lah eta kumaha geuning jadi pesimissio, desperate...
 
----- Original Message ----
From: Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED]>
To: urangsunda <[EMAIL PROTECTED]>; baraya_sunda <[EMAIL PROTECTED]>; kisunda 
<[email protected]>
Sent: Tuesday, September 2, 2008 2:49:48
Subject: [kisunda] (Serat :34)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Anging Gusti Nu 
Ngagaduhan Bener.


Anging Gusti Nu Ngagaduhan Bener

        * Can tangtu kuring nepi,
can tangtu anjeun nepi,
can tangtu maranehna nepi,
can tangtu da sagalana kumaha Gusti.
 
Can tangtu kuring sagala bener,
can tangtu anjeun sagala bener,
can tangtu maranehna sagala bener,
can tangtu sabab anging Gusti nu ngagaduhan bener.
 
Can tangtu dayeuh bakal kapanggih,
can tangtu geus cukup boga pamanggih,
mun teu ngamimitian dayeuh moal kapanggih,
komo mun angger teu narima kuring boga pamanggih.
 
Can tangtu si angon tinekanan,
balik kanu jadi wiwitan,
padahal geus lila ditungguan,
mulangkeun sakabeh panyesaan.
 
Can tangtu nepi kana tujuan,
lamun teu daek ngamimitian,
kalah ka hog hag neangan kokocoran,
padahal ku kuring geus pang mukakeun jalan.
 
Can tangtu jalma sarua niatan,
nu matak si angon susulumputan,
kalah pahibut hayang terang-terangan,
kawas nu geus nyaho naon nu bakal karandapan.
 
Can tangtu si angon can ngamimitian,
mulungan nu bakal jadi rebutan,
kalakay nu sok ngadatangkeun sipat setan,
tutunggul nu bakal ngabijilkeun kasarakahan.
 
Can tangtu kuring opatan mawa kagorengan,
kuring opatan nyumput dinu caang pasti aya alesan,
ngarah pinanggih jeung nu jadi pamaksudan,
bari teu mawa kaributan.
 
Can tangtu kuring opatan meunang bagean,
kajeun sawareh geus aya dina implengan,
istuning ieu hak aranjeun urang Pajajaran,
raja anjeun nitipkeun ieu warisan.
Can tangtu… 
 


      New Email addresses available on Yahoo!
Get the Email name you&#39;ve always wanted on the new @ymail and @rocketmail. 
Hurry before someone else does!
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/

Kirim email ke