Saurna toponimi teh ulikan ilmiah ngeunaan nami-nami tempat, kawitna, hartosna, 
kagunana sareng tipologina.
 
Perkawis nami kota Guntur di India sareng nami gunung Guntur di Garut , abdi 
badé babalédogan, samasakali teu ngulik sacar ilmiah, ngeunaan ngaran ieu 
tempat.
 
Merhatoskeun ngaran patempatan di Indihé sareng sabudeureunana, katingal yén 
seueur patempatan nu nganggo kecap pura (hartosna: tempat). Dina perjalanan 
waktu, sora pura dina ngaran hiji tempat kadang robih janten sora war. Contona 
Purushapura janten Purushawar anu kadieunakeun janten Peshawar. Jigana 
patempatan nu ngaranna Guntur di India ogé kawitna tina kecap Guntwar atanapi 
Guntawar nu kawitna deui tina Guntapura (hartosna: tempat anu dikulilingan ku 
balong cai) atanapi Gartapura (hartosna sami: tempat anu dikurilingan ku balong 
cai) sapertos ditulis dina wikipedia basa Inggris.
 
Upami kecap "guntur" dina "Gunung Guntur", dumasar Kamus basa Sunda, gaduh 
hartos awur (kaawuran), banjur (kabanjuran), banjir (kabanjiran), sareng aliran 
cai nu ngagulidag, cocog sareng carita Gunung Guntur nua aya dina tumbu 
http://wikisource.org/wiki/Carita_Gunung_Guntur .
 
Tiasa wae kecap "guntur" nu aya dina kecap "Gunung Guntur" diserep tina kecap 
"gunta" dina basa Sansakerta atanapi tina nami kota Guntur di India da gening 
masih aya patalina sareng cai nu ngurilingan eta gunung waktos dibanjur ku 
Maharaja Inten Dewata.
 
Panginten ieu mah, da babaledogan.
 
Salam,
Asep




--- On Thu, 8/21/08, Kumincir Wikidisastra <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: Kumincir Wikidisastra <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: [kisunda] GUNTUR?
To: [email protected]
Cc: [EMAIL PROTECTED], [EMAIL PROTECTED]
Date: Thursday, August 21, 2008, 8:38 AM







mun teu salah, di urang kecap 'guntur' oge dalit jeung kompleks instalasi 
militer. Misalna bae di Garut, Guntur & Loji teh sakompleks. AM Fatwa kungsi 
diberok di Guntur, deukeut Manggarai.


On Thu, Aug 21, 2008 at 6:52 PM, mh wrote:






cing baraya ka nu resep toponomi, naon hubunganana nya antara ngaran
"guntur" gunung di garut jeung ngaran kota di india? asana harita uing
kungsi maca oge, hiji artikel nu ngadongengkeun yen kecap "sunda" oge
di india mangrupakeun ngaran tempat.
 














      

Kirim email ke