oh kitu kutan ari seniman mah aya dispensasi, nya ari kitumah teu nanaon. Tapi bah kumaha upami jadi salah hartos? contona tina lagi nu haleuangkeun Neng Nia Daniati nu unina kieu:"Keur Kakasih titip diri sakanyeri..." meureun maksud na mah keur kabogoh jst, tapi pan kakasih teh hartosna wasta atanapi nami, sanes kitu. Punten sakantenan ngawartosan, nick name (neneh) abdi dina ieu milis janten disingket meh teu panjang teuing
--- In [email protected], "oman abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Bagea kang Tono (punten, teu sawios kitu nenehna jadi "Tono"?), > > Satemenna, para seniman (oge para Da'i/Kiai/Ajengan di derah anu > sapopoena migunakeun basa Sunda) kawih atawa musik model Doel Sumbang > ieu kaetang ageung jasana dina ngamumule basa Sunda ngaliwatan > karya-karyana. Khususna Kang Doel Sumbang anu rumpaka kawih-kawihna > teh merenah pisan dina tangtungan basa Sunda anu loma. Pantes pisan > pentolan-pentolan tina eta dua widang (da'i sareng seniman kawih) > kenging pangajen. > > Khususna karya-karya kang Doel Sumbang (pop Sunda), Wa Kepoh > (dongples), Bimbo (pop Sunda/Indonesia), RAF (sandiwara Inohong di > Bojongrangkong) kungsi jadi bahan disertasi doktor salah saurang > panalungtik ti nagari Walanda. Aya bukuna pangintu ti Kang Rachmat, ke > sugan pareng urang guar. > > Cag heula. > > manAR > > > On Thu, Sep 25, 2008 at 10:48 AM, deuhart <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Emaaa... geura balik ema! hayam jalu geus kongkorongok jst. > > Harita basa halodo panjang, calik paduduaan dina samak salambar > > tuh saksina bulan anu sapotong jst...,sisi laut Pangandaran > > Sakaterang sim kuring dina basa sunda istilah-istilah: > > hayam jalu lumrahna atawa ilaharna disebut hayam jago, teu > > disaruakeun jeung sato-sato lain saperti domba, munding, jrrd. Oge > > samak salambar disebutna samak saheulay, sisi laut= basisir, bulan > > sapotong = bulan sapasi. Terus mun nilik kana lirik laguna, mun > > diganti ku nu ilaharna sigana moal ngurangan/ngarobah kana kaendahan > > makna jeung hartina eta lagu. Cing..!! > > > > > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
