Atuh ka museum Sri Baduga wae. Di dinya aya salinan naskah
Wangsakerta, di lebetna aya silsilah raja-raja Sunda-Galuh-Pajajaran
anu ditaroskeun. Pami teu aya waktu, pilarian geura buku "Riwayat
Penelusuran Masa Silam Sejarah Jawa Barat", dina eta buku aya silsilah
raja-raja anu ditaroskeun. Upami heunteu, cobi makumaha ka Ambu, Ambu
oge tangtu kagungan silsilah raja-raja anu ditaroskeun. Tapi, upami
bade milarian anu versi ti kang Nonggerak wae, nya mangga, teu aya
halangan oge. Tangtu, upama aya ti kang Nonggerak, kang Nonggerak oge
baris nyebutkeun sumber-sumberna, kaasup, upamana, sumber-sumberna teh
tina impenan atawa ti jin, jsb.


manAR

On 9/9/08, Supri Hatna <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Kahatur,
> Kang NongGerak
>
> Manawi aya data silsilah karuhuhun (raja2) sunda, ti ngawitan jaman Salaka
> Nagara (Aki Tirem), Taruma Nagara, Sunda Galuh, Pajajaran, tug dugi ka
> ayeuna turunan2 - turunanna, dimana lokasina.
>
> Mugi kang Nong kersa medar......
>
>
> Wassalam
>
>
> U.S.
>
>
>
>
>
> ----- Pesan Asli ----
> Dari: Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED]>
> Kepada: urangsunda <[EMAIL PROTECTED]>; baraya_sunda
> <[EMAIL PROTECTED]>; kisunda <[email protected]>
> Terkirim: Senin, 8 September, 2008 16:55:55
> Topik: [kisunda] (Serat:49)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Siliwangi Teu Nyangka Ti
> Tadina
>
>
> Siliwangi Teu Nyangka Ti Tadina
>
>       * Sing inget kajadian nu ngamatakkeun runtuhna Pajajaran,
> Siliwangi poho noong niat batur sakurilingna,
> bakating ku percaya ka murid-muridna,
> padahal manehna bisa nempo ka jero manusa.
>
> Aya jalma nu pisan dipercaya,
> boga niat milu ngawasa,
> kagulung ku nafsu hayang ngaganti kakawasaana,
> nepi ka poho purwadaksi ku alatan ka olo ku dunya.
>
> Siliwangi henteu nyangka titadina,
> bakating ku euweuh hate goreng ka muridna,
> tapi geuning kitu kajadiana,
> muridna tukangeun giat ngaperdaya.
>
> Hasud jeung fitnah ngarusak ngarana,
> ngarah jalma rea jadi teu suka,
> ka limpedan ku kasarakahana,
> eta jalma asa bisa jadi pangawasa.
>
>       * Kuring mang hanjakalkeun ka manehna,
> ulah nepi ka alaman deui ayeuna,
> tonggoy teuing ningali ka jauhna,
> geuning aya cucuk nu bakal ngarusak carita.
>
> Mending leungit hiji batan ngarusak sarerea,
> mending euweuh hiji batan korban sarerea,
> ulah nepi ka jiga harita,
> Pajajaran runtuh ku sabab teu nyangka.
>
>
>
>       ____________________________________________________________________
> Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!
> http://id.yahoo.com/

------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke