---------- Forwarded message ---------- From: Ahmad Dimyati <[EMAIL PROTECTED]> Date: Mon, Sep 22, 2008 at 8:19 AM Subject: Re: [Urang Sunda] Re: Bedog jeung ngahuma (geus bedog deui bae nya..!!) To: [EMAIL PROTECTED]
Kang MH; Kapaksa nonghol deui. Tadina mah resep nyempod wae di juru bari ngabandungan kamana brasna milis teh. Tapi aya topik jeung ajakan padungdengan nu matak kataji, jeung deui disebut pisan "baraya di rengrengan pertanian", komo deui disebut dua almamater sim kuring Unpad jeung IPB. Dua minggu katukang Prof Sjamsoeoed Sadjad silaturahmi ka Menteri Pertanian. Di antara nu diguar ku anjeuna: dina tahun 60-70'an para ahli pertanian adurenyom ngeunaan pilihan antara pengembangan pertanian nu "polikultur berbasis aneka tipe ekosistem" (sawah, lahan kering, lahan rawa, jst) atawa "mengejar produktivitas dengan pengembangan monokulltur padi di lahan sawah irigasi". Sigana kainspirasi ku revolusi hijauna gandum karya Norman Borlaug dkk (peraih Nobel), harita para ahli milih sawah irigasi. Nya dibangun bendungan Jastiluhur jeung jaringan irigasina, perusahaan benih Sang Hyang Seri, Balai Penelitian Pertanian nu mendalami masalah padi jeung usahatani berbasis lahan sawah beririgasi di Sukamandi, Subang. Antukna kebijakan jeung program pembangunan pertanian oge leuwih "berbasis padi" kaasup kebijakan konsumsi panganna. Nepi ka masyarakat konsumen jagong, sampeu, sagu, hui boled, taleus jst oge parindah ka beas. Lahan kering (tegalan, huma) kaluli-luli. Lain teu diperhatikeun eta ge ngan jauh anggang jarakna kana perhatian ka lahan sawah irigasi. Bank Dunia, IDRC Canada, jst pernah mantuan litbang pemanfaatan lahan kering, lahan rawa jst ngan sigana penerapan hasil penelitianana kurang didukung ku institusi di luar Badan Litbang. Sagala tutuwuhan jeung sato nu diusahakeun di lahan kering oge kurang kaperhatikeun, kajaba tanaman perkebunanan (sawit, karet, coklat) nu geus jadi produk unggulan Indonesia ti jaman Walanda keneh. Cag heula rek nyempod deui....saheulaanan. A. Dimyati ----- Original Message ---- From: mh <[EMAIL PROTECTED]> To: [EMAIL PROTECTED]; kisunda <[email protected]>; [EMAIL PROTECTED] Sent: Sunday, September 21, 2008 0:42:16 Subject: [Urang Sunda] Re: Bedog jeung ngahuma (geus bedog deui bae nya..!!) ngiring ngawadul sakedik. sim uing kungsi ngadongeng jeung tukang sosiologi nu sok noongan urang dayak. urang dayak oge karesepna ngahuma. numutkeun manehna cenah mah milih tempat pihumaeun teh upama ditengetan tetela periodik - dina mangsa nu tangtu bakal balik deui ka tempat asal nu kungsi dijadikeun huma. ngan cilakana sok katempuhan, majar cenah ngaruksak leuweung. padahal nu ngaruksak leuweung mah nu ngabukbak leuweung ngala kaina, make mesin modern. ayeuna perkara huma, aya kahemeng kuring: upama masyarakat urang ahli ngahuma, kuanon nya teu dikembangkeun teknologina jiga teknologi nyawah. atawa kuring nu teu apal kitu, yen aya teknologi huma nu geus ditaratas ku para jawara fakultas pertanian unpad atawa ipebe. cing ka baraya di rengrengan pertanian, rada ngadongeng ah, sugan aya pengembangan teknologi huma. sabab uing ngotektak beja teknologi huma di internet, weleh teu manggih, aya oge manggih di nagri tatangga. upama noong ka urang kulon, apan kadaharan uatamana teh kumeli jeung gandum, hasil huma tea. geuning kebon kumeli kentang ngekngek oge gandum bisa dikembangkeun sakitu rohakana. buktina jaringan warung hayam goreng kfc atawa mcd nu make kumeli lain kejo nyaliara kamana-mana. cing ari melak pare huma bisa teu dimekanisasi jiga melak kumeli jeung gandum.apan kiwari mah,cai keur irigasi bisa disedot jadi hujan buatan keur nyebor kebon. salam, mh On Sat, Sep 20, 2008 at 10:14 PM, MSasmita <[EMAIL PROTECTED] net> wrote: > > Sigana geus sapuk yen kosmologi urang sunda leuwih nyoko kana ngahuma, > alatanan nu mindeng dipake kaayaan kontur alam tanah Sunda nu