundaan,kuring aya.
 
        * Kang Tirta,kuring nyaho anjeun geus boga jawaban,ulah salempang 
nepikeun bebeneran,geura milu babagi nanjeurkeun Kasundaan,geus mangsana urang 
ngalengkah babarengan. Kuring apal anjeun geus lawas nungguan,ieu mangsa jadi 
kanyataan,kajeun teu kaharti mun dipikiran,ulah ngan ukur dijadikeun lamunan.
 
        * Kang Tirta,kuring nyaho anjeun boga jawabana,ulah hariwang geura 
tepikeun kabalarea,salam ka anu sok mere anjeun beja. Urang bareng ngaguar deui 
sajarah sunda,nu geus lila ngacapang ku reka-reka. Kuring bakal datang,sugan 
saeutik bisa mere caang,ngarah mere hiji kayakinan,nu ayeuna ngan ukur 
kasawang. Kuring wakil ti Sancang,nepikeun nu kudu ditepikeun,ngajaga nu kudu 
dijaga,mulangkeun nu kudu mulang. Salam ti kuring saparakanca.
 
        * Ua Duq,ulah era miluan,da nu kieu mah moal kaharti ku akal pikiran. 
Sabab urang sakabeh mahluk ngan saeutik nu dibikeun ka urang-urang, uteuk urang 
aya watesna,moal bisa maca kajadian sakabeh alam. Anjeun ge pan teu bisa 
nerangkeun kunaon sok kaimpikeun jalma make komprang hideung,iket 
hideung,barangbang semplak,nu sok rajeun datang nepungan,kajeun ngan kana 
ngimpi anjeun wungkul? Ulah era,lain ukur anjeun nu ngalaman,sing tumarima 
dicalukan.
 
        * Mang Ucup,bisi panasaran elmu naon wae nu aya di Pajajaran,kersaning 
Gusti sugan kuring bisa mantuan. 
 

Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

Kirim email ke