Ari nu disebut NYARING nu kumaha, ari nu kasebut alam JIN jeung MANUSA kapan ti baheula ti mimiti dicipta oge apan misah anu kasebut DIMENSI tea tiap mahluk tiap dimensi tapi NYATA aya jeung tetep tiap mahluk oge percaya ku ayana; nu hiji bisa nempo nu hiji hanteu bisa tapi bisa diupayakeun silih tempo aya carana aya elmuna atawa langsung MUKJIZAT upamana Nadi Sulaeman a.s. tong boro DIMENSI anjeuna mah ka sato deung ka tatangkalan oge bisa ngomong.... aduh biung.... UING hayang bisa akur jeung kabeh mahluk jagat ku hirup deung kumelendang di JAGAT nu dicipta YANG MANON... da maranehna dicipta di alam jagat teh aya maksudna nyaeta keur KASAIMBANGAN KAHIRUPAN deung KAHRUPAN, nu matak kudu diwawuhan jeung dipiwanoh teh lain hartina dipuja atawa dipunjung...eta nu disebut MUSYRIK teh, Ki NONG?
WAwuh jeung WAnoh ka mahluk nu dina DIMENSI lain teh lain MUSYRIK tapi BUKTI yen URANG - MANUSA bener2 ngahargaan YANG MANON NU NYIPTA SAKABEH MAHLUK tea... Ngawanohan boh Ngwawuhan teh apan aya carana, deung lain ngan ku cara hiji bae tapi rea sajalan ku kayakinanana. Oge kayakinan teh lain ngan saukur hiji bae tapi oge rupa2, pon kitu nu kasebut kayakinan BENER teh anging YANG MANON nu uninga....numatak geuning boh mahluk boh dimensi ge diciptakeun teh hanteu ngan hiji bae tapi oge rea.... Jadi tiap KAYAKINAN teh oge ngarasa BENER dina jalanna ku carana dadasar kana mupakat umatna....jadi teu BISA ngarasa PANGBENERna... Dina enyana JALAN atawa CARA ki NONG BENER...ngajak BENER nya teu salah saba eta cara KI NONG....tapi mun enya NGAJAK uah ukur mapatahan tapi BUKTIkeun! pan di dunya mah dina enyana alam batin tetep bae aya di alam nyata... AMBU ----- Original Message ---- From: Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED]> To: urangsunda <[EMAIL PROTECTED]>; baraya_sunda <[EMAIL PROTECTED]>; kisunda <[email protected]> Sent: Thursday, September 4, 2008 5:58:49 PM Subject: [kisunda] (Serat: 38)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Geura,Geura Nyaring ! Geura Nyaring Geura Nyaring * Kanu masih percaya minyak bakal ngadatangkeun harta, kanu masih percaya barang pusaka ngadatangkeun kasalametan dunya, kanu masih percaya aya siluman bisa dipenta ngadatangkeun pakaya, geura eling ka Nu Kawasa. Jin jeung manusa geus dipisahkeun alamna, euweuh nu bisa nangtukeun nasib makhluk kahareupna, jin oge sarua teu apal nasib manehna engkena, geura nyaring aranjeun ngan ukur diperdaya. Kuring nonggerak bakal tarung sabisa-bisa, ngalawan siluman-siluman nu ngaku loba kawasa, mugi Allah masihan abdi tanaga, abdi peurih nempo loba manusa ngagadekeun imana ka maranehna.
