Ieu teh nyoko kana kajadian Dewa Niskala anu ngawin rara hulanjar,
hiji puteri anu kakaburan ti wetan tea kitu? Ceuk anu nuturkeun deui
mah nya kajadian eta pisan anu jadi cikal bakal lahirna Pajajaran,
sabab ti dinya sang Halimunan di puseur Sunda ngambek ka Dewa Niskala
di Galuh, yen geus ngarempag larangan adat karajaan tea. Padahal, Dewa
Niskala nyieun tindakan kitu oge tangtu kuat alesanana (aya alesan
sejen, lian ti tukang kawin). Ti dinya der aya peperangan antara Galuh
(Dewa Niskala) jeung Sundanepi (Susuk Tunggal/Sang Halimunan) sakitu
rongkahna nepi ka para raja-raja Sunda nu tos dina makom tatapa oge
tarurun deui keur ngakurkeun anu parasea. Hasilna? lahir Pajajaran
kalayan perjanjian2 anu nyarenganana.
Tema ieu sigana baris jadi bahan keur novel saterusna. Sabab, ceuk
sakaol, perjanjian antara sang Halimunan sareng Dewa Niskala teh nepi
ka ayeuna, nepi ka Sunda hudang deui. Mun enya kitu oge. Ma enya? Enya
mun dienyakeun, teu eunya mun teu dienyakeun. Wah, boa-boa judul
novelna teh "Ma Enya?" hehehe.
manAR
On Fri, Aug 29, 2008 at 9:53 AM, abahnuno <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Basa kokoreh di Gramedia, abah nimu buku carita piksi (inget kas Si
> Okke: ceuk saha urang sunda teu bisa nyebut "f", eta teh pitnah!)
> Niskala Gajahmada Musuhku. Panasaran dibeuli, guar-guareun memeh sare.
>
> Tamat maca jadi ngahuleng, ieu nu ngarang carita teh ngagampangkeun
> atawa kumaha? jajauheun jigana make riset sajarah jeung peta geograpis
> tatar sunda mah.
>
> Hiji deui nu matak heneg teh, Niskala teu kaur nempo awewe herang
> meueusan, kaieu bogoh kaditu hayang.
>
> Abah Nuno Tea
>
>
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/