Biasana, lamun urang nyalukan hiji jelema eta kulantaran urang resep ka nu dicalukan. Atawa, lamun teu resep, nya aya maksud ka anu dicalukan. Lamun nyalukan teh lain karana resep atawa lain kusabab aya maksud, nya eta mah duka...kapicangcam sugan.
manAR On Thu, Aug 21, 2008 at 4:48 PM, agus <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > roche: tetep weh, mun ngaku dulur mah kudu ngenalkeun diri, mun teu > kitu tetep weh kategori "lempar batu sembunyi tangan" > > milis: naha beut nyangki kitu? kang roche teh meni awon manah ,keur > mah awon rupa.... heheheh,... > > roche: eh sanes kitu,... kumaha2 oge,mun diskusi jeung wani nga > guarkeun tentang kasundaan, kedah terang jeung saha urang teh > berdiskusi,... tong susulumputan, jadi, teu sae eta ucing sumput di > ieu milis teh,... > > milis: ah,... pedah jang roche teu disebutkeun ku kang nonggerak, teu > dicalukan,jadi weh sentimen nya,... heuheuuuy deudeuuuhh,... sirik > niye,... > > roche: husss... lain kitu,... meureun kuring teu dicalukan teh ,lain > pedah teu kapilih sebagai kesatria sunda ku komandan nonggerak,... > tapi pedah hese noong na weh meureun, da ka budak baong mah, elmu > noong na teu bisa ka pentang,.... hehehehe... > > milis; ah, bedul,... geus teu kasebut, sirik an, oge sombong, ... jang > roche teu di calukan teh pedah jang roche mah euweuh harti na di > kisunda, ngan pangkat budak baong weh, geus cukup. > > roche: enya oge, nya.... cigana kang nonggerak ijid meureun ka didieu > teh, sok teu sopan ka anjeuna,.... > > milis: matakna, ka batur teh kudu sopan, tong rea jojorowokan,.. malah > wani2 ngagugat,... teu sieun di takol ku ajian 'pelebur sukma'? > > roche: ah, ... tong waka nonggerak, prabu siliwangi oge, mun masih > keneh susulumputan jeung lempar batu sembunyi tangan,... wani kuring > nga gugat!!!!! > > milis: dasar bedegong!!! > > roche: bae weh,.. pan kuring mah budak baong,... > > milis: eh, heu'euh nya,..... > > --- In [email protected], Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]> wrote: >> >> Assalamu'alaikum wr wb. Sampurasun Ki Nong >> Salam ka urang sancang nu ngukur gunung ngajeungkal lebak > ngaleuweungkeun deui sancang. Aya hubunganana sareng anjeuna > atanapi...........ki Nong teh anjeuna? >> Masing can ngarti dipikiran tapi hawar-hawar aya tali ti kaler nepi > ka kidul. Enya lila teu ka kabuyutan sugan nu didinya nu kedah > simkuring ngadugikeun salam ti anjeun. >> Wengi iraha kuring rek ngalongok sancang. >> salam, rampes >> tirta >>  >> >> >> ----- Original Message ---- >> From: Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED]> >> To: urangsunda <[EMAIL PROTECTED]>; baraya_sunda > <[EMAIL PROTECTED]>; kisunda <[email protected]> >> Sent: Tuesday, August 19, 2008 5:10:17 >> Subject: [kisunda] (Serat :24)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Keur Nu > Dicalukan. >> >> >> Keur Nu Dicalukan >>  >> * Bisi aranjeun hayang leuwih telek kana diri aranjeun > sorangan,kuring InsyaAllah bisa mantuan mapay nu ku aranjeun geus > kungsi kaliwatan,sakalian nunjukeun yen kami teh lain heuheureuyan, > istuning ngalengkah satekah polah ngusahakeun jang nyukcruk galur > ngarah bisa ngadeg deui urut Pajajaran. >>  >> * Kanggo Ceu Ambu,saha nu boga dedegan lalaki sedeng eta ? Dedegan > kyai seseg,osok mere papatah nu niiskeun hate lain? Osok datang kana > ngimpi lain? Make baju bodas,panjang nepi ka satengah bitis,sok > disebut Ki Haji lain? Geus lawas bareng ngabaturan lain? >>  >> * Kang Ema,kalem,pinuh kayakinan,sarua anjeun oge keur > nungguan,hayang bisa muka nu jadi wiwitan. Hayu urang geura > ngamimitian, didasaran ku sarua nyaah kana kasundaan. Bisi aya nu can > kapanggih nu ku anjeun diteangan,sugan kuring oge bisa saeutik > mantuan,ngarah mangfaat kana kasundaan,kuring aya. >>  >> * Kang Tirta,kuring nyaho anjeun geus boga jawaban,ulah salempang > nepikeun bebeneran,geura milu babagi nanjeurkeun Kasundaan,geus > mangsana urang ngalengkah babarengan. Kuring apal anjeun geus lawas > nungguan,ieu mangsa jadi kanyataan,kajeun teu kaharti mun > dipikiran,ulah ngan ukur dijadikeun lamunan. >>  >> * Kang Tirta,kuring nyaho anjeun boga jawabana,ulah hariwang geura > tepikeun kabalarea,salam ka anu sok mere anjeun beja. Urang bareng > ngaguar deui sajarah sunda,nu geus lila ngacapang ku reka-reka. Kuring > bakal datang,sugan saeutik bisa mere caang,ngarah mere hiji > kayakinan,nu ayeuna ngan ukur kasawang. Kuring wakil ti > Sancang,nepikeun nu kudu ditepikeun,ngajaga nu kudu dijaga,mulangkeun > nu kudu mulang. Salam ti kuring saparakanca. >>  >> * Ua Duq,ulah era miluan,da nu kieu mah moal kaharti ku akal > pikiran. Sabab urang sakabeh mahluk ngan saeutik nu dibikeun ka > urang-urang, uteuk urang aya watesna,moal bisa maca kajadian sakabeh > alam. Anjeun ge pan teu bisa nerangkeun kunaon sok kaimpikeun jalma > make komprang hideung,iket hideung,barangbang semplak,nu sok rajeun > datang nepungan,kajeun ngan kana ngimpi anjeun wungkul? Ulah era,lain > ukur anjeun nu ngalaman,sing tumarima dicalukan. >>  >> * Mang Ucup,bisi panasaran elmu naon wae nu aya di > Pajajaran,kersaning Gusti sugan kuring bisa mantuan. >> >> >> >> New Email addresses available on Yahoo! >> Get the Email name you've always wanted on the new @ymail and > @rocketmail. >> Hurry before someone else does! >> http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/ >> > > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
