Ieu kasanggakeun draft munggaran kanggo surat Al Fajr. Mugia diparios kawit ti 
judul naha kedah Al Fajar atanapi Al Fajri oge sareng tarjamah eusina turta 
hal-hal sanes nu patali.
 
Salam,
Asep
 
 
Al Fajar

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda 
(http://su.wikipedia.org/wiki/Al_Fajar_(surat))
Surat Al Fajar (basa Arab:الفجر, "Fajar") nyaéta surat ka-89 dina Al Qur'an. 
Surat ieu kagolongkeun surat Makkiyah anu diwangun ku 30 ayat. Dingaranan Al 
fajar anu hartina Balébat dicokot tina kecap al fajr anu aya dina ayat kahiji 
surat ieu.

Poko-poko Eusi

Alloh sumpah yén azab ka jalma-jalma kafir moal bisa disinglar. 
Sawatara conto ti umat-umat anu geus dibinasakeun. 
Kanikmatan hirup atawa musibah anu kaalaman ku hiji jalma lain tanda 
panghormatan atawa panghina Alloh pikeun manéhna, tapi cobaan wungkul 
Celaan ka jalma-jalma anu henteu daék miara anak yatim sarta henteu méré dahar 
jelema miskin 
Ancaman ka jelema anu ngadahar harta warisan kalawan campur aduk jeung jelema 
anu kacida mikacinta harta 
Kacilakaan anu disanghareupan jalma-jalma kafir dina poé kiamat 
Jalma-jalma anu boga jiwa ngahenang-ngahening (muthmainnah) meunang kemuliaan 
di sisi Alloh. 

Eusi jeung Tarjamah



Ayat ka
Tulisan Arab
Tarjamah basa Sunda

1.

وَٱلۡفَجۡرِ
Demi balébat.


2.

وَلَيَالٍ عَشۡرٍ۬
Jeung peuting anu sapuluh.


3.

وَٱلشَّفۡعِ وَٱلۡوَتۡرِ
Jeung nu jangkep sarta nu ganjil.


4.

وَٱلَّيۡلِ إِذَا يَسۡرِ
Jeung peuting upama liwat janari.


5.

هَلۡ فِى ذَٲلِكَ قَسَمٌ۬ لِّذِى حِجۡرٍ
Naha hal éta téh teu jadi perhatian pikeun jalma anu boga akal.


6.

أَلَمۡ تَرَ كَيۡفَ فَعَلَ رَبُّكَ بِعَادٍ
Naha manéh teu niténan kumaha Pangéran manéh nindak ka kaum 'Ad?


7.

إِرَمَ ذَاتِ ٱلۡعِمَادِ
(nyaéta) padumuk Iram anu mibanda bangunan nu ngajalalegir.


8.

ٱلَّتِى لَمۡ يُخۡلَقۡ مِثۡلُهَا فِى ٱلۡبِلَـٰدِ
Anu can kungsi aya tandinganana di nagri-nagri séjén.


9.

وَثَمُودَ ٱلَّذِينَ جَابُواْ ٱلصَّخۡرَ بِٱلۡوَادِ
Jeung kaum Tsamud anu ngabeulah-beulahkeun batu gunung nu galedé di léngkob.


10.

وَفِرۡعَوۡنَ ذِى ٱلۡأَوۡتَادِ
Jeung kaum Firaun nu mibanda tugu-tugu nu tohaga.


11.

ٱلَّذِينَ طَغَوۡاْ فِى ٱلۡبِلَـٰدِ
anu kumawasa sawenang-wenang di jero nagri.


12.

فَأَكۡثَرُواْ فِيہَا ٱلۡفَسَادَ
Tuluy maranéhanana loba nimbulkeun karuksakan di nagri éta.


13.

فَصَبَّ عَلَيۡهِمۡ رَبُّكَ سَوۡطَ عَذَابٍ
Ku kituna Pangéran manéh nibankeun siksaan anu pohara nyerina ka maranéhna.


14.

إِنَّ رَبَّكَ لَبِٱلۡمِرۡصَادِ
Saéstuna Pangéran manéh tetep nalingakeun;


15.

فَأَمَّا ٱلۡإِنسَـٰنُ إِذَا مَا ٱبۡتَلَٮٰهُ رَبُّهُ ۥ فَأَكۡرَمَهُ ۥ 
وَنَعَّمَهُ ۥ فَيَقُولُ رَبِّىٓ أَكۡرَمَنِ
Mungguhing manusa, upama dibéré cocoba ku Pangéranna ku kamulyaan jeung 
kanimatan, manéhna nyarita: “Pangéran abdi geus maparin kamulyaan ka abdi.”


16.

وَأَمَّآ إِذَا مَا ٱبۡتَلَٮٰهُ فَقَدَرَ عَلَيۡهِ رِزۡقَهُ ۥ فَيَقُولُ رَبِّىٓ 
أَهَـٰنَنِ
Jeung upama anjeunna maparin cocoba ka manéhna ku jalan ngurangan rejekina, 
pokna téh: “Pangéran kaula geus ngahinakeun kaula”.


17.

كَلَّا‌ۖ بَل لَّا تُكۡرِمُونَ ٱلۡيَتِيمَ
Lain kitu! Malah maranéh anu teu daraék ngamulyakeun budak yatim.


18.

وَلَا تَحَـٰٓضُّونَ عَلَىٰ طَعَامِ ٱلۡمِسۡكِينِ
Jeung maranéh nu teu daraék nguar ngajak méré dahar ka nu miskin.


19.

وَتَأۡڪُلُونَ ٱلتُّرَاثَ أَڪۡلاً۬ لَّمًّ۬ا
Jeung maranéh ngadalahar harta-banda warisan batur kalawan cara campur aduk (nu 
halal jeung nu haram).


20.

وَتُحِبُّونَ ٱلۡمَالَ حُبًّ۬ا جَمًّ۬ا
Jeung kadedemes kana harta kabina-bina.


21.

كَلَّآ إِذَا دُكَّتِ ٱلۡأَرۡضُ دَكًّ۬ا دَكًّ۬ا
Ulah kitu! Lamun bumi digénjlongkeun tuluy-tuluyan.


22.

وَجَآءَ رَبُّكَ وَٱلۡمَلَكُ صَفًّ۬ا صَفًّ۬ا
Jeung datang (timbalan) Pangéran manéh, sarta malaikat baris ngajéjér.


23.

وَجِاْىٓءَ يَوۡمَٮِٕذِۭ بِجَهَنَّمَ‌ۚ يَوۡمَٮِٕذٍ۬ يَتَذَڪَّرُ ٱلۡإِنسَـٰنُ 
وَأَنَّىٰ لَهُ ٱلذِّكۡرَىٰ
Tur dijagragkeun dina poé éta naraka Jahanam, nya dina poé éta kakara manusa 
aréling, padahal keur manéhna geus taya deui gunana kaéling téh.


24.

يَقُولُ يَـٰلَيۡتَنِى قَدَّمۡتُ لِحَيَاتِى
Pok manéhna nyarita: “Tada teuing hadéna, upama kaula tatahar keur kahirupan 
kaula (di dieu).


25.

فَيَوۡمَٮِٕذٍ۬ لَّا يُعَذِّبُ عَذَابَهُ ۥۤ أَحَدٌ۬
Nya dina poé éta moal aya saurang ogé anu bisa nyiksa cara siksaan Anjeunna.


26.

وَلَا يُوثِقُ وَثَاقَهُ ۥۤ أَحَدٌ۬
Sarta moal aya anu ngaborogod saurang ogé cara pangborogod Anjeunna.


27.

يَـٰٓأَيَّتُہَا ٱلنَّفۡسُ ٱلۡمُطۡمَٮِٕنَّةُ
Yeuh jiwa nu ngahenang-ngahening (mutmainah).


28.

ٱرۡجِعِىٓ إِلَىٰ رَبِّكِ رَاضِيَةً۬ مَّرۡضِيَّةً۬
Baeu geura mulang manéh ka Pangéran manéh kalayan rido jeung dipirido.


29.

فَٱدۡخُلِى فِى عِبَـٰدِى
Geura asup ka golongan nu kumawula ka Kami.


30.

وَٱدۡخُلِى جَنَّتِى
Jeung baeu, geura asup ka sawarga Kami.


Tumbu ka luar



Wikisource mibanda média séjénna nu patali jeung artikel ieu dina kaca 
Al-qur'an/Al-Fajr



Surat sateuacanna:
Al Gasyiyah
Surat 89
Surat saparantosna:
Al Balad

Al Qur'an


1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 16 17 18 19 20 21 22 23 24 25 26 27 28 29 
30 31 32 33 34 35 36 37 38 39 40 41 42 43 44 45 46 47 48 49 50 51 52 53 54 55 
56 57 58 59 60 61 62 63 64 65 66 67 68 69 70 71 72 73 74 75 76 77 78 79 80 81 
82 83 84 85 86 87 88 89 90 91 92 93 94 95 96 97 98 99 100 101 102 103 104 105 
106 107 108 109 110 111 112 113 114

Kotak ieu: tempo • sawala • édit
 

Kategori: Surat dina Al Qur'an
 
 


 



      

Kirim email ke