Sampurasun Ki Nong. Hatur nuhun kintunan nu ka 62.
Dina bag-bagan ieu mah kedah dijentrekeun panginten naon anu dimaksad 
ngamulya-mulya teh. Nganiley fisik jeung batin (niat) hubungan manusa jeung 
keris, cincin, kuburan, oge....... tasbe tangtos teu tiasa sagawayah. Kumargi 
eta barang-barang teh akrab pisan dina kahirupan sapopoe/kultur urang sunda nya 
mangga atuh dipedar, dipesek hiji-hiji kumaha-kumahana.
 
Pami masalah manusa jeung jin mah nya sami2 aya tugas ti Nu Maha Kawasa. 
Hubungan manusa jeung jin mah nya moal jauh ti hubungan manusa jeung manusa: 
bisa alus bisa goreng. Tapi eta oge kedah ati-ati sabab tadi tea sanes: 
nganiley fisik & batin.
 
Punten pami teu nyararambung komentarna.
 
salam
tirta

 


----- Original Message ----
From: Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED]>
To: urangsunda <[EMAIL PROTECTED]>; baraya_sunda <[EMAIL PROTECTED]>; kisunda 
<[email protected]>
Sent: Wednesday, September 17, 2008 2:49:33
Subject: [kisunda] (Serat: 62)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Deudeuh Teuing Manusa.


Deudeuh Teuing Manusa
 
        * Naha ku araraneh ari manusa,
sakapeung ngaku makhluk nu paling mulya,
ari kana keris sok ngamulya-mulya,
kana cingcin sok ngamulya-mulya,
kana kuburan eyang anu sok ngamulya-mulya. 
 
Naha ku araraneh ari manusa,
sakapeung ngaku makhluk paling pinter dirina,
ku setan beunang ka olo jeung kabobodo kanyataana,
jadi sabenernamah setan leuwih pinter batan manusa. 
 
Naha ku araraneh ari manusa,
ka kabeh jin nganggap mawa mamala,
padahal geus disebut ki Nu Maha Kawasa,
jin jeung manusa tugasna sarua. 
 
Naha ku araraneh ari manusa,
ngagulkeun dirina teu make kira-kira,
asa aing sorangan nu nyicingan ieu semesta,
nepi ka poho makhluk ciptaan Allah nu sejena. 
 
Ku rosul teu diajarkeun adigung adiguna,
teu diajarkeun nyangka goreng ka sasama,
teu diajarkeun asa pang aingna dina elmu agama,
atawa ajaran islam nu katarima ku kuring beda. 
 
Wallahu’alam. 
 
  
 


      New Email names for you! 
Get the Email name you&#39;ve always wanted on the new @ymail and @rocketmail. 
Hurry before someone else does!
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/

Kirim email ke