--- In [email protected], Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Kang Nong!
  Ulah pesimis kitu atuh anggur mah cobian pedar konsep atanapi 
tatali paranti nu dianggo ku Baduga (Versi Kang Nong) ngenaan 
persatuan dan kesatuan sakabeh rahayat Sunda komo nepi kana 
kanagaraan Sunda mah, tangtosna eta konsep kedah tiasa diaplikasi 
dina kaayeunaan komo nepiken ka mangsa nu bakal datang.

Sareng sing emut  di alam dunya ieu teu aya nu abadi sadayana fana 
kena ku ruksak,ruksakna ieu nya rupi-rupi carana nu moal kaukur ku 
akal pikiran manusa,meureun Baduga (Versi Kang Nong) loba salahna 
jadi balukar rahayatna paburantak?

Tos Ah hapunten we,

Baktos
Tisna,Wae 
> 
> 
> 
> 
> Deudeuh Teuing Sunda
> 
>  
> 
> Hiji
>      mangsa nu keur kalakonan ayeuna,
> 
> ngawangkong
> dua jalma,
> 
> hiji jalma teu
> boga sifat cukup ku beuteung sorangan seubeuh,
> 
> teu cukup ku
> boga baju jang sorangan weuteuh,
> 
> teu cukup jang
> sorangan wungkul.. 
> 
>  
> 
> Manehna malire
> ku hatena dulur-dulur sunda nu sejen,
> 
> nu hirup teu
> ngajeujeuh.. 
> 
> Kang kuring peurih nempo
> tatangga-tatangga di lembur nu atog-atogan neangan beas jang dahar 
anak
> pamajikana sakalieun.. 
> 
>  
> 
> Dahar cukup ku
> aya sangu wungkul,
> 
> deungeuna asal
> aya uyah jeung cengek.. 
> 
> Nu hiji nyarita..
> 
> Maenya? Ceuk
> nu hiji nu cicing di kota.. 
> 
> Bener
> kang,loba pisan kulawarga nu ripuh kitu,
> 
> kuring nempo
> sorangan,
> 
> kuring wawuh
> jeung kerep tepung jeung maranehna,
> 
> eta
> tatangga-tatangga kuring.. 
> 
> Manehna
> nyarita bari dareuda. 
> 
>  
> 
> Urang kota
> ngan saukur nyebut maenya da teu kungsi ngalaman,
> 
> teu kungsi
> neuleuman. 
> 
> Teu
> kaburu,atawa ngarasa lain urusana. 
> 
>  
> 
> Kuring oge
> kungsi ngalaman kang,
> 
> peurih pisan,
> 
> kuring kerep
> nyalahkeun Nu Kawasa,
> 
> bet kudu
> ngalaman jiga kieu..
> 
>  
> 
> Kuring
> ngalaman ngumpulkeun saleter-saletereun beas jang dahar barudak. 
> 
> Duh
> gusti,peurih.. 
> 
> Anak batur
> jalan-jalan marake pakean alus,
> 
> na anak kuring
> kudu nungguan kuring balik kakara manggihan beas? 
> 
> Ya Allah.. 
> 
> Manehna
> cirambay.. 
> 
>  
> 
> Urang kota
> neuteup teu ngarti naon nu ku urang kampung karasa.. 
> 
>  
> 
> Kuring kungsi teu bisa balik mang
> wulan-wulan kusabab teu manggihan rejeki jang meuli beas kang.. 
> 
> Bari
> duka teuing anak pamajikan di lembur kumaha.. 
> 
> Duh Gusti
> Allah,
> 
>  
> 
> hampura
> anaking,
> 
> bapa geuning
> teu bela,
> 
> bapa geuning
> teu wasa.. 
> 
> Bari
> cimatana beuki rosa,
> 
> dadana sesek
> nahan nalangsa..
> 
>  
> 
> Terus
>      kumaha? Ceuk urang kota
>      nanya.. 
> 
> Rada karasa
> nempo kitu mah,
> 
> kajeun can
> kungsi jeung teu kabayang ngalaman. 
> 
>  
> 
> Untung anak
> pamajikan kuring istuning soleh,
> 
> sabar jeung
> tawekal ngalakonannana.. 
> 
>  
> 
> Beuki rembey
> ku cimata inget ka budakna,
> 
> budak nu teu
> boga dosa,
> 
> budak nu ukur
> nuturkeun nasib indung bapana.. 
> 
> Kajeun
> sangsara,kapaksa milu kabawa-bawa.. 
> 
>  
> 
> Eta conto
> kulawarga kuring wungkul kang,
> 
> teu jauh jeung
> nu kaalaman dulur-dulur di lembur,
> 
> dulur-dulur nu
> nyicingan tatar sunda ieu.. 
> 
> Ceuk urang
> lembur bari hatena rarasaan bubuk
> inget kanu di lembur. 
> 
>  
> 
> Nepi ka
> kituna? 
> 
> Sugan teh teu
> kitu-kitu teuing? 
> 
> Kuring kakara
> ngadenge langsung ti anjeun,
> 
