Ambu lan baraya sadaya.
Leres Ambu nu perang sareng Balaputradewa sanes Sanjaya tapi ti Wangsa Sanjaya 
nyaeta Rakai Pikatan nu nikah ka Pramoddawardhani, lanceukna Balaputradewa.
 
Rehna sunda dikepruk Sultan Agung leres tapi grey area sabab bupati2 priangan 
masih ngarasa turunan Eyang Dago nu urang wetan, jadi asa teu puguh 
maca ngararempug Dipati Ukur. Sunda nu jelas ngalawan Mataram Sultan Agung mah 
mung Sunda Banten, nu di jaman SA Tirtayasa maju dugi ka Sukapura/Tasik. 
 



----- Original Message ----
From: richadiana kartakusuma <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Thursday, September 18, 2008 18:39:21
Subject: Re: [kisunda] pelabuhan KEJAWANAN atawa KECIREBONAN?


Punten Kang Tirta
leres nu dirempug ku cirebon sekutu Dmak sareng Banten teh Pajajaran numawi 
disebat BURAK PAJAJARAN harita, luluguna saleresna DMAK 

tapi rehna SUNDA dirempug ku SULTAN AGUNG eta oge leres ...parios geura carios 
DALEM BONCEL.... tah peristiwa ieu mah kajanentan nya waktosMATARAM ISLAM

SANJAYA mah henteu ngarempug BALAPUTRA... .da BALAPUTRA mah hubunganana sajaman 
areng putrana SANJAYA

nu dirempug ku SANJAYa mah langkung INTERNATIONAL. ..harita nyaeta
Kamboja, Campa, Thailand.... .jrrd 

Ari Balaputra nyaeta seuweu WANGSA SAILENDRA ( ti peuntas > aya prasastina 
nyaeta SOJOMERTO), benten DINASTI sareng SAnjaya (ti GALUH)  
 




----- Original Message ----
From: Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED] com>
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Sent: Thursday, September 18, 2008 3:12:22 PM
Subject: Re: [kisunda] pelabuhan KEJAWANAN atawa KECIREBONAN?


Ambu anu dirempug mah Pajajaran sanes sunda per se. Nu dirempug teh koalisi 
Pajajaran & Portugis ku koalisi Cirebon/Banten & Demak. (Sunda + bule) vs 
(Sunda + jawa). Masalahna? marebutkeun jalur strategis dagang: Selat Malaka, 
Laut Jawa. Jalur eta mah memeh islam datang ge tos janten parebutan sanes? 
Kalebet sunda hindu (Sanjaya) lawan sunda budha (balaputradewa) .

Sultan Agung ngawasa sunda? Ah henteu...da sunda banten mah teu dikawasa jawa. 
Jaman Sultan Ageng Tirtayasa malah di Tasik mendet pasukan mataram teh. Waktos 
digentos Sultan Haji nembe pasukan banten ditarik ti priangan (eta sajarah 
kunaon Sukawarni Tasik jadi puseurna teureuh banten, manonjaya nu bau mataram). 
Pami sunda Cirebon leres dikawasa mataram margi 2 pangeran Cirebon 
(Martawidjaja & Kartawidjaja) ditahan di mataram.

Sim kuring mah tetep sunda teh kumaha urang sundana we nempo diri jeung 
lingkunganana. Ku aya di daerah strategis nya kantun milih naha urang sunda rek 
jadi pihak nu dipepet batur (the looser) atanapi rek jadi pihak nu ngatur 
(leader). Ku kituna sim kuring mah boga pamadegan masalahna sunda rek tikusruk 
rek jaya di bhuwana ulah ngaleupaskeun urusan pulitik, tinggalkeun puputeran 
dina perdebatan agama.

baktos
Jalak Pakwan

 ----- Original Message ----
From: richadiana kartakusuma <richadianakartakusu [EMAIL PROTECTED] com>
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Sent: Wednesday, September 17, 2008 22:39:08
Subject: Re: [kisunda] pelabuhan KEJAWANAN atawa KECIREBONAN?


ABAH, naha Urang Sunda kitu ? da .NGELEHAN henteu urang SUNDA teh..
malah mah ti awit Tarumanagara harita sareng Galuh teh sauyunan ditalikeun ku 
pekawinan politik janten mitra satata > dugi ka janten dulur

Pon kitu waktos Galuh manggung sasarengan SAunggalah.. .oge Indraprahasta 
sareng Sunda (taruma akhir) oge mitra satata ku perkawinan politik

panginten mah strategei Perkawinan politik ogen sanes pedah ngelehan...ngan 
pada2 ngelehan kitu...nyaeta ku silih AJENAN ku asih...asuh sareng ASAH ?

Tah....SUNDA anu leres2 dirempug teh ku sumpingna ISLAM....keur mah paburantak 
jol Sultan Agung...katurug katutuh...tacan oge tiasa menyat...hayoh dipeupeuh 
deui...ti harita SUNDA teh intern extreme acculturation ke Jawa...

