--- In [email protected], Waliwis Bodas <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Cing atuh juragan ulah jariga nu lolong nyarabak gajah, matak 
parasea. Padahal duanana ge bener lamun ditingali tina jihat naon nu 
ditingali. "panonpoe ngurilingan bumi" bener, "bumi ngurilingan 
panonpoe" ge bisa bener; tingali heula konteksna! Konteksna bisa 
kapanggih tina asbabun nuzulna hiji ayat. Sok atuh jelaskeun naon 
konteks jeung asbabaun nuzulna anu keur diadurenyomkeun teh ameh 
kuring jadi teu milu lieur ngabandunganana.
>  
>  
> 
> 
> --- On Sat, 9/6/08, Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> From: Waluya <[EMAIL PROTECTED]>
> Subject: [kisunda] Re: [Baraya_Sunda] Tafsir Resmi dalam Islam dan 
Perang Terminologi
> To: "Urangsunda" <[EMAIL PROTECTED]>, 
[email protected], [EMAIL PROTECTED]
> Date: Saturday, September 6, 2008, 2:24 PM
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> > From: Kang Nolednad
> > Perkawis antitesa nu justru panon poe nu ngurilingan bumi, ieu 
ijtihad nu 
> > lebet kana urusan dunya. Kedah dilakukeun
> > pembuktian empiris kanggo ngukur tingkat kaleresanana, tapi sanes 
hartosna 
> > teori nu ayeuna oge tos final.
> 
> Punten Kang, Dunya ngurilingan panonpoe mah SANES teori deui, tapi 
geus 
> kabuktian benerna, jadi bisa disebutkeun BEBENERAN. Jeung deui 
pamanggih 
> soal dunya ngurilingan panonpoe teh sanes ayeuna, tapi 600 taun 
katukang, 
> Nu mimiti nyebutkeun Copernicus nu hirup di abad ka 15 (1473 -1543 
M), hal 
> ieu dikuatkeun ku Sir Isaac Newton nu hirup 200 taun saatos 
Copernicus (1642 
> M-1727 M). Keur nu diajar eksakta jeung kamajuan budaya manusa, 
tangtos 
> terang saha Newton teh, salah saurang manusa nu hasil pikiranana 
dipake ku 
> teknologi jaman ayeuna, kaasup ku urang sorangan. Coba bayangkeun 
ti 600 
> taun katukang ......lain waktu sakedap. Keur kuring pribadi yakin 
pisan geus 
> FINAL Dunya teh ngurilingan panonpoe, loba buktosna. Nyebutkeun 
sabalikna 
> lir ibarat nyebutkeun seuneu teh tiis ....lain panas!
> 
> Terus terang kuring prihatin ku ayana buku ieu ditambah ku buku nu 
> nyebutkeun Teori Darwin Runtag alias rahul. Buku-buku ieu teu 
ngajarkeun 
> sikep kritis kana fenomena alam, teu ngajarkeun sikep "kerja 
keras", 
> "pantang menyerah", jeung sikep tulaten. Buku-buku eta ukur cutut-
cutat tina 
> Ayat Suci jeung tulisan batur, teu ngajarkeun kumaha sih ari nu 
disebut 
> "PANALUNGTIKAN" teh.
> 
> Copernicus boga kacindekan kitu kulanataran nempoan gerak bentang 
di langit 
> mangtaun-taun, Newton ngaluarkeun hukum garvitasi, ceuk dongeng mah 
> kulantaran katinggang buah apel, tepi ka mucunghul pananya: "kunaon 
buah 
> apel ragrag kaahandap? . Sikep "pantang menyerah" : Darwin apruk-
aprukan 5 
> taun samemeh boga kacindekan. Dubois ngapruk DAS walungan Bengawan 
Solo, 
> kulantaran ku pertimbangan yen "karuhun" manusa teh kamungkinan 
gede hirup 
> di DAS Bengawan Solo. Perhitungan Dubois kabuktian, manehna 
manggihan 
> tangkorak Pithecantropus Erectus. Sanajan Pithecontropus Erectus 
cenah mah 
> lain "karuhun manusa", tapi tetep usaha Dubois kudu dihargaan. 
Sababraha 
> minggu katukang dina Metro TV aya pelem "Was Darwin Wrong?". 
Didinya 
> ditunjukkeun kumaha para akhli apruk-aprukan ditempat hara-haraeun, 
> mangtaun-mangtaun ukur neangan bukti naha aya species perantara 
waktu lauk 
> evolusi ka bianatang darat. Taun 2004 usaha ieu hasil, kapanggih 
aya fosil 
> nu dipercaya species perantara lauk jeung binatang darat.
> 
> Lamun urang Indonesia ( kaasup urang Sunda) terus-terusan dicekok 
ku hal2 nu 
> dogmatis teu kritis, hasilna nya teu aneh loba urang Indonesia 
katipu: Bom 
> Bali disebut bom Micro Nuklir, gara-gara aya tulisan bule nu resep 
sensasi, 
> Tsunami di Aceh disebut gara-gara nuklir oge, Aya nu 
ngaku "elmuwan" 
> tamatan AMerika nu bisa ngadatangkeun hujan ditanggap ku hiji 
Departemen 
> pamarentah. Malah teu kurang Presiden oge "katipu": Aya cai bisa 
jadi 
> bengsin, aya pare "super" nu lamun dipelak bisa panen 3 kali 
belasan ton 
> .......
> 
> Budaya manusa, kaaasup kamajuan teknologi jeung elmu pangaweruh, 
lir ibarat 
> wangunan piramid nu terus tumuwuh tapi aya dadasarna anu kuat jeung 
panceg. 
> Teu aya anu instan, sagala gancang .......siga ujug-ujug nyebutkeun 
panonpoe 
> nguriling dunya, ujug-ujug nyebutkeun teori Darwin rahul, ujug-ujug 
cai bisa 
> jadi bengsin, ujug-ujug aya pare "super".
> Duka naon deui engke nu jadi "ujug-ujug" deui ......
> 
> Baktos,
> WALUYA
>

Punten mairan,tah perkawis cai janten "bensin" di simkuring aya nurada
wanoh kana eta TEHNIK cai janten "bensin" margi tos janten mangrupi 
hiji alat nu diterapkan dina mesin tutunggangan anu hasilna rada irit 
konsumsi bbmna.

Baktos
Tisna 



------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke