Kang Agus budaya sunda cocok jeung budaya arab ?
Komplit jeung syareatna?
Nu sae mah pola 3 tangtu falsafah urang kanekes oge galuh nu agung eta kodrat 
urang sunda
Arabna wujud kodam baka.

 Or alloh muhammad adam.

 Kodrat sundamah jatinistemen niskala sakala. 

Naha eta kujang jeung buku teu ditarima? Nu jati sunda heula di baca buku sami 
Aya didiri kg agus ibarat sa eusi kur"an jeung hadist.

  Lain urang sunda loba lisan tobatan tutulisan. IqroNA aya di raraga ngahiji 
di waraga.

 Nepi ka paeh maca kitab jeung buku2 nu di tulis ku syeh2  arab maol anggeus. 
Apan eta bisnis percetakan arab. 

 Market place aya di 250 Juta bangsa urang x  $ 10 sa buku. Eta kakarak harga 
buku can harga sajadah. Can harga tiket ka arab can hotelna can pajak2na can 
tasbeh can domba 
 Ngan ngabeungharkeun urang arab. 

Nu ngarana ritual kayakinan gratis kang Agus.  Ceuk urang usa mah dinasti arab 
sukses nguasaan nusantara. 

Ieu aya carita ti urang arab nu ngora jeung nu kolot diwawancara di tv usa dua 
nana kaum intelek ditanya ku repoter tv. 

Kumaha pandangan anjeun bangsa arab ngapangaruhan nagara liana?

Jawabna urang arab gumbira pisan budaya \tradisi \ arab rule katarima di nagara 
liana ku ngagunakeun qur'an jeung hadist.
 
Nu sa enyana eta kakawasaan keur nyaingan kristen nu mawa pangaruh barat 
ngagunakeun kitab injil. 

Ari US mawa naon Kg. Agus?
Kuring mawa "lisan" da euweuh kitab ulin  sundana.
 
Da buku di iQrokeun di sakujur tangtungan kuring 5 ramo ti cingir ka jempol 
\islam\Qur'an\alloh\gusti\penca\silat\sikut\slewa\jejek\dudut\betot.........babacaan
  aya di waraga jeung waruga nu HIRUPi mangrupa replika makrokosmos. 

Baktos
Kang Yana

Sent via BlackBerry from T-Mobile

-----Original Message-----
From: Roza Rahmadjasa Mintaredja <[EMAIL PROTECTED]>

Date: Sun, 21 Sep 2008 10:15:49 
To: <[email protected]>
Subject: Re: [kisunda] Re: (Serat: 79)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Hampura Kuring.


....awesome...

--- On Sat, 9/20/08, agus rohaendi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: agus rohaendi <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: [kisunda] Re: (Serat: 79)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Hampura Kuring.
To: [email protected]
Date: Saturday, September 20, 2008, 9:46 PM









haturnuhun kang,
pangbuka manah diri kana kasundaan teu eureun2 dilakonan ku simkuring sabari ku 
seueur katerbatasan.
aya hiji nu dijadikeun eunteung diri, yen sunda teh deukeut kana nurani diri. 
jadi papakean naon wae, dimana wae,, mun diri geus nyunda, asa tiasa urang teh 
kamana-mana, hartosna tiasa hirup sae di lingkungan naon wae.
tapi mun dibarengan ku syareat kangjeng nabi, eta langkung lengkep, sabab 
aplikasi keur petunjuk hirup tiasa janten gaduh solusi keur ngajalanan eta 
kahirupan.
leres kang, nyunda langkung sae langkung cocok jeung budaya arab, sabab urang 
aya di lingkungan kebon awi, gawir jeung mata cai nu kaluar dina leuweung 
leubeut, lain lingkungan gurun pasir jeung oasis.
tangtos kasundaan langkung cocok keur papakean urang.