Tapi harita oge SULTAN AGUNG kitu teh saleresna ku TEKAD NGAHIJIKEUN PULAU 
JAWA  margi aya politik DEVIE ET IMPERA WAlanda tea....ti harita saleresna mah 
SUNDA ngawitan "ngajarigeug" identitasna. ...

SULTAN AGUNG sbg RAJA TERBESAR di Pulau JAWA > ngahijikeu teh duka uningaeu 
duka hanteu rehna KARAJAAN MATARAM harita teh diADEGkeunanana ku karuhun SUNDA 
nyaeta SENNA teras turun ka SANJAYA.....

AMBU
 


 



----- Original Message ----
From: mh <[EMAIL PROTECTED] com>
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Sent: Thursday, September 18, 2008 10:12:00 AM
Subject: Re: [kisunda] pelabuhan KEJAWANAN atawa KECIREBONAN?


tah rada akur jeung toongan uing, jigana perlu aya "reengineering" dina bidang 
budaya, hehehe. upama ninggali usa, ostrali, jeung singapore misalna, naha 
barisa nanjung nya?
padahal mun ditoong apan maranehna teh teu bogaeun lembur, dalah lemburna teh, 
duka meunang nginjeum, duka meunang nyewa, atawa meunang "maok" ti batur. 

numutkeun nu kapanggih ku uing, ieu subjektif pamanggih uing nya, tangtu bisa 
salah, 
aya karakter seler sejen nu jarang kapanggih dipibanda ku urang, nya eta 
maranehna katinggalna leuwih mibanda sikep dominatif, tinimbang urang sunda. 
ari urang sok 
cenderung ngelehan wae. kulantaran kitu, jigana wae salah sahiji jurus 
"reengineering"
teh kudu bisa nyiptakeun lingkungan hirup urang sunda nu wani gelut, nu teuneung
ludeung, teu sieun dihakan maung. hehehe. pikeun ieu tujuan, jalanna salah 
sahijina
ngaliwatan SILAT. mun bisa mah tiap desa aya padepokan silat.

salam,
mh



On 9/18/08, Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: 
Kang Yana rupina tos wanci ngaguar niley (values) karuhun sunda kangge 
ngawangun deui karakter urang sunda. Tangtos tiasa janten perdebatan naha make 
ngawangun memangna ancur atanapi ekstrim...memang masih baroga karakter sunda? 
Salah sahiji jalan nu cekas jelas mah nyaeta lewat silat, anu tos ditegeskeun 
relevan saur Kang Wilson dina disertasina tea. Urang teras sasarengan ngaguar 
values sunda ngawitan ku ngemutan deui titinggal karuhun nu hebat supaya ulah 
diteundeun keur carita hungkul. 
 
Saleresna urang tos ngawitan, minimal ti silat - olah napas.....ngan. ..duka 
tos darugi kamana?
 
baktos
tirta



----- Original Message ----
From: T_SAS <[EMAIL PROTECTED] com>
To: [EMAIL PROTECTED] .com

Sent: Wednesday, September 17, 2008 18:58:30
Subject: Re: [kisunda] pelabuhan KEJAWANAN atawa KECIREBONAN?


Kang Tirta. US nu Manunggal nu Handap Asor di sagala widang pang unggulna jaman 
kiwari nu beutina tetep ti karuhun US teu ngentrong jiga kohkol teu agul di 
media massa. Nu dipentingkeun beuti jadi bibit nu berbobot .

Eta Kabayang nu sok Nunggal tina beuti karuhun sunda NGAHIJI \ UNION . Mangsana 
Pajajaran Ngadeg deui Nu DI Wangian Ku Sri BADUGA. Simbul pemersatu bangsa 
sunda. 

Sok serang di sagala widang pintonkeun produksi budaya sunda kudu mampu 
bersaing di dunia international. 

Kored ilmu , harta jeung bandamah bisa dibadamikeun kanu karored, urang sunda 
kudu diajar mere ka sasama sunda ameh aya darmana. Nu penting urang sunda mere 
elmu keur digawe widang noan wae keur gnebul dapur. 
Sifat urang sunda cadu menta2 bari jeung teu gawe. 

Da hirup mung samentawis di ieu dunya. Mulih ka jati mulang ka asal , paeh 
ragana teu mawa eta banda . Nu alus mah jiga Sri Baduga Wangi ilmuna. 

Humpura Insun
Kang Yana 
Sent via BlackBerry from T-Mobile
________________________________
From: Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED] com>
Date: Wed, 17 Sep 2008 15:41:09 -0700 (PDT)
To: <[EMAIL PROTECTED] .com>
Subject: Re: [kisunda] pelabuhan KEJAWANAN atawa KECIREBONAN?

Kang Yana sim kuring satuju pisan perorangan US teh seueur nu nyungculak, 
unggul, top lah. Tapi urang poho nyonto ka karuhun nu bisa bertahan ratusan 
tahun, tiasa katingal ti umur Pajajaran nu leuwih panjang batan Majapahit. 
Hartina karuhun urang tos gaduh manajemen, strategi as a team, teu perorangan 
hungkul tapi elmu ngarempug oge tangtos dikuasai. Ngan duka kunaon atuh urang 
sunda kiwari teh asa sosoranganan, huluna garede, jeung pelit deuih....pelit 
elmu komo harta mah he...he....mun aya nu menta teh loba aduh jeung 
kaleresan... . Pami pola kieu nya tos katerka dina jangka pendek komo jangka 
panjang mah urang sunda kagiles ku seler sejen.... JELASNA MAH eleh ku jawa, 
batak, padang, tambah deui ayeuna mah makassar/bugis jeung madura! Lain dina 
masalah tarung hungkul tapi sagala segi kahirupan.

