sae kang Agus eta lalampahan teh,
palebah jenengan Arthur S Nalan asana mah henteu nyunda,
tapi da kitu tea kadang para ahli anu leres-leres terang mah
gening jenengan nana teh bet Arthur, he he
wilujeng Kang Agus , sukses menyertai Anda

rampes,

On Sat, Aug 23, 2008 at 10:40 AM, agus <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   sampurasun,....
> Assalamualaikum,...
>
> aya kabagjaan diri ,rasa syukur kanu Kawasa, tos mere ka abdi
> kasempatan pendak sareng 3 tokoh kasundaan,....
>
> kieu carita na,...
>
> dalam rangka penyusunan konsep bandung kota kreatif, eta salah sahiji
> gawean studio Event organizer sim kuring ti Bappeda kota bandung.
> salah sahiji na kedah nga wawancara tokoh2 di bandung,...
>
> tah,... kukuring diarahkeun ka tokoh kasundaan
> da sunda oge boga kamotekaran ti berbagai bidang.
> ahirna ku simkuring disusun list eta tokoh,...
> ; abah Hidayat Suryalaga, pa Saini KM jeung Arthur S Nalan.
>
> alhamdulillah, poe kemis-jumat kamari eta 3 kisunda tos ku abdi jeung
> team wawancara di liput,...
>
> geuning eusi eta wawancara meni seueur pisan ka unikan nana, info
> kasundaan nu aheng,...
>
> komo ti abah Surya... nu biasana wawancara ngan 2 jam, jadi
> ngagorolong waktu ti jam 2 nepi ka bada magrib.
>
> ahunnnnng ahuuuung....
>
> insyaAlloh dina sanes waktos, ku simkuring dibagikeun eta hasil
> wawancara ka ieu milis....
>
> oge kang arthur jeung abah surya tos ngahaja ku simkuring di wartosan
> aya silaturahmi HBH milis kisunda ,... aranjeuna antusias bade
> sumping,.....
>
> khusus kanggo dulur2 kisunda nu ngobrolkeun dunia khayal ngeunaan
> pelem dyah pitaloka,.... geuning obrolan abdi jeung kang arthur sangat
> nyambung,... anjeuna hoyong ngadamel pagelaran ieu carita dyah
> pitaloka,.... duh Gusti, mugia ieu khayalan tiasa ngajadi,....
>
> nyungkeun doa ti sadaya kisunda,.... simkuring sehat lahir bathin meh
> tetep betah nyiar kasundaan .....
> panyakit diri simkuring teh sering sok poho ngendalikeun kasombong
> diri, nyungkeun pituah meh kuring teu kabalinger.
>
> sunda diri sunda sajati,
> teu agul ku kakaya diri.
> menta hampura ka semesta
> meh nurani tetep dina cinta
>
> NUrani CINta semesTA
> www.nucintasunda.com
>
>  
>



-- 
Ema Sujalma

Kirim email ke