Bah Willy urang balikeun kana klasifikasi ceuk agama islam, nu tina seuneu mah jin. Jin nu bedegong, kafir, nyangkal nyaeta dilabelan syaitan, iblis. Tah nu bedegong ti jaman nabi adam dibere hak hirup nepi ka kiamat ngagoda jelema, mengparkeun tina akidah. Jin islam mah tangtosna jin anu islam, sarua jeung jelema nu nurut ngabdi (ibadah) ka Nu Maha Suci. Punten pami aya kalepatan, ieu mah urang pesek we sakumaha konsep islam. Masalah folklore mah pan kultur nu diwangun ku konsep islam sareng tangtosna konsep2 kahirupan memeh islam. Nyuhunkeun dihapunten pami lepat hartos, lepat intepretasi. baktos tirta ~ experientia docet sapientiam ~
----- Original Message ---- From: Waluya <[EMAIL PROTECTED]> To: Baraya Sunda <[EMAIL PROTECTED]>; [email protected] Sent: Thursday, August 28, 2008 7:22:32 Subject: [kisunda] Re: Jin salah sahiji "species" jurig kitu? --> Re: Puasa - Sunda Buhun > From: Tirta widjaja > Bah Willy lamun ngaca kana ajaran islam mah ngan aya manusa, malaikat > jeung jin (syaitan). Kang Tirta, kuring rada ragu JIN teh sami sareng SETAN atawa IBLIS. Sabab dina folklore sering didongengkeun yen kaum jin teh aya Jin Islam jeung Jin Kapir. Ieu hartina Jin mah beda jeung setan/ Iblis, nu salilana teu daek "iman" kanu nyiptakeunana jeung salawasna ngagoda jelema ..... Baktos, WALUYA Get your preferred Email name! Now you can @ymail.com and @rocketmail.com. http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/