loba gunung, > atuh alatan sejen pedah kapanggih di masarakat Kanekes ti bihari tug nepi ka > kiwari masih keneh ngahuma. Ngahuma lain bae ngan sakadar ngahuma tapi deuih > sok disebut masarakat nu pipindahan (semi sedenter). Lamun enya pipindahan > naha pipindahan anu kumaha, nomaden dina harti pindah sakarepna siga kaum > Gipsi di Eropah, atawa ngan semi sedenter siga masarakat Kanekes ayeuna?. > Keur kuring mah asa cop kana semi sedenter, sacara periodik bakal balik deui > ka awal ( ceuk hiji buku masarakat Kanekes mimitina mah salapan taun kakara > balik deui ngaropea tanah nu awal, kadieunakeun jadi lima taunan pedah > populasi beuki loba hartina lahan beuki saeutik). > Lamun pipindahan teh nomaden, meureun imah teh lain banda pakaya nu utama, > ngan sakadar tempat reureuh. Sabalikna lamun semi sedenter imah tetep jadi > banda pakaya da teu ditinggalkeun, di culjeunkeun, ngan meureun teu pati > diurus. Sok sanajan masarakat Kanekes mangsa kiwari imah teh geus jadi banda > pakaya nu dienya enya. > Tapi sok sanajan kitu urang Sunda geus dicap kosmologis ngahuma. Meureun > awal-awalna pisan mah enya nomaden, pipindahan sakahayang, can tangtu balik > deui ka tempat asal. Urang enyakeun we siga kitu. Lamun enya siga kitu > kira-kira anu dibabawa tur tara leupas teh diantarana parabot, bisa bae > mangrupa amparan (samak), wawadahan jeung pakarang. Dina jaman mana atuh eta > kajadian teh..?. Nya meureun nganteng we ti mimiti jaman pindahna bangsa > bangsa ti daratan Asia ka Indonesia tug nepi ka jaman Pajajaran atawa nepi > ka Mataram ngaaneksasi Tatar Sunda (mangga ieu mah bagian ahli sajarah). > Kira-kira amparan, wawadahan jeung pakarang naon nu dipake..? > Lamun ningali dina buku History of Java Raffles aya berendelan gambar rupa > parabot keur tatanen, euweuh gambar bedog, nu aya teh lolobana mangrupa arit > malah aya nu siga kujang (kudi tea meureun). Tapi, dibagian pakarang aya > gambar rada lengkep, dina gambar ieu aya gambar bedog (golok), disebutkeun > eta teh pakarang raja atawa sahenteuna keur pakarang para perjurit raja > (urang rada bedakeun antara parabot (alat keur gawe) jeung pakarang (alat > keur bela diri), tujuanana mah ambih gampil ngabedakeun antara alat keur > gawe jeung keur bela diri). > Ana kitu naon atuh alat keur digawe di huma..?. Diantarana nu mindeng > katingali mangsa kuring keur budak keneh nyaeta aseuk, tapi pan eta mah > sanggeus taneuh dirarata, melak binih teh langsung diasupkeun kana liang > meunang ngaseuk. Lamun diwawaas milih tempat keur ngahuma teh tangtu > taneuhna dianggap lendo, henteu dina taneuh nu gurawes, deukeut ka susukan > atawa wahangan, relatif rata tur lega. Meureun ngabukbak heula, reuma > diberesihan tangkal nu ngahalangan dituar sahenteuna dahan bae di tutuh > sangkan ulah ngahieuman, alatna nu dipake tangtu nu rada gede, weweg tur > ampeg nya pastina leuwih ideal kana wangun bedog. Ari reuma atawa jujukutan > mah lain dibabad tapi dirabut ambih akarna kabetot tur tujuanana bari > sakalian malikeun taneuh. Taneuh teu dipacul da pacul mah alat keur nyawah > dina taneuh nu hipu kacaian, dina lahan keur huma cukup ku sosogrok siga > aseuk. > Meureun, lamun tea mah bisa aya kacindekan yen bedog teh salah sahiji > parabot keur ngahuma, atawa sebut we keur masarakat nu lain nyawah, hal ieu > bisa ditingali ayana wangun nu meh sarimbag jeung bedog di daerah nu lain > nyawah, saperti di Sumatra, Kalimantan jeung tempat sejen, aya nu nyebut > klewang, parang, penai, mandau. > Aya nu bade nambihan atanapi ngoreksi..mangga diantos pisan pedaranana. > Aeh enya di daerah Cimahi caket Batujajar aya nu disebat daerah Tipar, > geuning tipar teh hartosna sami sareng huma. > > MSasmita. > > > > > ________________________________ Get your preferred Email name! Now you can @ymail.com and @rocketmail.com. ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
