Timana narasumber Trofimov ngagambarkeun kajadian di Masjidil Haram 20
November 1979 sakitu detailna, padahal manehna acan kungsi nincak ka Mekkah,
sabab manehna non muslim. Dina bukuna manehna mere catetan narasumber nu
dipake ku manehna. Hasil wawancara jeung saksimata. Ieu kaasup Abdul Karim
Matani (Kairo, Januari 2006), Syekh Abdul Aziz Rafah al Sulaimani ( Jeddah,
Februari 2006), Rida Bajamal ( Jeddah, Februari 2006) jeung nu sejenna nu
embung disebut aranna (Jeddah, September 2006). Nu sejenna nu leuwih detil
publikasi wawancara jamaah saksi mata nu dimedalkeun ku surat kabar Mekkah
AL-NADWA 2 Desemeber 1979 jeung surat kabar Jeddah OKAZ 30 November 1979
jeung 2 Desember 1979.
Trofimov oge meunang koleksi Imam Masjidil Haram, Syekh Muhammad Subail,
ngaliwatan putrana (Jeddah, September 2006). Oge wawancara Sang Imam
pangalaman anjeunna jeung surat kabar Al Bilal jeung Al-Jazirah Arab Saudi
nu dimedalkeun deui ku ARAB NEWS Jeddah 25 November 1979, saperti oge
laporan surat kabar Al Riyadh, "Taalumat Mufassala an al-Khawarij", 1
Desember 1979
Kitu cenah .....
Baktos,
WALUYA
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/