saha nu gering?
panon urang sunda nu ningali lingkungan sorangan ku kaca mata amerika, kacamata
 arab, cina jeung bangsa lianna.(komo ku kacamata duit)
tangtu salah, tangtu teu cocok,...
tong disalah artikeun make baju ginding model amerika salah, teu nanaon da eta 
mah desain,... tapi kalakuan urang nu nyunda eta leuwih utama. cageur bener 
pinter cangker jst jst,....

aya hiji info nu hoyong di share jeung akang,..
ngeunaan 'sunda global'.... 
abdi kasumpingan jalmi nu ngadaulat simkuring� ngiringan rencana besar sunda 
global. mawa kujang mawa buku 'great plan'. ku simkuring ditingali, tapi teu 
ditarima eta kujang jeung bukuna, sabab kuring hayang hatam babacaan nu 
kangjeng nabi, kakara kuring maca nu liana.

nuju di tafakuran kang,.... ieu enya, atawa hawa nafsu nu keur muter ngajakan 
kuring puputeran.
insya Alloh logika jeung nurani abdi di anggo kanggo nga-buffer naon2 wae nu di 
janjikeun ka simkuring.
pami tos aya perkembanganana, abdi share sareng akang, 
pami nu salila ieu abdi tos ngabagi ieu hal sareng
 kang roza. sebagai teman diskusi, saling meng analisa... da geuning, anjeuna 
oge sami, diudag2 ku sakadang kujang oge,...

amerika teh nuju gering nya kang,... keur pencarian jati diri.
tapi tong salah, justru nu keur neangan, sok diutamakeun dibere hidayah ku 
Gusti. asal neanganana teu ku hawa nafsu.

bisa jadi nu diigelkeun ku kang yana di usa, ngajadikeun urang bule nu nyunda,..
tah ,gabung keun link-na jeung US pituin jeung maranehna,.. cigana jadi 
kakuatan kolaborasi nu hade.

saha nu kudu beunta?
urang sunda nu sasar make babajuan politik nagara ieu.
jin jeung siluman teh geuning lain di leuweung, tapi di dewan nu nguasaan hajat 
hidup orang banyak.
konsep partai pulitik geus teu bener, ieu nu kedah di basmi, diganti ku sistem 
nu leuwih cocok.
balik deui ka dinasti cendana ,dinasti majapahit,... geuning ayeuna ksatria 
maranehna tos tatan tatan,... sutiyoso,prabowo, wiranto tos siap neruskeun 
lalakon ,....
 
naha ari sunda na kamana? nyumput dina caang cenah kang,.... noongan wungkul....
nungguan sang prabu.
sunda tugas utamana, nungguan ,nungguan,... nungguan naon gaya?

lalampahan kang yana lain saukur nungguan, tapi maju terus pantang mundur.

urang maju, di widang masing2,... keun bae disinisan ku babaturan sorangan 
oge,... demi sunda.

"kujang aya di lampah, lain senjata kuningan di hiasan baju atawa di selipkeun 
dina dompet"

rampes
=r=� 

--- On Sun, 9/21/08, SASTRANEGARA THARYANA <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: SASTRANEGARA THARYANA <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: [kisunda] Re: (Serat: 79)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Hampura Kuring.
To: [email protected]
Date: Sunday, September 21, 2008, 12:37 AM







