Kacaritakeun Mama Ajengan jeung Mang Miid, supir beus wafat dina waktu anu
bareng. Di panto Sawarga Mama Ajengan jeung Mang Miid teh diabsen ku
malaekat nu ngajaga panto gerbang Sawarga.
"Aran!?"
"Pun Miid kaulanun"
"Pacabakan?"
"Supir beus, ti aalit dugi ka gede abdi mah teu tebih tina mobil, ngawitan
jadi kenek teras jadi supir"
"Tempat maneh di Kamar 12, tah ieu koncina!", ceuk malaikat teh bari
ngasongkeun konci, terus nanya ka Mama Ajengan.
"Pacabakan?"
"Dakwah, tukang mamatahan supaya jalma salaladar emut kanu Maha Kawasa"
"Oh ..... ieu anjeun mah di kamar 222", Ceuk malaikat bari mere konci kamar
nomer 222.
Mama Ajengan ngagiridig nuju ka kamar manehna, rada jauh jeung ngaliwat ka
kamar 12, tempat Mang Miid ditempatkeun. Manehna nyimpang heula, tempa-tempo
ka kamar Mang Miid. Uluh mani mewah: Tempat sarena alus pisan euweuh nu
nandingan didunya mah, ubinna mani ngagenclang. Ah ... pokona mah kamarna
mewah alahbatan kamar hotel bentang lima.
"Wah komo aing mah", gerentes hate Mama Ajengan. Manehna gagancangan
ngajugjug kamar manehna. Tapi kacida hanjeluna, barang ningali kamar manehna
mah ukur siga kamar losmen. Ranjangna tina kai, kasurna ipis, ubinna ge rada
kuleuheu. Mama Ajengan protes ka Malaikat nu nempatkeun, naha supir beus
ditempatkeun di kamar anu mewah, ari manehna ukur kamar sederhana. Ari ceuk
Malaikat teh:
"Anjeun tukang Dakwah, tukang mamatahan ka balarea, tepi ka balarea
arunggut-unggutan, tuntungna ngalenggut narundutan, paroho kana ngadaro'a.
Ari Mang Miid sabalikna, manehna supir beus, tukang ngebut tarik pisan,
tepi ka panumpangna kabeh ngadaroa araringet kanu Maha Kawasa!"
Baktos,
WALUYA
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/