1. يسٓ Ya, Sin >> Yaa Siin;
2. وَٱلۡقُرۡءَانِ ٱلۡحَكِيمِ Demi Al Qur’an nu eusina pinuh ku hikmah! (hukum,
aturan & kawijaksanaan);
3. إِنَّكَ لَمِنَ ٱلۡمُرۡسَلِينَ Saéstuna anjeun téh (Muhammad) salah sahiji ti
antara para utusan (Rasul);
4. عَلَىٰ صِرَٲطٍ۬ مُّسۡتَقِيمٍ۬ (nu aranjeuna) aya dina jalan nu lempeng
(jalan tauhid & hidayah);
5. تَنزِيلَ ٱلۡعَزِيزِ ٱلرَّحِيمِ (Al Qur'an) anu diturunkeun ku Nu Maha
Perkasa, Nu Maha Asih ka mahlukna;
6. لِتُنذِرَ قَوۡمً۬ا مَّآ أُنذِرَ ءَابَآؤُهُمۡ فَهُمۡ غَـٰفِلُونَ Supaya
anjeun (Muhammad ku Al Qur'an ieu) ngawawadian kaom nu karuhunna teu diwawadian
sahingga maranéhna talingeuh (tina kaimanan jeung kabeneran).
7. لَقَدۡ حَقَّ ٱلۡقَوۡلُ عَلَىٰٓ أَكۡثَرِهِمۡ فَهُمۡ لَا يُؤۡمِنُونَ Saéstuna
geus sawadina putusan (katangtuan Allah ngeunaan azab) ka kalolobaanana
maranéhna alatan maranéhna henteu ariman.
Sumber:
1. Al Qur'an dan Terjemahnya, Yayasan Penyelenggara
Penterjemah/Pentafsir Al Qur'an, Cetakan Li Thiba'at Al Mush haf Asysyarif -
Medina Al Munawwarah;
2. Tafsir Surah Yasin diadaptasikan dari kitab Tafsir Jalalain, Syekh
Ibnu Utsaimin, Sahara Pustaka, Jakarta, 2007
~ experientia docet sapientiam ~
----- Original Message ----
From: Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Thursday, September 4, 2008 20:26:46
Subject: Re: [kisunda] TQBS - Yasin
kumaha mun kieu:
Saéstuna anjeun téh (Muhammad), salah saurang ti/di antara para utusan (Rasul);
salam,
mh
------------ --------- --------- --------- --------- --------- ---------
--------- ---------
Mh kecap asal Minal hartosna dari janten tarjamah nu pas = ti teu kedah
ditambihan di margi hartosna janten benten (utusan ti antara =/= utusan di
antara).
________________________________
Get your new Email address!
Grab the Email name you've always wanted before someone else does!
New Email addresses available on Yahoo!
Get the Email name you've always wanted on the new @ymail and @rocketmail.
Hurry before someone else does!
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/