    
            Kang Agus , apan kuring keur ngigelkeun kasundaan ka urang Amerika, 
sanes Urang Sunda diigelan ku urang Amerika. Janten bangsa Amerika tos 
ngarigelkeun ulin sunda , nya eta penca tea titinggal karuhun sunda . Pang 
pangna mah titinggal Ki Bunisora nu ka koncara sa jagat raya elmuna di piara ku 
urang Africa, Eropa, Amerika jeung Asia.
�
Budaya Sunda nu umum tos di pikaresep kusagala bangsa nya eta dina ngacapruk 
silat waraga jeung raraga. Kuring mah on the field of theAmerican �land , NO 
killing field like in Vietnam.and other country.
Ulin sunda / silat is nyiptakeun damai silaturahmi sagala bangsa .
�
Apan motornamah karuhun2 ti Salaka Nagara, Taruma Nagara, Galuh, Pajajaran�oge 
seueur satria2 sunda �saacan Bunisora nu ngajarkeun opat �ka lima pancer 
tutungkusan urang sunda� ka raja2 wetan atawa dengeun2.
�
�Kabuktos ayeuna aya beuti NA di contokeun ku aranjeuna nu tos tarilem.
Urangmah tingal neraskeun wae eta tutungkusan nu tos lami oborna dipareuman..
�
Sok ah urang sunda mah tara SUSULUMPUTAN eta mah cikal bakal tukang korupsi, 
urang sunda asli kudu daek nebrakeun ragana tong sieun di tembak gebrag �ku 
deungeun2 da kabeh manusa bakal paeh.
�
Tingali geura Sidaharta banda jeung istana pang ageungna sa India dipihormat 
rahayat �ka anjeuna, pas Sidaharta ningali jelema diluar istana geuning loba 
jelema erek paeh , teu gaduh tuangeun, panyakit kusta,oge jeung teu boga tempat 
keur cicing .
�
Anjeuna ngadawuh teu raja, teu miskin paehmah geuning sarua wae ningalkeun 
ragana ngahirukeun jati sukmana. Ceuk sundamah mulih kajati mulang ka asalna 
urang.
�
Sakabeh ritual manusa sa jagat raya tujuan akhir neangan paeh ragana keur 
bebekelan CahaNA dina SukmaNA.
�
Jaman kiwari eta ritual sok dijadikeun politik neangan massa keue kakawasaan 
jeung loba ngorbankeun
getih ngocor nyimbeuhan taneuh, majarkeunteh ngan hiji nu pang sampurnaNA, naha 
nu MAHA KAWASA nyiptakeun urang Russia, Cuba, Cina nu komunis oge nu liana teu 
peduli eta agama aya leuwih 3 miliar jelema nu kitu teh tapi kasejahteraan 
rahayatna mani rapih teu aya pacekcok. Pang pangna mah pendidikan ti SD GRATIS 
NEPI KA S 3 lamun daek neuleumanana di widangna.
�
Hudang urang sunda kuasaan teknologi canggih sejahterakeun nu miskin, lamun 
bisamah maranehna boga taneuh sorangan tong jadi kuli ditaneuh sorangan, eleh 
dibelian ku urang Cina Arab2 jeung Yahudi.
65% urang sunda dina catatan statistik teu boga taneuh di lembur sorangan, 
mayar upeti ka urang wetan tina buburuh nepi teu boga gawe.
�
Kumaha Kang Oca Kang Tirta kang Agus Ambu, Kang Engkus ieu laku lampah urang 
Mataram, nu Majapahit asalna urang sunda Sanjaya jeung turunananana nepi ka 
ayeuna nu disebut wetan ngawasaan merangan sa sunda majarmaneh MUSRIK jeung 
KAFIR? Eta slogan Arab kedah dipupus asa manehna pang sampurnana, Arab2 wae 
bejad moralna di jaman nabi.kurang langkung abad 6 masehi,
urang sunda abad 6 masehi budayana luhur pisan di conto sa Asia Tenggara.

baktos 
Kang Yana


----- Original Message ----
From: agus <[EMAIL PROTECTED] com>
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Sent: Saturday, September 20, 2008 11:43:01 AM
Subject: [kisunda] Re: (Serat: 79)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Hampura Kuring.



pas mangsana bebeja,...
kuring geus ninggalkeun sunda,
pindah ka amerika,..
nu geus pasti aya raja na,...

hag siah, sakali ewang 
giliran abdi nu noong didinya,...

hahaha.

--- In [EMAIL PROTECTED] .com, Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED] ..> wrote:
>
> 
> 
> 
> 
> Haturan Kang Agus Nucinta
> 
> �
> 
> Kang
> Agus nucinta,
> 
> kuring mesem mun
> anjeun cumarita,
> 
> padahal kuring
> kerep tepung jeung anjeun di alam nyata,
> 
> hampura kuring
> can mangsana bebeja.
> 
> �
>




      
      


         
        
        




      




      

Kirim email ke