Waduh saumur-umur ancrub na alam maya nembe pendak maya diluhur maya nu jadi 
riil.

Cenah there is no coincidence in life, tapi nyaan abdi lebeng.

Baktos
jalak pakwan
 



----- Original Message ----
From: richadiana kartakusuma <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Tuesday, September 9, 2008 7:30:04
Subject: Re: [kisunda] (Serat :1) SILIWANGI & KI SANTANG_Siliwangi Jalma Biasa


HAMPURA KI NONG, kuring terang saha nu di diri anjeun anu mangrupa KEAN 
SANTANG...nu ngaku SILIWANGI... eta ku titingalan KI NONG.... karasa HEABna
karasa 

Lain ndeuk ngadu jajaten ngan karasa hebna...mana nyumput ge andika teh .... 
ngan moal disebutkeun ku kuring didieu...keun we keur ki NONG

Tabe pun 
AMBU




----- Original Message ----
From: Nonggerak <[EMAIL PROTECTED] com>
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Sent: Tuesday, July 15, 2008 11:06:23 PM
Subject: [kisunda] (Serat :1) SILIWANGI & KI SANTANG_Siliwangi Jalma Biasa


Siliwangi geus tilar dunya, henteu tilem, rubah jadi maung atawa nu
mistik laina. Siliwangi jalma biasa, raja pajajaran, bangsa manusa, nu
pernah hirup di alam dunya, mingpin tatar sunda. Boga batur deukeut
ngarana Santang, pamingpin negri sancang, bangsa jin, lain bangsa
manusa, nepi ka ayeuna aya keneh, lain sakti, tapi geus fitrahna
sakabeh bangsa jin umurna leuwih panjang.

Ulah nyampurkeun dongeng jeung carita enya. Carita nu aya ayeuna ngan
dongeng wungkul, di kira-kira, padahal teu sarua. Euweuh sahiji-hiji
acan sesa pajajaran nu geus kapanggih nepi ka danget ieu. Mun hayang
nyaho carita sabenerna nanya ki santang, ulah nanya ka jalma, loba di
kira-kira. 

Siliwangi, ki santang lain maung, lain turunan maung atawa robah jadi
maung. Maung ngan saukur ciri. Jadikeun diri rakyat sunda jiga ka
gagahan maung. Ulah kalah ngaku-ngaku bangsa maung atawa turunan
maung. Jiga nagara anjeun ayeuna nu nyieun ciri nagara, Manuk Dadali.
Lain anjeun turunan manuk dadali.

Kuring nonggerak, unggal poe sabenerna aya dihareupeun aranjeun..
Kuring hariwang jeung karunya aranjeun rahayat sunda ngan loba
ngobrolkeun ngimpi.. geura hudang, baca... baca... baca alam jeung diri...


 


      Get your preferred Email name!
Now you can @ymail.com and @rocketmail.com. 
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/

Kirim email ke