Mun ENYA anjeun nu ngaku Nong GERAK surti nastiti jeung titi tur tarapti ndeuk nyiapkeun bumi suci Sunda ka alam padang, sok bejakeun kumaha nu sajatina nu disebut kapihapean BEBENERAN ku PAJAJARAN teh? Lain KAMI teu percaya atawa mangmang tapi KAMI menta bukti anu mukti ti anjeun lamun enya jalma ayeuna rea laku anu MUSYRIK
AMBU ----- Original Message ---- From: Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED]> To: urangsunda <[EMAIL PROTECTED]>; baraya_sunda <[EMAIL PROTECTED]>; kisunda <[email protected]> Sent: Thursday, September 4, 2008 5:54:44 PM Subject: [kisunda] (Serat: 37)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Lain Kuring Adigung Adiguna. Lain Kuring Adigung Adiguna * Ka sakabeh lelembut,jin jeung siluman, nu nyiliwuri di ieu daratan, atawa nu ngahaja datang ti laut pakidulan, nu ngolo jeung maksa manusa poho kana laratan. Kuring nonggerak rahayat Pajajaran, mun papanggih bakal ngusir aranjeun ti ieu daratan, bakal ngabersihan tempat-tempat nu ku aranjeun dipake sesembahan, ngarah teu loba teuing manusa nu ku aranjeun dibawa kana kamusyrikan. Nepi ka getih kuring kasaatan, nepi ka nyawa leupas tina pangawakan, nepi ka ambekan euweuh sesaan, kuring bakal merangan aranjeun di ieu daratan. Lain kuring adigung adiguna, kuring ngan ukur ngalakonan parentah agama, sugan kuring bisa ngurangan dosa.