> nu ngalaman ku
> sorangan.. 
> 
>  
> 
> Urang kota
> ngomong bari dareuda.. 
> 
> Duh Gusti abdi
> kamana wae salami ieu.. 
> 
> Nyuhunkeun
> dihapunten abdi Gusti.. 
> 
> Abdi salami
> ieu teu malire dulur-dulur abdi nu ngajajar di sisi kubur.. 
> 
> Ya Allah.. 
> 
> Hatena
> ngalengis.. 
> 
> Milu nyeri.. 
> 
> Jadi hayang
> anjeun naon? 
> 
> Urang kota
> nanya.. 
> 
>  
> 
> Urang kampung
> ngahuleng,
> 
> neuteup panon
> urang kota,
> 
> neangan
> katulusan dina matana.. 
> 
>  
> 
> Akang urang
> sunda? 
> 
> Malik nanya
> manehna.. 
> 
> Nya puguh ceuk
> urang kota rada kerung.. 
> 
>  
> 
> Akang hirup di
> mana?.. 
> 
> Di kota,
> 
> sarua di
> daerah sunda keneh. 
> 
> Urang kota
> beuki teu ngarti.. 
> 
>  
> 
> Akang jadi
> naon?  
> 
> Jadi pamingpin
> di perusahaan anu.. 
> 
> Atasan aya?.. 
> 
> Aya..
> 
> Urang mana
> kang? 
> 
> Urang anu.. 
> 
> Oh.. 
> 
>  
> 
> Urang kampung
> nyeletuk.. 
> 
> Akang teu
> hoyong jadi pamingpin nu pang luhurna?.. 
> 
> Ah,teu mungkin
> cenah ceuk urang kota.. 
> 
> Kuring teu
> loba kahayang,
> 
> asal cukup jang
> kulawarga seubeuh,
> 
> mobil,imah,pakean
> weuteuh.. 
> 
> Ceuk urang kota..
> 
>  
> 
> Oh,
> 
> ceuk urang
> kampung nyeletuk deui.. 
> 
> Tapi ari
> ngadenge carita anjeun mah kuring asa muriding.. 
> 
> Kuring ngan
> ukur mikiran diri sorangan,
> 
> ngahiji jeung
> ngumpul jeung babaturan nu sapantar.. 
> 
> Asa geus loba
> jasa ka bangsa padahal geuning loba keneh pisan nu katalangsara.. 
> 
> Da ketang kuring oge ngan ukur
> ngaula,kajeun di lemah cai sorangan..
> 
> Asa batur nu
> boga ieu lemah cai ayeuna mah.. 
> 
>  
> 
> Urang kampung
> bingung,
> 
> urang kota
> bingung,
> 
> kuring oge bingung..
> 
> 
>  
> 
> Ieu nagri nu
> kungsi digedekeun ku Siliwangi.. 
> 
> Istuning
> rahayatna geus hirup sorangan-sorangan..
> 
> Nu di luhur
> ngumpul di luhur,
> 
> nu di tengah
> ngumpul di tengah,
> 
> nu di handap
> aduglajer kukumpul jeung kokoreh.. 
> 
>  
> 
> Nu mingpin
> saha? 
> 
> Nu jelas lain
> urang sunda. 
> 
> Kunaon? 
> 
> Sabab cukup
> manehna beuteung seubeuh,
> 
> imah weuteuh..
> 
> 
> Kajeun ngan
> ukur ngaula ka batur.. 
> 
> Deudeuh
> teuing,urang sunda nu hirup nyewa di tatar sunda.. 
> 
> Urut Siliwangi
> kamana? 
> 
> Teuing atuh da
> euweuh nu suka..
> 
>  
> 
> Nepi
>      ka iraha? 
> 
> Nya salilana da
> diajak ngahiji ge tetep ngarasa kudu beda,
> 
> nepi ka
> nangtang pedah teu sarua.. 
> 
>  
> 
> Sunda nu ukur
> bisa ngaula.. 
> 
> Siliwangi
> bakal ceurik teu euih-euih nempo rahayatna paburantak.. 
> 
>  
> 
> Deudeuh Teuing
> Sunda
> 
>  
> 
> Anggur
>      mah akur kajeun beda,
> 
> anggur mah
> akur kajeun teu sarua,
> 
> da beda mah
> teu  matak cilaka,
> 
> mun papisah nu
> matak cilaka. 
> 
>  
> 
> Hayu urang
> ngahiji deui,
> 
> rek nu ngaku
> turunan Banten,Cirebon,Bogor,Subang,Sumedang,Garut,
> 
> jeung
> sajabana. 
> 
>  
> 
> Mun ngarti
> carita kuring,
> 
> telek yen
> anjeun sunda.. 
> 
>  
> 
> Geura ngahiji
> kajeun cara urang-urang bareda.. 
> 
> Keun we et
> amah urusan Nu Kawasa.. 
> 
>  
> 
> Ngamimitian
> heula ku rasa sarua ti sunda.. 
> 
>  
> 
> Teangan nu
> saruana,
> 
> ulah neangan
> heula bedana diantara urang-urang.. 
> 
>  
> 
> Geura nyaring
> atuh sunda.. 
> 
> Na bet
> hese-hese teuing ngageuing urang sunda nya.. 
> 
>  
> 
> Ah
> kajeun,sugan we bisa..!
>



------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke