gamparan MOKSA mah saleresna mung nambut istilah bae istilah sanesna NGAHIYANG eta oge nambut keneh istilah sanesna TILEm...
ku ayana pangaruh Sanskerta sumebar ka saantero dunya ASIA harita sanes mung urang hungku tapi oge dugi ka CINA sareng dataran ASIA ti awit abad ka 3 dugi ka abad ka 5 Masehi janten bahasa di dunia ASIA (babandinganannana sareng basa INggris ayeuna) margi harita INDIA nuju nanjeur pamorna ti abad ka 5 dugi ka 8 ...ngaeitan bahasa Sanskerta teh adaptasi di wewengkon2 melalui proses akulturasi di ASIA > janten basa Sanskerta teh harita henteu dianggap basa Asing deui tapi tos ngahiji sareng basa tiap2 wewengkon Pon kitu istila2 dina basa Indonesia ge apan kitu...anu teu aya di urang nya nambut basa deungeun teras disesuaikeun kana paribasa urang > anu disebat interferesi tea. Janten teu kdah nganggap MOKSA atanapi MUKTA teh basa bau HINDU anatapi BUDA nya basa uang bae sebagai hasil dari proses unsur pengaruh-mempengaruhi tea nuuuun! Tabe pun AMBU ----- Original Message ---- From: Eddy Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Sunday, August 3, 2008 5:56:00 PM Subject: [kisunda] (unknown) Masalah ageman…. Sri Baduga ‘moksa’ di sawah dalem ti Ambu Wirumananggay Alhamdulillah…’obrolan’ di kisunda nyaketan ka sasih ramadhan teh aya siga-siga bade ngageser kana masalah ageman. Mugi-mugi wae kaparengkeun deui tiasa ngabahas ageman dina sasih ramadhan. Ngan kumargi ayeuna masih hawa bulan rewah,….. ayeuna mah waktosna ngarewahkeun… ….sugan teu kabur sadaya pang-acian memeh nabeuh bedug…sugan engke kaala ‘qadar’na dina nyaketan …..lebaran Kaleresan Ambu diantawisna tos ngadugikeun bahan padungdenganana: I. Sri Baduga ‘moksa’ di sawah dalem (Ambu Wirumananggay)– Islam, Hindu atanapi Sunda? Sim abdi kantos kutrat-kotret ngeunaan salah sahiji versi tilem/ngahyang –definisi sareng dadaran introduksi sanesna – taun2 kapengker ka kisunda - ayeuna lengkepna aya nu nyimpen eta kotretan teh (duka ku saha) di www.buppala. org. –di kisunda ge aya keneh. Moksa mah rada-rada gaduh kesan hindu/budha, kumaha numutkeun Ambu miwah kawargian nu sanesna?? Memang tos ngalegenda yen Sri Baduga/siliwangi pupusna saurna tilem/ngahyang. Dina buku sajarah Jawa Barat (Drs. Joseph iskandar) –HIJI-HIJIna Buku sejarah nu teras aya di toko buku gramedia - oge ngadugikeun yen Sri Baduga tilem/ngahyang. Tapi interpretasi tilem/ngahyang na teh kieu: Manggihkeun hyang itulah yang menjadi istilah ngahyang……hanya pengertian tersebut telah bergeser menjadi negatif, sehingga pengertiannya menjadi tilem (menghilang dengan wujudnya)…. Untuk mempercepat proses wujud kasar tubuh dan wujud halus sukma kembali kepada dzat asal,…..agar hilang tanpa bekas,…melalui proses kremasi (pembakaran jenazah). (Sejarah Jawa barat; Yoseph Iskandar, hal 237) TAH didieu bahan kanggo ramadhan na…… 1. Buku nu mengklaim sejarah ge….gening seueur versi tina interpretasi penulisna. Dina eta buku data na dumasar kana prasasti nu ditafsirkeun ku versi Saleh Danasasmita - ditambih ku tafsiran tina buku Wangsakerta. Kumaha numutkeun kawargian oge Ambu? 2. Argumenna aya tapi ceuk sim abdi bijil tina ‘kakirangan’ informasi (punten Abah Yoseph sim abdi nyugak ameh kareresa ‘padungdengan’ – mugi2 Abah Yosep masih keresa ‘noongan’ kisunda) Upami saurna agama sunda teh ‘penyempurnaan’ ti budha/hindu (Hyang leuwih ‘luhur’ ti dewa), Naha cara maotna bet ‘kuno’ kedah dibeuleum heula –naha buku sajarah bet mung sakadar tina cariosan Pa Saleh danasasmita? tina deduksi mungkul? Naha ‘sejarawan’ wantun nyimpulkeun nu bisa ngaleungitkeun awak dina maot negatif? Logika induksi ti mana ? Kumaha upami ayeuna aya nu tiasa nuduhkeun cara nyampurnakeun awak/ngaleungitkeun awak –empirik-? keresa sejarawan ngiring ‘workshop’ na-ameh langkung rempeg ‘alat pengambil data’na -masalah sundana sunda saena interdisipliner- ????? Kumaha pamendak Ambu miwah kawargian kisunda sadayana ngeunaan moksa/tilem/ ngahyang…??? 3. Ambu miwah kawargian sanesna…. Nyoko kana bahasan nu didugikeun ku Ambu…. Naha tilem/ngahyang (‘moksa’?) bet disebat sanes islami ? Kumaha upami ayeuna aya nu tiasa nuduhkeun yen ku metoda Islam Muhammad ge tiasa tilem/ngahyang? Oge ku metoda sunda ge tiasa tilem/ngahyang? Empirik sabab tiasa dipidamel ku seuweu siwi sunda ayeuna, kumaha??? Kareresa ngararobih paradigma nyalira ????? Naha versi kuburan kosong di sunda bade dipasihkeun wae kana framework analisis ‘kristen-barat’ Jakob Sumarjo-genetis non sunda nu saurna nyaah ka sunda ??? Bahan nu sanesna…. II. Masalah TAJALI ku cara/metoda Arab jeung ku cara Sunda Baktosna Eddy Nugraha
