alhamd!
nhn, kg asep...(sanes suraschev?)...
uin nampi jawaban oge..tah.
janten, mangrupi ayat ti gusti...
nu diantos ku kanjeng nabi?...
mangrupi pangreugreug,mun cek urg mah...kitu?
janten mangrupi carita dina ka-ayaan perang...kituuu?
kacipta waluratna ka-ayaan harita...
dugi teu aya 'courier2' acan yah?
timana weee ari pituduh mah,
komo ieu langsung ti sumber sagalana..
nuhun ah...
....oca tea...



--- On Thu, 9/4/08, Aseptea <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: Aseptea <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: [kisunda] Peuting - asbabun nuzul surat Al Adiyat kanggo kang Ocha
To: [email protected]
Date: Thursday, September 4, 2008, 3:02 AM







Kahatur kang Ocha,
 
Bade masihan info sakedik. Wikipédia Sunda téh énsiklopédia di Internét nu 
nganggo basa Sunda. Wikipédia Sunda makalangan sareng wikipédia basa sanésna 
(aya kinten 200-an basa) di dunya. Urang Sunda tiasa kénging rohangan di 
wikipédia ku jasana nonoman nu jenenganana kang Kumincir Wikidisastra (ayeuna 
janten birokrat, satingkat langkung luhur ti kuncén Wikipédia Sunda) sahingga 
urang Sunda tiasa ngeusian artikel-atikel dina éta rohangan.
 
Perkawis asbabaun nuzul (marga lantaran turunna) surah Al Adiyat, badé 
kumawantun nyanggakeun info tina buku Sebab Turunnya Ayat Al-Qur’an karya 
Jalaluddin As-Suyuthi sapertos kieu:
 
Al Bazzar, Ibnu Hatim, sareng al Hakim ngariwayatkeun ti Ibnu Abbas anu 
nyarios, "Hiji mangsa, Rosululloh ngirimkeun hiji pasukan. Namung, diantos dugi 
ka sasasih anjeunna henteu kénging wartos ngeunaan kaayaan pasukan kasebat. 
Salajengna Alloh ngawartosan (nurunkeun surah) ka kanjeng Nabi ngalangkungan 
surah Al Adiyat ieu.
 
Salam,
Asep téa
 





----- Original Message ----
From: Roza Rahmadjasa Mintaredja <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Wednesday, September 3, 2008 6:44:35 PM
Subject: Re: [kisunda] Peuting







nuhun, kaseeep..kahartos ari kitumah...
ma'lum uin mah gaptek tea, heheeee...
uin naros kamari, can aya nu ngawaler tah..
perkawis asbabun nuzulna turun surah kuda perang tea...
kumargi cukup menarik bahasanna
manawi uninga...
cag! rampes
.....oca tea...

--- On Tue, 9/2/08, Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:

From: Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED] com>
Subject: Re: [kisunda] Peuting
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Date: Tuesday, September 2, 2008, 5:28 PM







Haturan kang Ocha,
 
Maksad teh rengking dina wikipedia.
 
Salam,
Asep




--- On Tue, 9/2/08, Roza Rahmadjasa Mintaredja <roza.kalasunda@ yahoo.com> 
wrote:

From: Roza Rahmadjasa Mintaredja <roza.kalasunda@ yahoo.com>
Subject: Re: [kisunda] Peuting
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Date: Tuesday, September 2, 2008, 11:57 AM








aeh kaseeep...?
rengking nnanahaon anu ngagejlig salengkah teh?
sonona...
.....oca tea...

--- On Tue, 9/2/08, Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:

From: Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED] com>
Subject: Re: [kisunda] Peuting
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Date: Tuesday, September 2, 2008, 1:32 AM







Insya Alloh kang.
 
Abdi mah ngadepong soteh pan janten sukarela tea. Sok atuh diantos janten 
sukarela permanen! Rengking urang jigana sakedap deui ngagejlig turun salengkah.
 