Urang kedah nyonto ka karuhun nu eksis sarua jeung Dinasti Qing di China jeung 
Shogunate di Jepang.

baktos
tirta



----- Original Message ----
From: T_SAS <[EMAIL PROTECTED] com>
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Sent: Wednesday, September 17, 2008 3:26:16
Subject: Re: [kisunda] pelabuhan KEJAWANAN atawa KECIREBONAN?


Kang Tirta pas pisan da leres nepi ka kiwari eta pamor uj, tapi teu wantun 
nyerang usa,malasya, singapore, vietnam. 
Masih wani jago di kandang sorangan.

Ku kuring sorangan di serang make ulin sunda. 
Sugan wae silat cikalong ditarima di olympic, ieu serangan kuring bari jeung 
sorangan "batur arek urang anggeus". 

Teu kudu make ilmu rempug bari jeung make prajurit us , uj resep make rempug 
teu wanieun sorang. 
KY 
Sent via BlackBerry from T-Mobile
________________________________
From: Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED] com>
Date: Wed, 17 Sep 2008 01:37:06 -0700 (PDT)
To: <[EMAIL PROTECTED] .com>
Subject: Re: [kisunda] pelabuhan KEJAWANAN atawa KECIREBONAN?

Kang Oca da disebut urang jawa ge moal ngaku urang cirebon mah.... tetempoanana 
ka US, UJ teh penjajah sih  -:)
 
----- Original Message ----
From: Roza Rahmadjasa Mintaredja <roza.kalasunda@ yahoo.com>
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Sent: Wednesday, September 17, 2008 1:03:29
Subject: Re: [kisunda] pelabuhan KEJAWANAN atawa KECIREBONAN?


hih, kg Emha...
ari kamari uin diseminar budaya...
aya urg cirebon teu ngaku US...???
kunaon tah?
patarosan tibalik???
he33x!
...oca tea...


--- On Wed, 9/17/08, mh <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:

From: mh <[EMAIL PROTECTED] com>
Subject: [kisunda] pelabuhan KEJAWANAN atawa KECIREBONAN?
To: "kisunda" <[EMAIL PROTECTED] .com>, baraya_sunda@ yahoogroups. com, [EMAIL 
PROTECTED] ups.com
Date: Wednesday, September 17, 2008, 12:14 AM


Di Cirebon, aya pelabuhan KEJAWANAN, naha lain KECIREBONAN atawa KESUNDAAN nya?

salam,
mh

=========

Pelabuhan Kejawanan Butuh Rp 25 M
Rabu, 17 September 2008 , 13:31:00


CIREBON, (PRLM).- Pengembangan Pelabuhan Nusantara Kejawanan  Kota
Cirebon masih membutuhkan dana kira-kira Rp 25 miliar. Pengembangan
itu perlu dilakukan, karena saat ini Pelabuhan Nusantara Kejawanan
masih belum memenuhi standar, untuk pendaratan nelayan sekaligus

tempat pelelalangan ikan.

Hal itu mencuat dalam dialog antara Presiden
 Republik
 Indonesia,
Susilo Bambang Yudhoyono (SBY) dengan masyarakat 
 nelayan
Kota/Kabupaten Cirebon di Pelabuhan Kejawanan, Rabu (17/9).


SBY sendiri berjanji akan membantu pengadaan dana pengembangan
Pelabuhan Kejawanan. Rencananya dari APBN sudah dianggarkan Rp 8,7
miliar untuk pembangunan di tahun 2009. Perlu
 diajukan lagi proposal
lewat Menteri Perikanan, aga pembangunan Pelabuhan Nusantara Kejawanan

bisa diselesaikan tahun 2010. (C-14/A-147) ***

Citation: http://pikiran- rakyat.com/ index.php? mib=news. detail&id=33460


------------ --------- --------- ------

Yahoo! Groups Links


    (Yahoo! ID required)


    mailto:kisunda- fullfeatured@ yahoogroups. com

    kisunda-unsubscribe @yahoogroups. com


 

________________________________
New Email addresses available on Yahoo! 
Get the Email name you've always wanted on the new @ymail and @rocketmail.
Hurry before someone else does! 
________________________________
Get your new Email address! 
Grab the Email name you've always wanted before someone else does! 
________________________________
Get your preferred Email name! 
Now you can @ymail.com and @rocketmail.com. 


________________________________
Get your preferred Email name! 
Now you can @ymail.com and @rocketmail. com. 
 


      New Email addresses available on Yahoo!
Get the Email name you&#39;ve always wanted on the new @ymail and @rocketmail. 
Hurry before someone else does!
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/

Kirim email ke