emh...deudeuh teuing diri disebat AKANG
padahal jelas abdi ngabasakeun maneh AMBU

Tabe pun, abdi AWEWE...

AMBU



----- Original Message ----
From: deudeuh hartono <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Wednesday, September 24, 2008 1:57:19 PM
Subject: [kisunda] Re: Tulang-Taling = Tulang Taleng


tah mun ieu, abdi oge kantos diwartosan ku pun bapa sareng pun biang 
cenah ari baheulamah justru tibalik ngalarapkeunna, sapertos pamendak 
kang Richadiana
--- In [EMAIL PROTECTED] .com, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> perkara nulis e-butak sareng e-halis teh, mun noong buku jadul, 
justru
> tibalik ngalarapkeunana teh dibandingkeun jeung nu ayeuna mah. upama
> kiwari mah e-kelek nu ditulis make e-halis teh, ari e-pepeg mah
> ditulisna make e-butak. tah ari dina buku sunda jadul mah, uing 
kungsi
> manggih, justru sabalikna: e-kelek nu ditulis make e-butak, ari
> e-pepeg ditulis make e-halis.
> 
> salam,
> mh
> 
> On Wed, Sep 24, 2008 at 9:46 AM, richadiana kartakusuma
> <richadianakartakus [EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > perkawis tulang taling - tulang taleng
> > duka yeuh...rada nyalenggor panginten... mugi aya gunana
> >
> > dina lisan mah kadangu asana mah mung dina tulisan LATIN mah anu 
ayeuna
> > dianggo saatos ejaan OPHUYSEN..teh memang teu patos katingal 
(nembrak) margi
> > sok aya anu nganggo sok aya nu hanteu. Panginten dianggapnya 
sevara refleks
> > bae tos dianggap ngartos ku anjeun... khusus bagi pemangku budaya 
bahasa
> > bersangkutan. ..
> >
> > anu disebat taling teh kedahna mah nganngo curek tea (aksong cnah 
saur basa
> > P'cis mah) nyaeta salah sawios anu kalebet tanda diakritis. 
Bangsa ayeuna
> > anu satia keneh nganggo tanda2 diakritis dan secara ketat nyaeta 
PRANCIS
> >
> > pami palay uninga tanda2 diakritis kieu di NUSANTARA mah nyaeta 
dina aksara2
> > (tulisan) pabuhunan boh Jawa boh Sunda boh Malayu  (inscriptie - 
oge
> > manuscript)
> > geura mangga tingal
> >
> > margi sami sareng fungsi "fonem"  tea, fonem bunyi (vokal) yang 
memakai
> > taling dan tiak memakai taling memang tidak sekadar berbeda bunyi 
ketika
> > diucapkan tetapi juga berbeda arti (bagi studi bahasa > ini 
merupakan kasus
> > fatal ...karena merubah pengertian total. Dina aksara kapungkur 
mah jelas
> > katingal
> > - geulis versus gelis (di luhur vokal e nganggo tanda melengkung)
> > - hideung versus hideng (di luhur vokal e nganggo tanda 
melengkung)
> >
> > oge kecap hanca > ( n = ny) dibunyikan jelas dengan tanda layar 
diatas
> > konsonan n
> > ari kiwari mah tanda2 diakritis ieu teh teu dianggo
> >
> > aya contona aturan ejaan urang teh
> >
> > AMBU
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> > ----- Original Message ----
> > From: Kang Iman <firman.raharja@ ...>
> > To: [EMAIL PROTECTED] .com
> > Sent: Wednesday, September 24, 2008 7:56:18 AM
> > Subject: Re: [kisunda] unek-unek
> >
> > Upami teu lepat ...
> > Perkawis teu kedahna halis diangge dina e taling memang aya 
aturanna
> > mung eta mah aturan dina basa Indonesia (EYD tea)
> > da kapungkur kantos aya pangajaran khusus EYD
> > geura bukaan deui buku EYD
> >
> > namung upami dina kasus basa sunda
> > memang sim kuring ge teu acan mendakan aturan anu tertulis
> > kedah henteuna ditulis
> > ieu sigana upami memang teu acan aya aturan tertulis
> > janten tugas lembaga anu berwenang
> > hal ieu janten penting kumargi pakuat kait sareng sektor 
pendidikan
> > komo deuih kanggo barudak
> > upama aya nu tertulis pan bisa dicarekan tah guruna ......:)
> >
> >
> >
> >
> > On Wed, Sep 24, 2008 at 3:21 AM, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED] 
