Haturan baraya:
8. إِنَّا جَعَلۡنَا فِىٓ أَعۡنَـٰقِهِمۡ أَغۡلَـٰلاً۬ فَهِىَ إِلَى ٱلۡأَذۡقَانِ
فَهُم مُّقۡمَحُونَ Saéstuna Kami nerapkeun bangkol-bangkol dina beuheung
maranéhna kucara ngaraketkeun leungeun nu dibangkol kana beuheungna nepi ka
gadona sahingga maranéhna taranggah.
9. وَجَعَلۡنَا مِنۢ بَيۡنِ أَيۡدِيہِمۡ سَدًّ۬ا وَمِنۡ خَلۡفِهِمۡ سَدًّ۬ا
فَأَغۡشَيۡنَـٰهُمۡ فَهُمۡ لَا يُبۡصِرُونَ Jeung kami ngayakeun lalangsé di
hareupeun jeung di tukangeun maranéhna, tuluy ku Kami dtutup panonna nepi ka
maranéhna henteu barisaeun nénjo.
10. وَسَوَآءٌ عَلَيۡہِمۡ ءَأَنذَرۡتَهُمۡ أَمۡ لَمۡ تُنذِرۡهُمۡ لَا يُؤۡمِنُونَ
Jeung bakal sarua bae keur maranehanana mah boh anjeun ngawawadian maranehna
boh henteu, maranehna tetep moal ariman.
11. إِنَّمَا تُنذِرُ مَنِ ٱتَّبَعَ ٱلذِّڪۡرَ وَخَشِىَ ٱلرَّحۡمَـٰنَ
بِٱلۡغَيۡبِۖ فَبَشِّرۡهُ بِمَغۡفِرَةٍ۬ وَأَجۡرٍ۬ ڪَرِيمٍ Saéstuna anjeun
(Muhammad) perlu ngawawadian ngan ka jalma-jalma anu nurut kana panggeuing (Al
Qur’an) jeung anu sieun ka Gusti Nu Maha Berehan sanajan maranéhna teh henteu
nempo Mantenna. Ku kituna geura bere kabar nu ngabungahkeun maranehna ku ayana
pangampura jeung ganjaran anu mulya (Suwarga).
12. إِنَّا نَحۡنُ نُحۡىِ ٱلۡمَوۡتَىٰ وَنَڪۡتُبُ مَا قَدَّمُواْ وَءَاثَـٰرَهُمۡۚ
وَكُلَّ شَىۡءٍ أَحۡصَيۡنَـٰهُ فِىٓ إِمَامٍ۬ مُّبِينٍ۬ Saéstuna Kami
ngahirupkeun jalma-jalma anu geus paraéh, jeung Kami nulis saniskara lalampahan
sarta tapak-lacak maranéhna. Jeung sagala perkara téh ku Kami geus dicatet,
dikumpulkeun dina kitab nu ngajelaskeun (Lauhil Mahfuzh).
13. وَٱضۡرِبۡ لَهُم مَّثَلاً أَصۡحَـٰبَ ٱلۡقَرۡيَةِ إِذۡ جَآءَهَا
ٱلۡمُرۡسَلُونَ Jeung pék geura nyieun misil (umpama) pikeun maranéhna,
(nyaéta) masyarakat nu baheula ka maranéhna teh geus datang para utusan.
14. إِذۡ أَرۡسَلۡنَآ إِلَيۡہِمُ ٱثۡنَيۡنِ فَكَذَّبُوهُمَا فَعَزَّزۡنَا
بِثَالِثٍ۬ فَقَالُوٓاْ إِنَّآ إِلَيۡكُم مُّرۡسَلُونَ (Nyaéta) nalika Kami
ngirimkeun ka maranéhna dua (utusan), tuluy maranéhna ngadustakeun, ingkar ka
nu duaan eta, tuluy Kami nguatkeun ku ngutus nu katilu, sarta tiluanana pok
nyarita: saéstuna kaula téh diutus ka arandika.”.
15. قَالُواْ مَآ أَنتُمۡ إِلَّا بَشَرٌ۬ مِّثۡلُنَا وَمَآ أَنزَلَ ٱلرَّحۡمَـٰنُ
مِن شَىۡءٍ إِنۡ أَنتُمۡ إِلَّا تَكۡذِبُونَ Maranéhna ngajawab: “Arandika téh
taya lian manusa biasa cara kaula saréréa, jeung Gusti Nu Maha Berehan henteu
nurunkeun naon-naon. Kukituna arandika téh taya lian tukang ngabohong wungkul.
-----
Get your preferred Email name!
Now you can @ymail.com and @rocketmail.com.
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/