Tos we disebat:
Pasamoan Wargi Sunda Hadiningrat

naros: ngempelkeun beas puruluk ka saha?
~ experientia docet sapientiam ~ 



----- Original Message ----
From: lina herliana <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Friday, September 5, 2008 17:58:46
Subject: Bls: [kisunda] PERTEMUAN DI SUNDANET-HBH


Sampurasun para wargi sadaya...

Duh... meni reuwas ku kang Agus dialungkeun ka ieu millis 
Ngahaturkeun nuhun ka kang Agus saparakanca parantos kersa lumlumpaheun ka
Sundanet, sareng ngabantos gaduh ideu bade riruangan (HBH).
Kanggo abdi mah bingah pisan, asa nambihan tanagi kanggo batur pakumaha
ngaramekeun ieu millist.

Muhun kieu para wargi...
saatos pertemuan kamari .... abdi... Kang Oman... Kang Agus saparakanca. ..
aya niat bade silaturahmi halah bi halal khususna warga milist ki Sunda atuh 
umumna urang Sunda dimana wae ayana.

Rencana Pertemuan dinten Senen, kaping 6 Oktober 2008
Tempatna di Musium Sri Baduga
Waktosna tabuh 11.00 sd 16.00 WIB
Acara  riung mungpulung.. .silaturahmi warga millist Ki Sunda.

Ngahaja nyandak waktos dinten senen, margi pami dinten Minggu mah bilih
utamina warga Bandung nu kaluar kota masih di perjalanan.
Ieu tos kenging ngitung dadasar kana paririmbon, da basa eta teh Kang Agus
sareng kang Oman nu ngitungna dugi ka ngebul mastakana hahahhahaa.. ...

Tah...rencana teh kieu para wargi...
kanggo konsumsi saur kang Agus cenah urang bebekelan wae....
bilih nu gaduh bajigur...mangga bekel satanggungan hehehhe...
nya ieu mah urang botram weh.... supados teu ngabeungbeuratan ka hiji jalmi
niat urang silaturahmi sangkan sasarengan tiasa happy.

Tapi.... punten aya tapina para wargi....
Dina acara eta teh panginten kedah aya biaya ijin tempat, biaya publikasi,
biaya sewa karpet, sewa tenda, sound system, spanduk.....
tah ieu kumaha pami udunan...??? da geuning teu tiasa dibotramkeun heu..heu...
ari ageungna mah mangga wae nyanggakeun kanu bade nyumbang saridona.

Konsepna ... saur kang Agus + Kang Oman oge....
Dina ieu riungan teu aya nu dijagokeun, istuning merakyat.. sadayana sami
warga sunda, atuh kukituna urang sauyunan paheuyeuk2 ngamumule budaya sunda.
Aya udaganana nyeta urang ngadamel buletin, Data base link mitra millist, DAS.
Mangga dihaturanan kanggo Kang Oman + Kang Agus nu ngajelaskeunna mah...

Teu hilap dina riungan ieu tangtos aya hiburanana.. .
Nu bade mentas mangga.... diantos dina waktosna....

Sakitu panginten para wargi nu nembe tiasa kadugikeun.. .
Bilih aya saran atau tambihan sanesna mangga ditampi...

Baktos,
Lina.



--- Pada Jum, 5/9/08, agus <[EMAIL PROTECTED] com> menulis:

Dari: agus <[EMAIL PROTECTED] com>
Topik: [kisunda] PERTEMUAN DI SUNDANET-HBH
Kepada: [EMAIL PROTECTED] .com
Tanggal: Jumat, 5 September, 2008, 2:26 AM


kamari ping 4 sept 2008
sampurasun.

abdi saparakanca ,uih ti shooting wawancara komunitas kreatif di
bandung ,opatan menyerebu, hehehe,.. ka kantorna kang oman, di jl
sukasenang, di sundanet

aya teh lina oge, ngobrolkeun tentang HBH.

janten tujuan utamina abdi menjelaskan niat abdi kanggo ngayakeun HBH
teh, sanes kumawantun cologog nyanyahoanan ngayakeun undangan , nu
kedahna tugas sareng wewenang akang-euceu di sundanet sebagai owner
ieu milis,...

alhamdulillah, klarifikasi simkuring di tampi ku kang oman sareng teh
lina,.. buktosna, abdi dipasihan tuang, buka bersama di sundanet,
hehehe,...

eusi eta obrolan, sumangga ke di guar ku teh lina di ieu milis, saatos
beberapa hal disusun heula panginten kitu nya,...

sakitu laporan singketna,.. ke di sambung deui,...

rampes 

=agus roche=

 

________________________________
Dapatkan nama yang Anda sukai! 
Sekarang Anda dapat memiliki email di @ymail.com dan @rocketmail. com.  


      New Email addresses available on Yahoo!
Get the Email name you&#39;ve always wanted on the new @ymail and @rocketmail. 
Hurry before someone else does!
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/

Kirim email ke