ceuk uing mah "bermasalah". kahijina, kulantaran "komunikasi-sa-arah",
ieu posisi paling aman keur "hit-and-run" tea, ceuk KT tea mah: mun
meunang balad, surak, mun pada nalenggoran tinggal ngacir. kaduana,
pabeulit nyampur-adukeun tarekah nyukcruk sajarah antara make "metode
jun jeung jin". tambah jauh we atuh, upama kieu mah. batur mah
nyukcruk sajarah teh luut-leet kesang, nyimpatkeun pakarang, jeung
sajabana, ari ieu rek konsultasi jeung jin. upama metode jin bisa
dipake mah, atuh teu kudu nungguan nepi ka ratusan tahun sagala, ti
baheula we atuh minangsaraya ka jin. uing pribadi ngusulkeun perlu
dipertimbangkan ku balarea, naha perlu di-stop atawa terus antepkeun.

salam,
mh

On Sun, Sep 7, 2008 at 7:02 AM, Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Jadi serial Ki Nong numutkeun para kuncen teu masalah?
>
>
>
> salam
>
> tirta
>
>
> ~ experientia docet sapientiam ~
>
> ----- Original Message ----
> From: mh <[EMAIL PROTECTED]>
> To: [email protected]
> Sent: Saturday, September 6, 2008 9:37:55
> Subject: Re: [kisunda] Re: [Urang Sunda] (Serat: 41)(SILIWANGI & KI
> SANTANG)_Kanggo Nu Hoyong Buktos
>
> nu paling parah ngimpi aya harta karun di situs batu tulis, nepi ka
> digalina neangan harta karun pajajaran. rek nagarrimpi deui, tobat
> kakang prabu.
>
> tinimbang ngararimpi, mending ge guguru ka ma eroh. aya pesen tersirat
> ma eroh, cenah: mun hayang ngising kudu daek ngesang. kulantaran
> hayang nyebor sawah, nya kudu ngagali susukan. boa-boa, tah eta ma
> eroh teh titisan ni dawit nu nyerat naskah sikskandang karesian.
>
> teh metoda ma eroh nu kudu diturutan mah, upama rek nyukcruk sajarah
> pajajaran teh.
>
> salam,
> mh
>
> On Sun, Sep 7, 2008 at 12:14 AM, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED] com>
> wrote:
>> Inget baheula, jaman HMS, teu saeutik pajabat nu ngandelkeun informasi
>> keur kaputusan penting di wilayah pamarentahanana dumasar ngimpi.
>> Contona, di hiji kabupaten, bupatina ngarobah ngaran hiji jalan
>> protokol di kota eta kabupaten ku jenengan isteri HMS. Saurna, eta
>> nami anyar keur jalan teh, nami HMS tea, kenging ilapat tina ngimpi.
>> Aya nu miwarang ngagunakeun nami HMS keur nami eta jalan, saurna. Aya
>> oge kasus-kasus ngimpi pajabat sanesna, anu mataholangna sami: kenging
>> ilapat sabudureun nami HMS, nami isteri HMS, jst keur memeres nagara,
>> jst.
>>
>> Kapalihdieunakeun, metode ngimpi teh rada melempem, nepi ka runtagna
>> kakawasaan HMS anu geus 30 taunan umurna.Laju, di jaman reformasi nepi
>> ka ayeuna, hasil-hasil tina ngimpi teh loba anu dirarobah deui.
>> Contona, aran jalan anu aya di kabupaten kasebut di luhur geus diganti
>> deui ku ngaran hiji pahlawan anu asalna ti eta kabupaten, nepi ka
>> ayeuna. Sigana, metode informasi tina ngimpi teh khas entragan baheula
>> alias teu moderen, kajaba lamun ngimpina teh jenis wahyu. Tapi, pan
>> wahyu mah keur para nabi as.
>>
>> Ari ngimpi papanggih jeung maung naon maksudna nya? Naon hubunganna
>> jeung sarupaning bukti?
>>
>> manAR
>>
>> On Sat, Sep 6, 2008 at 4:15 PM, Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:
>>> Kanggo Nu Hoyong Buktos
>>>
>>>
>>>
>>> Kasakur nu hayang bukti nu nyata,
>>>
>>> wayahna can waka katedunan ayeuna,
>>>
>>> kuring ngan ukur bisa nepungan kana ngimpi heula,
>>>
>>> mangrupa maung tilu rupa.
>>>
>>>
>>
>> ------------ --------- --------- ------
>>
>> Yahoo! Groups Links
>>
>>
>>
>>
>
> ________________________________
> Get your preferred Email name!
> Now you can @ymail.com and @rocketmail.com. 

------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke