KO tangtos urang kedah kritis kana naon bae nu ditampi. Ngan perelu oge 
nyesakeun keur usik (space) kamungkinan memang urang can teurak 
mesekna/ngakritisanana nu malah bisa salah harti. Masalah kriteria jeung 
phenomena alam dina masalah ieu memang bisa jadi perdebatan. Tapi candak space 
na diri urang sorangan, boa-boa cara nempo jeung intepretasina nu can kataekan. 
 
Roda muter terus terusan, curugan cai......dinamis atanapi statis? Hawa tiis 
jeung haneut di kutub, sub tropis, tropis tangtos aya ukuran jeung rasa 
masing-masing. Jadi kumaha oge masing2 kedah tos lebur kana alam tempatna, 
kedah tos tiasa dialog sareng alamna.
 
Jadi hese? pabaliut? kumargi eta ku abdi dialungkeun ka milis. Mangga atuh dina 
ngabuburit ulah hilap nyetel film Contact na Jodie Foster....phenomena - 
interpretasi.
 
salam
Jalak Pakwan
 
 

 



----- Original Message ----
From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Cc: urangsunda <[EMAIL PROTECTED]>; baraya_sunda <[EMAIL PROTECTED]>; [EMAIL 
PROTECTED]
Sent: Thursday, September 25, 2008 10:19:51
Subject: Re: [kisunda] Lailatur Qadar tos ngalangkung??


Kang Tirta, Kang Agus lan baraya sadaya,

Anu kungsi kapanggih ku kuring ngeunaan Lailatul Qadar (LQ) sederhana
wae. Sederhana di dieu lain hartina urang gampang meunangkeun LQ, tapi
leuwih nyoko kana henteu kudu dikuat-kaitkeunana LQ kana gejala alam
saperti isukna isuk-isuk anu tiiseun (B.Ind: hening), jst. Nuturkeun
katerangan tina Al Qur'an jeung As Sunna, LQ teh diturunkeun dina
bulan ramadhan, sakumaha Al Qur'an oge turun dina bulan ramadhan.

Ngan, dumasar Al Qur'an, LQ mah arek terus-terusan diturunkeun dina
satiap bulan ramadhan. Pituduh hal eta dina Al Qur'an nya kalimah
"tanazzalu al malaaikatu fiihi biidzni robbihim" (surah Al Qodr ayat
ka 4) anu mana kecap "tanazzalu" teh sacara gramatika asup kana fi'il
mudhore anu nuduhkeun pagawean eukeur atawa arek dilakonan/kalakonan .
Anapon turunna Al Qur'an eta mah ngan sakali jeung geus kaliwat.
Pituduhna dina Al Qur'an nyaeta ayat "Inna anzalnahu fii lailatul
qodri" (surah Al Qodr ayat ka 1 anu mana kecap "anzalnahu" teh
wangunna wangun fi'il madhi anu nuduhkeun pagawean anu geus kajadian
(dina kasus-kasus tinangtu bisa oge nuduhkeun pagawean anu pasti baris
kajadian; ngan dina ayat anu bieu mah nuduhkeun enggeus kajadian).

Saterusna, ditegeskeun oge yen eta LQ teh leuwih hade tinimbang 1000
bulan, tur, dina LQ teh lalungsur (ka dunya) para malaikat jeung Ar
Ruh kalayan idzin pangeran aranjeunna pikeun nangtukeun urusan (Amr),
kalayan pinuh kasalametan nepi ka medalna fajar. Ngan sakitu anu
kaunggel dina Al Qur'an ngeunaan LQ.

Paralun, lain si kuring teu percaya kana al Hadist, tapi apan urang
teh geuningan diajarkeun supaya kritis oge dina nampi hadist. Dina
istilah elmu hadistna tea mah naon anu disebut kudu kritis kana matan
atawa kandungan hiji hadist. Ilikan geura, lamun LQ dikait-kaitkeun
jeung gejala alam, atuh beda-beda LQ teh, jeung, bisa jadi di hiji
tempat, meh unggal poe (dina bulan ramadhan) turun LQ (kusabab gejala
alamna nyumponan kriteria). Bisa jadi di tempat nu sejen moal aya LQ
saendeng-endeng da gejala alamna teu nyukupan kriteria geus turunna
LQ. Maksud kuring, lamun kriteria turunna LQ teh, upamana, isuk-isuk
anu tiiseun, langit bengras tapi teu panas, kumaha lamun keur urang
pakotaan anu salawasna isuk-isukna tara tiiseun? kumaha oge keur urang
kutub atawa anu dumuk di daerah iklim tiis kusabab tiis salilana jeung
kamugkinan tiiseunana leuwih gede? Naha turun LQ unggal peuting?

Kuring masih inget katerangan salah saurang ustadz 20 taunan ka
tukang, yen ngait-ngaitkeun LQ jeung fenomena alam isukna eta kurang
relevan. Sabab fenomena alam mah bisa wae bagilir kaayaanna, jeung
bisa jadi hiji fenomena alam henteu rata kaalaman dina hiji waktu ku
sakabeh manusa anu dumuk di dunya ieu. Upama hiji poe isuk-isuk di
bulan ramadhan tanggal lilikuran anu ganjil di hiji tempat kaayaan
tiiseun, panon poe teu panas, jst sakumaha - ceuk cenah - ciri-ciri
geus turunna LQ, sedeng di tempat sejenna upamana hujan ngecrek atawa
rame pisan boh ku sora sasatoan atawa sora manusa - singgetna mah -
kaayan alam anu teu nuduhkeun geus turunna LQ peutingna, atuh teu adil
Pangeran teh? Mahasuci Alloh tina kaayan teu adil sabab Alloh mah eta
anu Maha Adil.

Pikeun ngamaknaan LQ, kuring leuwih condong kana katerangan hiji
ustdaz, yen LQ leuwih merenah lamun ditafsirkeun salaku hiji hontalan
manusa kusabab amal-amalna dina hiji waktu di bulan ramadhan anu eta
amalna teh leuwi hade atawa leuwih luhur kualitasna dibanding ibadah
(ritual) salila 1000 bulan. Tafsir ieu memang rada sufistik, sabab
"peuting" dina lebah dieu diibaratkeun salaku poekna anu teu nyaho
atawa poekna anu teu acan mendakan pencerahan, laju aya anu turun
(para malaikat) mawa urusan jeung katangtuan anu pinuh kasalametan
pikeun eta jelema, tangtu kusabab hiji atawa sababaraha amalna anu
geus dilakukeun ku eta jelema anu ajenna leuwih ti ibadah ritual
salila 100 bulan.

Kukituna, LQ teh achievement ti hiji jelama, lain given pikeun hiji
jelema. Leuwih teges deui, LQ kahontal ku hiji jelema kusabab amal
sholehna anu kacida luhur ajenna mungguh Alloh, jeung lain pamaparin
kitu wae sacara haratis ti Pangeran ka hiji jelema. Patarosanana, amal
anu kumaha anu bisa nganteurkeun urang meunangkeun LQ? Dina lebah
dieu, nyanggakeun ka sadayana, kantun milarian. Tetengger mah geus
jelas, yen dina Islam, dimensi sosial leuwih gede (hartina leuwih
penting) tinimbang dimensi ritual jeung dimensi-dimensi sejenna.
Geuningan, apan miceun cucuk ti tengah jalan wae geus kaasup hiji
kahadean anu gede ajenna. Oge Pangeran dina salah sahiji hadist Qudsi
ngadawuh:"Pek panggihan Kami di satengahing jelema-jelema anu pinuh
kasusah (Bhs Ind.-na: "yang hancur hatinya")". Kukituna, moal boa,
hiji ibu-ibu anu ngaridokeun beasna - anu ngan kari sakalieun masak -
diparokeun pikeun fakir miskin anu kalaparan dina hiji poe, anjeunna
geus ngahontal LQ dirina dina taun eta; tinimbang, upamana, anu
sapeuting jeput acong-acongan ibadah kalayan teu malire kana kaayaan
masyarakat sabudeureunana. Tangtu wae, anu panghadena mah masagi, boh
ibadah sosialna atawa ibadah ritualna kaohontal atawa nyumponan
kualitas anu meunangkeun LQ.

wallohu 'alamu bi as showab (jeung Gusti Alloh anu uninga kana naon anu bener).

manAR

neda widi, ieu seratan dikintun oge ka milist sanesna. Hatur nuhun.

On Thu, Sep 25, 2008 at 10:44 PM, Agus Pakusarakan
<prabu_siliwangi@ yahoo.com> wrote:
> Lailatur Qadar tiasa katinggal dina wanci isuk pas waktu carangcang tihang
> diman suasana hening, panan poe isuk2 cerah, tapi teu panas
> langit cerah bersih...
> jeung sajabana...
>
>
> --- On Thu, 9/25/08, Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:
>
> From: Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED] com>
> Subject: [kisunda] Lailatur Qadar tos ngalangkung? ?
> To: [EMAIL PROTECTED] .com
> Date: Thursday, September 25, 2008, 2:15 AM
>
> Baraya punten aya nu uninga, atanapi ngaraosan naha maleman Lailatul Qadar
> tos sumping dinten ka 21 atanapi ka 23 kamari?
> Dinten ieu wengi ka 25 tanda-tanda sepi, hening oge aya najan di puseur
> Batawi, tapi tadi geuning hujan...gugur kitu??
> Sarangenge rada hese jadi patokan da di Batawi mah tos kotor hawana, ceudeum
> belewuk bae.
>
> salam
>
> Jalak Pakwan
> ____________ _________ _________ __
> Get your new Email address!
> Grab the Email name you've always wanted before someone else does!
>
> 
 


      Get your preferred Email name!
Now you can @ymail.com and @rocketmail.com. 
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/

Kirim email ke