Sing Inget Kana Wiwitan
Sunda
teh si Kabayan,
bangsa nu ngan
ukur hayang dihuapan,
bangsa nu ngan
ukur hayang diusapan,
bangsa nu
kakoncara pamalesan.
Sunda teh si
Kabayan ,
bangsa anu
euweuh kahayang,
bangsa anu
sieunan,
bangsa anu
nyumput dina kalangkang.
Sunda teh si
Kabayan,
bangsa nu mun
beda saeutik sesentakan,
nyentak ngan
wani ka balad sorangan,
mun digebrig
saeutik kabur lalumpatan.
Sunda teh si
Kabayan,
bangsa nu teu
boga panutan,
bangsa nu
ngeunah hirup dina impian,
bangsa nu teu
inget kana wiwitan.