Kang Oca ,
Pasundan salah sa hiji universitas nu tos ka dangu di USA jeung seueur 
"grantna" ti luar nagri.
  
Simkuring pa amprok jeung katua pasundan \ paguyuban urang sunda sa dunya di 
New York City.  
Anjeuna Lengkep kostumna  jeung simbol kujangna,bendona,acuk hideungnan, 
sontogna, iketna.
 
Arnjeuna nuju ngalobby ka pamarentah USA keur ngigelkeun budaya sunda di 
daratan USA nu bade diwujudkeun eta misi kasundaan dua taun kapayun ti taun 
2008. 

Balik deui ka data saleresna seu'eur. Ngan urang jawa maca urang sunda ku cara 
jawana ti luar taneuh sunda.  Biasa hayang mareuman sajarah sunda, ameh pamor 
jawana asa pangluhurna. 

Kacang poho jeung kulitna yen majapahit Sanjaya asli sunda. 

Kang Yana 
Sent via BlackBerry from T-Mobile

-----Original Message-----
From: Roza Rahmadjasa Mintaredja <[EMAIL PROTECTED]>

Date: Sun, 14 Sep 2008 05:57:59 
To: <[email protected]>
Subject: Re: [kisunda] ngabuburit #14


panuju tah, kg Eminx...
uin pernah debat keras sareng US anu tos S3,
di widang tari,(S2 srg S3na ti STSI Yogya...
anjeuna sacara teges nyebat yen ti Sunda mah taya datana,
sadayana ti Jawa...
atuuuuh uin rada panas tah...
ciiiik atuh... ari ngelmu teh ulah ka wet6an bae...
heuheu...memang data ti urg can lengkep kituh?
tunggu tgl maennya...
data ti urg , yakin mangrupa cikal bakalna...
tapi ngan sakadar yakin wungkul?
da can aya nu ngaguar langkung jero sapertos di Jawa...
tos aya pakultasna...
....oca tea...

--- On Sat, 9/13/08, Ema Sujalma <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: Ema Sujalma <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: [kisunda] ngabuburit #14
To: [email protected]
Cc: [EMAIL PROTECTED]
Date: Saturday, September 13, 2008, 9:21 PM

Di dunya tari sunda r�a pisan wangun-wangun tari, anu lamun ditilik nu
ngan sakolebat ngabogaan kamiripan kalawan wangun-wangun tari Jawa.
Kamiripan �ta utamana aya dina tari-tarian anu baheula ngembang di
kalangan karaton Cirebon sarta di golongan kaum menak di
kabupat�n-kabupat�n Parahiangan. Perkembangan sarupaning ieu nepi ka
kiwari �c�s k�n�h katempo. Sacara gurat badag , genre-genre tari anu
kasampak kamiripanana kalawan tari Jawa aya dina topeng dalang Cirebon
, topeng Babakan Cirebon, wayang wong Cirebon, ibing keurseus
Parahiangan , wayang wong Parahiangan , tari wayang priangan,
karya-karya Tjetje Somantri , jeung karya-karya Indrawati Lukman.
Fenomena sarupaning ieu tangtu pohara metot pikeun ditalungtik, naha
dina perkembangananana tari sunda bener-bener kungsi nyinggung jeung
budaya "priyayi" jawa. tapi naha tari sunda sok tetep nyandang
predikat minangka Tari Sunda, da lain tari Jawa gaya Sunda

Kontak antara tari Sunda jeung budaya "priyayi" tari Jawa memang
kungsi lumangsung, sarta ngageuleuyeung mangabad-abad saprak mangsa
majapahit dina abad ka-14 nepi ka jaman Mataram Islam abad 17, komo
nepi ka nerus dina paro kahiji abad 20. Singgungan �ta lain ngan
alatan ayana kontak budaya , tapi mimitina leuwih mangrupa kontak
pulitik, anu dimimitian saprak karajaan Majapahit dina kapamingpinan
Mahapatih Gajah Mada , anu ngalebarkeun jangjang kakawasaanana ka
sakumna wewengkon kapuloan nusantara dina abad ke-14 , saterusna usaha
Sultan Agung raja karajaan Islam pangbadagna dina abad ka 17 pikeun
melebarkan kekuasannana nepi ka ka wewengkon Jawa Kulon. Ku alatan �ta
dina widang budaya boh Majapahit boh Mataram kaasup tari anu ngembang
di golongan bangsawan ngabogaan "kapinunjulan" , balukarna ayana
singgungan budaya sarta tari �ta ka Jawa Kulon. Singgungan itu komo
lumangsung nepi satengahing abad 20, sanajan Jawa Kulon sacara politis
geus leupas ti Jawa Tengah.,, ngan wa� alatan singgungan budaya
"priyayi" tari Jawa anu asalna ti etnis jawa anu introvert kalawan
etnis Sunda anu rada ekstrovert sarta ciri etnis Sunda anu leuwih
aktip sarta kreatif ti etnis Jawa , hasilna nya�ta Tari Sunda, jeung
lain  Jawa gaya Sunda.



-- 
Ema  Sujalma

------------------------------------

Yahoo! Groups Links






      

Kirim email ke