com>
> > wrote:
> >>
> >> Nyakseni sakumaha anu ditepikeun ku Mh. Sakumaha numutkeun kang 
Dadan
> >> Sutisna, lulusan sastra Sunda Unpad sareng sadidinten damelna di
> >> Cupumanik (majalah basa Sunda ti Pusat Studi Sunda, kagunganana 
Kng
> >> Ajip Rosidi), memang aya dua madzhab anu dua-duana sah 
dilarapkeun.
> >> Anu kahiji, nyaeta anu ngabedakeun antara "e" teleng ("teleng" 
atawa
> >> "taling"?) atawa "e" halis ceuk Mh tea mah alias anu make curek 
tea
> >> (conto: "e" dina kecap "kaleng") jeung anu henteu ("e" pepet, 
conto:
> >> "e" dina kecap "jejer"). Madzhab anu kadua, nya anu gundul tea
> >> sadayana dina istilah Mh mah atawa anu teu make curek boh pikeun 
"e"
> >> halis ("e" dina kecap "kaleng) atawa dina "e" pepet ("e" dina 
kecap
> >> "jejer") alias teu ngabedakeun antara eta dua kecap vokal.
> >>
> >> Kukituna, dina kasus anu kaalaman ku tuang putera (nujul ka pak
> >> Hartono), sigana eta mah tugas ti Pa Guru-na wae, anu tujuanana
> >> ngalatih nu jadi siswa sangkan mikawanoh mana anu sakuduna 
diucapkeun
> >> e teleng jeung mana anu sakuduna diucapkeun e pepet.
> >>
> >> Anapon pikahareupeun, si kuring ngarojong kan usulan Mh. Mun 
deug aya
> >> kasaluyuan antara para ahli basa Sunda, laju netepkeun simbol 
pikeun
> >> "e" halis, "e" pepet jeung "eu" ku hiji aksara (hurup) wae, 
meureun
> >> rikrik pisan tutulisan ku basa Sunda teh. Komo lamun digunakeun 
deui
> >> sistem angka 2 keur kecap anu dieja dua balikan (atawa 
nyiptakeun oge
> >> tambahan simbol keur netelakeun perluna kecap dua balikan).
> >>
> >> manAR
> >>
> >> On Tue, Sep 23, 2008 at 11:39 PM, mh <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:
> >> > upama ditoong dina majalah basa sunda, aya dua gaya eta teh: 
mangle
> >> > mah make e-butak, teu make halis, ari cupumanik mah make e-
halis, make
> >> > curek tea.
> >> >
> >> > perkara nulis e-halis sareng e-butak make komputer, justru 
kiwari mah
> >> > fasilitas keur make e-halis teh leuwih gampang. malah mun rek 
nulis
> >> > /eu/ diganti ku aksara tunggal ge gampil kiwarimah, misalna 
make
> >> > e-cetok-nangkarak atawa e-cetok-nangkub.
> >> >
> >> > enya hadena mah, aya kasarageman pikeun nulis dina media citak 
atawa
> >> > elektronik teh. heug pilih, salah sahiji, ditulis e-halis atawa
> >> > e-dugul,
> >> >
> >> > salam,
> >> > mh
> >> >
> >> > On Tue, Sep 23, 2008 at 3:50 PM, deudeuh hartono
> >> >
> >> > <s_two.hartono@ yahoo.com> wrote:
> >> >> nitenan sababara artikel sunda, rek dina internet, koran 
atawa buku
> >> >> nu rata-rata nu nulisna sarjana lulusan paguron luhur, ceuk 
kuring
> >> >> bet asa aya nu ngagganjel nyaeta, ihwal nulis hurup vokal "e 
taling",
> >> >> diantarana aya nu make curek tiluhur jeung nu henteu make. 
Tapi ari
> >> >> ceuk pamanggih kuringmah teu kudu make curek, kahese-hese 
komo mun
> >> >> nulisna na komputer mah. Sakanyaho kuring waktu baheula keur 
kelas 4
> >> >> SD mun teu salah, harita e taling teh masih keneh make curek 
tapi
> >> >> saterusna ku guru dibejaan yen ayeuna mun nulis e taling teh 
teu kudu
> >> >> deui make curek, geus dirobah cenah. Kaharti oge ku kuring 
sanajan
> >> >> teu make curek ari bener urang sunda mah geus bisa 
ngabedakeun cara
> >> >> macana, contona tulisan kuring ieu, pasti kahartieun ku nu 
macana.
> >> >> Lain nanaon nulis kieu teh karunya ku anak kuring nu keur 
sakola di
> >> >> SD sok nanyakeun wae da ceuk guruna keukeuh kudu make curek, 
mun
> >> >> henteu sok disalahkeun.
> >> >>
> >> >>
> >> >> ------------ --------- --------- ------
> >> >>
> >> >> Yahoo! Groups Links
> >> >>
> >> >>
> >> >>
> >> >>
> >> >
> >> >
> >
> >
> >
>

    


      

Kirim email ke