Kang Nong 
Sakaterang abdi mah nu pendak sareng sayidina ali teh nyaeta Prabu Borosngora 
Raja ti galuh tea margi pami ditinggal dina taun mangsa jenengna eta pas nyaeta 
taun 700m an
 
 Tah cik kumaha  pamendak ambu sareng nu sanesna ...?
 
 
Wassalam,
 
USup

--- Pada Kam, 18/9/08, Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED]> menulis:

Dari: Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED]>
Topik: [kisunda] (Serat: 63)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Ki Santang Nya Ki Santang.
Kepada: "urangsunda" <[EMAIL PROTECTED]>, "baraya_sunda" <[EMAIL PROTECTED]>, 
"kisunda" <[email protected]>
Tanggal: Kamis, 18 September, 2008, 10:14 AM











Ki Santang? Lara Santang? Rakean Santang?
 

Baduga mere ngaran anakna Lara Santang jeung Rakean Santang kunaon Sababna? 
Sabab Baduga boga sobat dalit jeung guru nu ngarana Ki Santang,
bakating ku nyaah jeung hormat Baduga mere ngaran anakna ditungtungan ku 
Santang,
jadi hampura Ki Santang teh lain Rakean Santang. 
 
Naha bener aya raja sunda nu kungsi dibere iteuk Sayidina Ali? 
Hampura mun kuring nyebut yen eta lain carita asli,
atawa tunjukeun ka balarea mun enya ngarah jadi bukti,
anu aya oge iteuk Kalijaga pamere Gunung Jati. 
 
Naha enya Rakean Santang ngudag-ngudag bapana sina asup Islam? 
Nepikeun ka Baduga lumpat ti Pajajaran,
Kanjeng Rosul ge teu maksa nepi ka ngudag-ngudag emangna ngarah asup Islam,
atuh kitu mah nu ngudag-ngudag teh lain mawa ajaran Islam. 
 
Hampura kuring jalma biasa,
kuring teu katitisan Ki Santang kana raga,
Ki Santang ukur guru kuring nu beda bangsa,
hampura kuring teu nganggap Ki Santang makhluk mulya. 
 
Kuring ngan ukur nepikeun nu dicaritakeun,
kuring ngan ukur milu muka nu dihandeuleumkeun,
kajeun loba nu nyawad kuring teu euleum-euleum,
kuring narimakeun bari peurih batan ieu pareum. 
 
 














      
___________________________________________________________________________
Dapatkan alamat Email baru Anda!
Dapatkan nama yang selalu Anda inginkan sebelum diambil orang lain!
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/id/

Kirim email ke