Soal tari topeng tangtu pakait jeung seni nyieun topeng oge seni kumaha atawa dina acara naon wae makena eta topeng. Lebah dieu, ras si kuring inget katerangan dulur-dulur anu neuleuman seni benjang di wewengkon Ujungberung, Bandung, sababaraha taun ka tukang. Ceuk aranjeunna, aya hiji jenis topeng anu khas ulikan/jieunan masyarakat Ujungberung anu digunakeunana dina waktu mintonkeun seni benjang. Hanjakal cenah eta topeng jenis topeng benjang teh geus teu aya dikieuna, dina ayana oge geus langka pisan alias kudu nyukcruk ka unggal lembur anu mibanda kasenian benjang.
Topeng dina seni benjang, tangtu wae topeng jieunan rahayat. Atawa, seni topeng kreasi masyarakat. Hiji fakta deui anu nuduhkeun yen seni di Tatar Sunda memang leuwih loba atawa mataholangna seni rahayat tea. Anu jadi patarosan, beuki dieu ruang publik keur mintonkeun atawa mere kasempetan manggung ka seni rahayat teh asa ngurangan nya? Seep didamel mall sareng dulur-dulurna. manAR On Mon, Sep 22, 2008 at 4:47 AM, Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Duh Kang Ema tos maca seratan teh asa tas nongton drama, geus rengse geus > balubar tapi kuring masih diuk ku jero pipikiran kana eusi, pesen eta > drama.... > > Cirebon? pasti resep lah pami diguar......tatar sunda nu dinamis... > > > > baktos > > tirta > > ----- Original Message ---- > From: Ema Sujalma <[EMAIL PROTECTED]> > To: [email protected] > Sent: Sunday, September 21, 2008 9:11:16 > Subject: Re: Topeng Cirebon Re: [kisunda] pelabuhan KEJAWANAN atawa > KECIREBONAN? > > ah resep yeuh Abah Tirta, janten ereksi oge... heu heu meungpeung wengi... > > gantar kakaitan budaya 'priyayi' sareng tari jawa , RM Soedarsono dina > Looking Out : Perspectives on Dance and Critism in a Multicultural World > saurna teh > > ... they ( the Javanesse Priyayi) believed that from learning Javanese dance > we could also learn Javanesse etiquette, ethics, morals, and the stories of > our legendary ancestor. In this way Javanese dance become a part of > Javanesse education for children, expecially among aristocrat. > > tah upami di Cirebon tari topeng teh merakyat eta ciciren kasundaan teh > langkung ekstropert sareng langkung dinamis sarta kreatif, adaptif... > buktosna taun 70-an tari topeng sok dilombakeun. . > > patarosan simkuring... aya keneh lomba anu sapertos kitu ? > > > > aya oge kitab sastra Jawa Tengahan nu judulna kidung Sunda sareng > Negarakerthabumi ti Cirebon > anu ku CC Berg diserat kieu : > > His (Prabu Maharaja's) queen and the lovely princess commited suicide and > the 'Bubath Blood" become a dark stains in Majapahit annals. In the poem, > Hayam Wuruk himself is pictured as the treacherous politics. At he sight of > the princess corpse he mourns: " I have commited a great crime ; to live is > the burden of unsatisfied desires. " Disconsolate, he fades and dies. > > kusabab peristiwa tragis eta , karajaan Sunda teu disebatkeun dina naskah > Negara Kertagama (ti penulis karaton MP Mpu Prapanca) saeutik-eutik acan, ( > punten kuring di wetan rada legeg pami sok aya anu ngagul-ngagulkeun negeara > kertagama, he he) > sabab aya sumber anu langkung 'merakyat' anu kasebat kitab Pararaton ( tapi > rada vulgar...cnah eta ge da can nyabak buku aslina...) > SALERESNA Raja Hayam Wuruk teh FRUSTASI BESAR anu antukna > gering ngalanglayung teras.... maoooot....! > > saur Negerakerthabumi mahkieu : > > > nda bubat mwang bhre wilwatikta > mawalakwa ksamakena sakweh > ing kawiparitan citta mwang saparikrama/ > kang wus kadamel de ning senapati-senapati > lawan wadya balanira / makanimitta ning pejahira prabu maharaja Sunda// > luput sakeng papakrama mwang subhika ning hurip janapada i rajya > willwatikta/ / > matangyan bhre prabhu wilwatikta > lawan ambek kapawitran samaya ring raja Sunda panggawak yata.. > > sasasih satutasna tilarna urang-urang Sunda di bubat, mangka > Bhre Wilwatikta (Hayam Wuruk) tos ngutus duta ka Sunda ku nyandak serat > . Diriwayatkeun yen dina waktos sasasih saatos tilarna urang-urang Sunda di > Bubat > Bhre Wilwatikta ngalayangkeun serat "Nyuhungkeun Dihapunten" tina sagala > tindak-tanduk kajahatan, nu geus dilakokan ku panglima-panglima sarta > pasukan anu ngalantarankeun wafatna Maharaja Sunda . > ( mun ceuk kang Ilen raja Sunda tara ngangge gelar maharaja, ieu gelar > Maharaja Sunda teh ceuk buku Kerthabumi tea). > > > > Hayam Wuruk saleresna mah mikacinta pisan ka Citraresmi Dyah Pitaloka. > > cag heula Abah Tirta, > handeuleum sieumkeun heula > engke urang ka Cirebon deui... resep gera... > > baktos, > > > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
