cing punten Ki NONG, nu disebat "KAMUSYRIKAN" di TANEUH SUNDA teh nu kumaha tea? Oge nu disebat SUNDA BERESIH teh nu kumaha tea?Ulah ngan saukur PAPATAH atawa WUWURUK bae, tapi jentrekeun nu kumaha ta katut contona, nyatana oge ngupayakeunana! Apan nu disebut GURU, KOLOT atawa SEPUH oge upama mapatahan oge ngawuruk teh lain kulantaran pageuh ku pangalaman hungkul tapi oge ngalakonan jeung nyontokeun ku paripolah sapopoe jeung katempo dina kanyataan paripolahna. Jadi nu dipapatahan, nu diajar oge nu diwuruk teh bisa nempo ku mata jeung kaharti ku pikir langsung
AMBU ----- Original Message ---- From: Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED]> To: urangsunda <[EMAIL PROTECTED]>; baraya_sunda <[EMAIL PROTECTED]>; kisunda <[email protected]> Sent: Thursday, September 4, 2008 5:49:10 PM Subject: [kisunda] (Serat: 35)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Taneuh Sunda Geura Beresih. Taneuh Sunda Geura Beresih * Usir siluman-siluman nu ngabibita kana kadunyaan, salametkeun manusa tina sarupaning kamusyrikan, teu kudu sieun salila urang nincak daratan, teu kudu gimir salila urang muntang ka Pangeran. Jauhkeun manusa tina menta ka kuburan, atawa guha-guha di leuweung geledegan, taneuh Sunda milik jalma nu ngan percaya ka Pangeran, taneuh Sunda geura beresih tina sarupaning kamusyrikan. Mimiti poe ieu kuring wakil ti Tatar Pasundan, ngajak tarung ka nu mawa kamusyrikan, toh pati toh nyawa jang nanjeurkeun kaimanan, kuring milu doraka mun ngantep jalma kabawa kana kamusyrikan.
