Sampurasun, bade ngiringan manawi katampi 
 
Tarjamah ayat kahiji.
 
ضَبۡحً۬ا  
 
Numutkeun kamus hartosna nu disada (bersuara). 
Tarjamah seuseuena janten terengah-engah ( nu ngahegak) iwal ti Ibnu Katsir 
janten meringkik (basa sundana = ngahiem??).
 
Konstruksi 1:
Kuda-kuda nu lalumpat tararik nepi ka disada: (1) ngahegak; (2) ngahiem
 
Referensi: Ayat hiji saur ajengan ... (al. Aj. Faqih al Tasiki) ngagambarkeun 
kuda2 nu lalumpatan tararik nepi ka sorana ngageterkeun taneuh ngageumpeurkeun 
musuh).
 
Konstruksi 2.
Umumna narjamahkeun: Demi nu lalumpat.........  maksudna kuda lian ti Ibnu 
Abbas nu nyebutkeun onta, tapi diralat deui jadi kuda.
 
Iwal ti Ibnu Katsir nu jentre nyebutkeun kuda....jadi terjemahanana: Demi 
kuda-kuda.....
 
 
Konstruksi 3 (Usul tarjamah)
 
Demi kuda-kuda nu lalumpatan tararik nepi ka ngahégak bari ngahariem.
(punten kumaha tah basa sundana nu pas ngagambarkeun ieu)
 
Catetan:
(pasukan kuda nu tarik lumpatna).....kirang pas margi ieu ayat negeskeun Kuda 
sanes Pasukan Kuda (Kavaleri). Saluyu sareng tafsiran: kasatiaan kuda ka 
dununganana nepi ka lumpat tarik, ngahegak & ngahiem dina perang kudu jadi 
conto kasatiaan jelema beribadah ka Allah SWT.
 
Salam
tirta
 



----- Original Message ----
From: Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Monday, September 1, 2008 23:42:50
Subject: [kisunda] Kuda perang anu lumpatna gancang


Leres.
 
Sakalian ngabuburit, kumaha upami kang Iman, kang Oman sareng nu sanesna oge 
marios tarjamahan serat Al Adiyat di handap ieu:

Ayat ka
Tulisan Arab
Tarjamah basa Sunda
1. وَٱلۡعَـٰدِيَـٰتِ ضَبۡحً۬ا Demi nu lalumpat ngahégag (pasukan kuda nu tarik 
lumpatna).
 
2. فَٱلۡمُورِيَـٰتِ قَدۡحً۬ا Anu ting burinyay seuneu (tina talapokna).
 
3. فَٱلۡمُغِيرَٲتِ صُبۡحً۬ا Anu terus narajang (musuh) dina wanci subuh
 
4. فَأَثَرۡنَ بِهِۦ نَقۡعً۬ا Anu harita ngamahabukeun lebu.
 
5. فَوَسَطۡنَ بِهِۦ جَمۡعًا Anu harita terus narajang ka tengah-tengah kumpulan 
(musuh).
 
6. إِنَّ ٱلۡإِنسَـٰنَ لِرَبِّهِۦ لَكَنُودٌ۬ Saéstuna manusa téh éstuning 
bedegong ka Pangéranna.
 
7. وَإِنَّهُ ۥ عَلَىٰ ذَٲلِكَ لَشَہِيدٌ۬ Jeung saéstuna manéhna nyakséni kana 
kalakuan kitu téh.
 
8. وَإِنَّهُ ۥ لِحُبِّ ٱلۡخَيۡرِ لَشَدِيدٌ Jeung saéstuna manéhna téh kacida 
kadedemesna kana harta.
 
9. أَفَلَا يَعۡلَمُ إِذَا بُعۡثِرَ مَا فِى ٱلۡقُبُورِ Naha manéhna teu nyaho 
kumaha engké dina waktu saniskara nu aya dina jero kubur dibudalkeun,
 
10. وَحُصِّلَ مَا فِى ٱلصُّدُورِ Jeung lamun geus diébréhkeun saniskara nu aya 
dina jero dada?
 
11. إِنَّ رَبَّہُم بِہِمۡ يَوۡمَٮِٕذٍ۬ لَّخَبِيرُۢ Saéstuna Pangéran maranéhna 
kana kaayaan maranéhna dina poé éta téh bener-bener Maha Uninga
 
Salam,
Asep


--- On Tue, 9/2/08, Kang Iman <firman.raharja@ urang-sunda. or.id> wrote:

From: Kang Iman <firman.raharja@ urang-sunda. or.id>
Subject: Re: [kisunda] Peuting
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Date: Tuesday, September 2, 2008, 2:26 AM


Ngiringan .....

Asana 

"Kebenaran = Bebeneran"

janten asa langkung pas ceuk abdi mah .........


Recent Activity
        *  2
New Members
        *  5
New PhotosVisit Your Group 
New web site?
Drive traffic now.
Get your business
on Yahoo! search.
Best of Y! Groups
Check it out
and nominate your
group to be featured.
Yahoo! Groups
Cat Zone
Connect w/ others
who love cats.
. 
 
 


      New Email names for you! 
Get the Email name you&#39;ve always wanted on the new @ymail and @rocketmail. 
Hurry before someone else does!
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/

Kirim email ke