Atuh saperti biasa make jurus andalan tea urang der, prung... carana mah bebas. 
Tiasa dibagi heula nepi tiap jalma sabaraha ayat, atanapi sorogan diatret ti 
ayat hiji saterusna babarengan. Sumberna pami aya nya tiasa dikawitan heula 
sapertos nu diborolokeun Kang Asep. Pami teu aya sumber nya langsung we 
sewang2an.

Mangga bae urang dikawitan sasarengan.

salam
tirta
 ~ experientia docet sapientiam ~ 



----- Original Message ----
From: mh <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Tuesday, September 2, 2008 17:47:32
Subject: Re: [kisunda] TQBS - Yasin


Tah jigana upama salila bulan romadhon ieu meunang tarjamahan sasurat
oge, surat Yasin, ginding tah. Jurusna mah, burudulkeun we heula
sagala referensi nu aya, ti saha wae. Terus coba Sunda-keun
babarengan. Hasilna tarjamah Surat Yasin basa Sunda. Keur validasi,
menta tulung ka Kang Oman, sina dipariksa aspek basa Sundana ka
ahlina, Abah Surya misalna. Perkara validasi eusina, Kang Oman sina
neangan ahli tafsir nu ngoreksina. Engke eta hasilna bisa diracik jadi
tarjamahan make dua atawa tilu basa: Arab-Sunda-Indonesi a-Inggris,
Arab-Sunda-Indonesi a, atawa Arab-Sunda. Saterusna pasrahkeun ka Kang
Tirta, sina neangan tarekah keur nerbitkeun jeung nyitakna. Mun
meunang donatur, hade hasilna dikirimkeun ka Masjid-Masjid.

salam,
mh

2008/9/3 Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED] com>:
> Mangga atuh upami kitu mah, bade dikeureuyeh sasarengan sareng juz 30.
>
> Salam,
> Asep
>
> --- On Tue, 9/2/08, Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:
>
> From: Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED] com>
> Subject: Yasinan Re: [kisunda] Peuting
> To: [EMAIL PROTECTED] .com
> Date: Tuesday, September 2, 2008, 12:15 PM
>
> Kang Asep nu urgent numutkeun sim kuring mah tarjamah surah Yasin, kumargi:
> 1. Nu beredar ayeuna mah tarjamah basa Indonesia, janten dina acara Yasinan
> di tatar sunda ayeuna mah seuseueruna teu ngangge tarjamah basa sunda;
> 2. Milari percetakan tarjamah basa sunda surah Yasin kacida hesena keur
> kapentingan pangemut-ngemut 40/100 dinten maotna hiji jalmi.
>
> Sim kuring mah gaduh kahoyong teh ngabiasakeun deui ngangge tarjamah sunda
> Surah Yasin. Ieu strategis pisan ngabiasakeun make basa sunda secara massal.
>
> Salam
> tirta
>
 


      Get your new Email address!
Grab the Email name you&#39;ve always wanted before someone else does!
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/

Kirim email ke