*dina salah shiji blog anu dikelola ku simkuring aya pertarosan :*

Ari ningali data nu ditulis ku Ambu, di Ciamis teh aya 335 situs..
Ambu…atuh di data situs mana bae eta teh…, Abdi rada khawatir perkawis
pemeliharaan-na.., dirawat teu nya ku Pemda ? atanapi ku swadaya masyarakat
wungkul ? Sok atuh para putra Galuh urang ngempel bari ngopi ngabahas
masalah iyeu…(peninggalan buyut-buyut urang teh ..)
hatur nuhun ah…….

kang yana : [EMAIL PROTECTED]

*dupi postingan ti Ambu anu kantos dialungkeun teh :*

Kakantun linuhung budaya Siliwangi nya kalebet kakantun Urang Sunda oge
naha Kang Rahman bade kumaha uningana, ari calik wae di NL mah…teu ngahaja
ngalanto ka buruan indung? maasing enya ge nu tos kapendak langkung sakedik
timbang di pulau2 sanesna nu di Indonesia tapi da aya….ngajegir. ..
bungkeuleukan. ..tapi apanan nu di Tatar Sunda mah teu patos "kapirosea"
utamina ti saprak mayoritas Tatar Sunda gentos ngagem kayakinan "enggal"
kaleresan kayakinan ieu nu sipatna kedahna "privacy" geuning ngambah sanes
mung ukur kayakinan tapi oge "nyilihan budaya indung" nya kasilap kasulap
budaya indung = kayakinan, nu disebat budaya Tatar Sunda mah "hos weh"
Ongkoh "reueus" ka Siliwangi tapi arang nu kumelendang ngadeuheus ka sajarah
mantena…teu dilenyepan.. teu diteuleuman ukur kasebat dina "biwir"

Warisan budaya Urang Sunda (ieu hungkul terbatas nu kakumpul harita …masih
seueur nu kabuni keneh > sumber Thesis S2 sikuring baheula khusus tentang
Sunda sikuring kalebet salah sahiji angkatan munggaran basa jurusan
arkeologi muka mimitran Pasca Sarjana > Arkeologi - FSUI tahun 1986). Teu
acan kasusul nu enggal kapendak ayeuna (inventris PEMDA keneh)
prasasti kawali

A. Data Tekstual (sumber tertulis) data nu kakempelkeun tahun 1988!
a.Prasasti
I > Tarumanagara > 7 prasasti batu (beraksara Palawa berbahasa Sanskerta)
1.1 prasasti Lebak (Ci Danghiyang - Banten)
1.2.prasasti Ciaruteun (Bogor)
1.3.prasasti Kebonkopi I (Bogor)
1.4.prasasti Muara Cianten (Bogor)
1.5.prasasti Pasir Awi (Bogor)
1.6.prasasti Jambu (Bogor)
1.7.prasasti Tugu (Cilingcing/ Jakarta)

II > Galuh > 4 prasasti batu (beraksara dan berbahasa Sunda Kuno)
2.1.prasasti Mandiwunga (Ciamis)
2.2.prasasti Rumatak (Gegerhanjuang -Indihiyang)
2.3.prasasti Sadapaingan (Ciamis)
2.4.prasasti Kawali (Ciamis)

III. > Sunda > dituliskan pada batu dan tembaga
3.1. prasasti Kebonkopi II (akara Sunda kuno& bahasa Malayu Kuno)> Bogor
3.2. prasasti Sanghiyang Tapak (aksara Sunda Kuno & bahasa Jawakuno) >
Sukabumi
3.3. prasasti Cikapundung (Arca Batu) > Bandung
3.4. prasasti Kebantenan (tambaga piteket > bahasa & aksara Sunda Kuno)>
Bekasi
3.4.1. Sunda Sambawa
3.4.2. Gunung Samaya
3.4.3. Dayeuhan Jayagiri
3.5.prasasti Talaga Maharena Wijaya/Batutulis (aksara & bahasa Sunda Kuno)>
Bogor

b. Karyasastra Sunda Kuno (aksara & bahasa Sunda Kuno)
1.Carita Parahiyangan (Priangan Timur)
2.Kabuyutan Ciburuy (Priangan Timur)
3.Sewaka Darma (Priangan Timur)
4.Siksa Kanda Ng Karesian (Priangan Timur)
5. Jatiniskala (Priangan Timur)
6. Kawih Paningkes (Priangan Timur)
7. Bujangga Manik

B. Data Kontekstual (kepurbakalaan) nu kakempelkeun 1988!
di kasebat wangunan kabuyutan (bangunan pusat upacara keagamaan > candi mun
ceuk urang Jawa mah, tapi Urang Sunda boga istilah sorangan nyaeta
Kabuyutan)

I. Kabuyutan di Lebak
1.1. situs Ciwongwongan
1.2. Situs Kosala
1.3. situs Lebak Cibedug
1.4. situs Batu Sirit
1.5. situs Arca Domas

II. Kabuyutan di Karawang
2.1. situs Batujaya
2.2. situs Cibuaya
2.3. situs Buni

III. Kabuyutan di Sumedang
3.1. situs gunung Tampomas
3.2.situs Astana Gede
3.3.situs Astana Cipanas

IV. Kabuyutan di Garut
4.1.situs Cangkuang
4.2.situs Pasir Lulumpang
4.2.1. Pasir Kiara Payung
4.2.2. Pasir Tengah
4.2.3. Pasir Kolecer
4.3.4. Pasir Astaria
4.3.5. Pasir Luhur
4.3.6. Pasir Gantung
4.3.7. Pasir Tunjung (Kadaleuman)

V. Kabuyutan di Tasikmalaya
1. situs Indihiyang

VI.Kabuyutan di Ciamis
5.1. situs Batu Kalde
5.2. situs Kanduruan
5.3. situs Kalipucang
5.4. situs Ronggeng
5.5. situs Karangkamulyan
5.6. situs Gunung Padang
5.7.situs Astana Gede (Kawali)
5.8. situs Susuru
5.9. situs Batu Panjang
5.10.situs Lengkong
(ieu nu katalungtik ku sikurig harita basa ngumpulkeun data > basa mulang ka
Ciamis deui tahun 2002 sikuring diwartosan ku PemDa rehna nu kakempel di
Ciamis dugi ka tahun 2000 teh aya kana 335 situs… mangga lenyepan)

VI. Kabuyutan di Kuningan
6.1. situs Sukasari
6.2. situs Susukan
6.3. situs Ciarca
6.4. situs Hulu Lingga
6.5. situs Cipari
6.6. situs Gunung Cireme
8.7. situs Panyusupan

VII. Kabuyutan di Bogor
7.1.situs Gunung Cibodas
7.2.situs Gunung Salak
7.3.situs Gunung Gede-Pangrango
7.4.situsBatutulis
7.5.situs Rancamaya
7.6.situs Pasir Angin

VIII.Kabuyutan di Cianjur
8.1.situs Gunung Padang
8.2.situs Lemah Duhur
8.3.situs Pasir Gede

IX.Kabuyutan di Sukabumi
9.1.situs Pangguyangan
9.2. situs Tugu Gede
9.3.situs Salak Datar

Tah ieu sadayana "TINGJALEGIR" keneh dugi ka ayeuna, warisan budaya karuhun
Urang Sunda nu teu kapalire ku putra putuna, salian ti nu tos didangding ieu
masih seu-eur keneh pisan nu kapendak enggal

Nyanggakeun

AMBU






rahayu,












-- 
Eminx

http://www.saatchi-gallery.co.uk/yourgallery/artist_profile//95268.html

Kirim email ke