At 05:33 PM 9/8/2008, Nong Gerak wrote:
Estuning Setan Nu Hayang Nyasarkeun Manusa (kudu ditanyakeun ka
setan bisi disangka mere kesaksian palsu)
Sarupaning lengkah nu ngaduakeun Allah, ( Kumaha carana ngaduakeun
Allah? Pamajikan bisa didua soteh, da ari Pangeran mah teu bisa.
Teu aya babandinganana)
eta tandana bakal meunang murka ti Allah, ( Allah mah Maha Welas tur
Asih, jelema dihukum ku pamolah masing-masing)
Aya nu menta berkah dihareupeun makam, (nu ieu kudu dicarek, komo
los-los ka tempat jauh mah, meakeun devisa negara)
padahal alam barjah lain aya di eta makam, (akur)
jeung moal aya nu bisa balik mun geus nepi ka eta alam, (arembungeun
balik deui sigana mah, baretah di alam raos)