Salam,
Asep




--- On Mon, 9/1/08, Ema Sujalma <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:

From: Ema Sujalma <[EMAIL PROTECTED] com>
Subject: Re: [kisunda] Peuting
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Date: Monday, September 1, 2008, 11:29 PM





Kang Aschev saum ?
he he he,
hatur nuhun.... gado kuring mah tara ngagayot,
gado kuring mah cameuh, eta ge ceuk batur...
ngadepong deui ah,
nurutan kang Aschev 

baktos, 


2008/9/2 Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED] com>











Kanggo nu nuju saum, tamba ngagayot gado, ieu aya tarjamah surah Al Lail 
(Peuting) nyumber kana www.quranexplorer. com sareng Al-Amin Al-Quran Tarjamah 
Sunda:
 




Ayat ka
Tulisan Arab
Tarjamah basa Sunda

1.

وَٱلَّيۡلِ إِذَا يَغۡشَىٰ
Perhatikeun peuting nalika reup poék


2.

وَٱلنَّہَارِ إِذَا تَجَلَّىٰ
Jeung beurang nalika caang.


3.

وَمَا خَلَقَ ٱلذَّكَرَ وَٱلۡأُنثَىٰٓ
Jeung diciptakeunana lalaki jeung awéwé..


4.

إِنَّ سَعۡيَكُمۡ لَشَتَّىٰ
Saéstuna jalan (usaha) maranéh téh rupa-rupa.


5.

فَأَمَّا مَنۡ أَعۡطَىٰ وَٱتَّقَىٰ
Sing saha anu béréhan jeung takwa.


6.

وَصَدَّقَ بِٱلۡحُسۡنَىٰ
Jeung anu ngaenyakeun kana ayana pahala panghadéna (sawarga),


7.

فَسَنُيَسِّرُهُ ۥ لِلۡيُسۡرَىٰ
Nya ku Kami baris digampangkeun kana (jalan) anu gampang.


8.

وَأَمَّا مَنۢ بَخِلَ وَٱسۡتَغۡنَىٰ
Tapi sing saha anu korét turta ngarasa aya dina kacukupan,


9.

وَكَذَّبَ بِٱلۡحُسۡنَىٰ
Jeung ingkar kana ayana pahala pangdéna (sawarga),


10.

فَسَنُيَسِّرُهُ ۥ لِلۡعُسۡرَىٰ
Nya ku Kami baris digampangkeun kana jalan hésé-béléké.


11.

وَمَا يُغۡنِى عَنۡهُ مَالُهُ ۥۤ إِذَا تَرَدَّىٰٓ
Jeung harta-bandana moal bisa nulungan upama manéhna binasa.


12.

إِنَّ عَلَيۡنَا لَلۡهُدَىٰ
Saenyana kawajiban Kami méré pituduh.


13.

وَإِنَّ لَنَا لَلۡأَخِرَةَ وَٱلۡأُولَىٰ
Jeung saenyana boga Kami ahérat jeung dunya.


14.

فَأَنذَرۡتُكُمۡ نَارً۬ا تَلَظَّىٰ
Ku kituna, Kami ngawawadian maranéh ku seuneu nu ngéntab-ngéntab.


15.

لَا يَصۡلَٮٰهَآ إِلَّا ٱلۡأَشۡقَى
Moal dipanggang didinya kajaba jalma nu pangcilakana.


16.

ٱلَّذِى كَذَّبَ وَتَوَلَّىٰ
Anu ingkar (tina kabeneran) turta ngabalieur (tina iman).


17.

وَسَيُجَنَّبُہَا ٱلۡأَتۡقَى
Jeung bakal dijauhkeun éta naraka téh ti jalma anu pangtakwana.


18.

ٱلَّذِى يُؤۡتِى مَالَهُ ۥ يَتَزَكَّىٰ
Anu ngadarmakeun harta-bandana lantaran hayang nyucikeunana.


19.

وَمَا لِأَحَدٍ عِندَهُ ۥ مِن نِّعۡمَةٍ۬ تُجۡزَىٰٓ
Padahal euwueh saurang ogé anu méré nikmat ka manéhna nu kudu dibales budina.


20.

إِلَّا ٱبۡتِغَآءَ وَجۡهِ رَبِّهِ ٱلۡأَعۡلَىٰ
Tapi karana miharep karido Pangéranna Nu Maha Luhung.


21.

وَلَسَوۡفَ يَرۡضَىٰ
Mangke éngké manéhna éstu bakal pinanggih jeung kapuasan.

 
Wilujeng saum dinten kadua.
 
Asep





-- 
Ema Sujalma







      




      

Kirim email ke