geuning etah geura bijil atuh KI Nong...ari di inyana geus wayahna mah sabab geuning aya nu nyaruakeun abdi cnah siga ki NONg harrrrrrrrr punten beda abdi sareng ki NONG mah
abdi mah teu susulumputan...Kang Tisna SUTISNA 964 ----- Original Message ---- From: Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED]> To: urangsunda <[EMAIL PROTECTED]>; baraya_sunda <[EMAIL PROTECTED]>; kisunda <[email protected]> Sent: Thursday, September 18, 2008 5:20:03 PM Subject: [kisunda] (Serat: 64)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Sugan Nambah Ti Nu Lima. Kawajiban Kuring Nepikeun Beja * Kuring geus lila meunang beja, urang sunda bakal meunang bagja, kawajiban kuring nepikeun beja, jeung ngaguar nu jadi beja. Benteng agreng katempo geus lila, ngajengjreng nu ngajaga geus lila, kuring tinggal nungguan sawala, supaya muka halimun teu mawa mamala. Mun ukur kajurung ku nafsu, kuring pantes hayang buru-buru, ngarah aranjeun teu muru kusunu, nelekeun carita nu ceuk sakabeh can tangtu. Kuring nonggerak, hirup nyumput dinu negrak, ngalengkah apik ngarah teu paburantak, bari wajib mukakeun ngarah nembrak. Kuring ngan perlu aranjeun sawareh, nu geus katempo darehdeh, ngabantuan kurah koreh, neangan cangkilung handapeun rungkun sereh. Aya lima nu karasa daria, bakal mantuan maung tilu rupa, bakal ancrub neuleuman sagara, bakal nyukcruk galur Baduga. Aya tilu nu kudu ditedunan ku aranjeun nu lima , ulah adigung adiguna, ulah ngabohong ka sasama, ulah ninggalkeun kawajiban Nu Maha Kawasa. Dina mangsana tumiba, anjeun nu lima bakal diajak ku kaula, ngabukbak alas bandawasa, lain ku pakarang tapi ku elmu kabisa. Haturan Ambu nu daria, haturan Ika nu daria, haturan Tirta nu daria, haturan Ema nu daria, haturan Pakusarakan nu daria. Sugan nambah tinu lima , hanjakal masih keneh malih rupa, ku sabab nganggap teu sapira, mengparkeun harewos nu sabenerna geus aya. Wassalaam,nonggerak .
