Kuring Narima Pisan Disebut Teu Nyunda
Ampun
paralun mun kuring hayang kawasa,
deudeuh teuing
aya jalma diajak lempeng kalah salah sangka,
komo mun nyebut
kuring hayang jiga Nu Maha Kawasa,
teu
saencret-encret acan ngaliwat dina niatan kaula.
Musyrik jeung
murtad teu sarua,
nu murtad na
katerangan kaluar tina agama,
nu musyrik mah
ngaduakeun Pangeran Nu Kawasa,
kuring ukur
ngageuing moal sugan hayang maksa.
Kuring narima
pisan disebut henteu nyunda,
ngan kuring
nyaah pisan ka urang sunda,
kajeun teu nyunda
teu hayang urang sunda cilaka,
moal ieuh bakal
ngantep urang sunda tetep katalangsara.