dipiwarang babarengan, hayu atuh abdi ngiringan. mung dimana kedah ngadaptar lamaran janten pasukan nong gerak nu hebat pisan, sugan kuring tiasa mairan, oge lalampahan,
ngan hanyakal nong gerak ngan aya dina hayalan, teu bisa dicagap emailna jeung alamatan jadi pusing kuring kudu ka utara atawa ka selatan tiasa janten malah abdi nu marakayangan capeee deh,.... ieu kaayaan,..... ieu lain sisindiran lain pupujaan. ngan pagawean budak baong nu euweuh gawean, da bongan hayang kapuji bari euweuh kabisaan ngan bisa heureuy jeung babasaan. hapunten kanggo nong gerak, nun juragan abdi satuju sareng serat "hayu urang babarengan" eta leres nu di guaran,... abdi janten fans berat pisan,...... hade pisan abdi pupuisian,... ngan hanjakal agul sombong pisan hurip sunda!!! =budak baong= --- On Thu, 9/4/08, Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED]> Subject: [kisunda] (Serat: 40)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Hayu Urang Babarengan ! To: "urangsunda" <[EMAIL PROTECTED]>, "baraya_sunda" <[EMAIL PROTECTED]>, "kisunda" <[email protected]> Date: Thursday, September 4, 2008, 6:05 PM Hayu Urang Babarengan Teu kudu ngaharamkeun manusa jeung jin bisa babarengan, geus dicontokeun jaman Nabi Sulaeman, lain dongeng atawa tahayul ieu kanyataan, nu penting hate ulah mengkol tina aturan. Kersaning Gusti Allah nu ngawasa alam, kuring nonggerak dibere kakuatan, bisa ngigelan opat unsur alam, kuring sumpah rek dipake jang bebeneran. Kakuatan nu datangna ti Pangeran, dibantuan sakabeh rahayat Nagara Sancang, nu hirup leuwih pangalaman, ngarah urang Sunda jadi pingpinan. Inget pangalaman peurih nu datangna ti wetan, inget kamusyrikan nu datangna ti pakidulan, inget ieu bangsa teu eureun meunang cobaan, kusabab loba pisan nu nyembah jeung menta ka bangsa siluman. Didasaran ku kaikhlasan, hayu urang babarengan, ngeureunkeun jeung ngabersihkeun kamusyrikan, ngarah urang sarerea bisa salamet tina ieu cobaan nu keur karandapan. Kuring nonggerak,tepu, kule,tuba, ijaji,barata, jaya jeung baya geus ngamimitian, di bulan nu suci ieu dibarengan ku kaikhlasan nu jadi niatan.
