sampurasun,...
aya hiji deui bewara ngeunaan silaturahmi -halal bihalal kisunda,...
kusabab aya dulur kisunda anu hoyong pendak pisan, mung ping 6 na
anjeuna teu tiasa, kedah ngudag pesawat (euweuh gawe nya,.... pesawat
di udag2, lain ditumpakan,...)
janten, ping 5 aya pertemuan rahasia (hehehe, henteu ketang,...)
pertemuan kisunda nu teu tiasa ping 6, cenah bade karumpul di bumina
kang oca, di jl,tirtayasa...
asli ieu mah silaturahmi ka bumi kang oca,... hoyong ningal rarancang
desain kontruksi imah baduy,... ayaaa di rorompokna kang oca,... bade
ningali koleksi kujang? ayaaaaa,.... oge aya berbagai jenis variasi
iket sunda,... seuuuuuuuueeeuuuurrrrr,.... di kang oca,...
(asal tong di pentaan, karunya,... ku abdi tos seueur di pentaan hehehe)
pami mung sakedikan di ping 5 ieu, tiasa ngobrolna di bumi kang oca,
pami rada seueur, nya menggeser weh caket kadinya, aya restoran
bancakan,.... meh teu ngariweuhkeun nu gaduh bumi,hehehe....
janten, 2 pertemuan ieu saling mendukung, da eta2 keneh jirimna,hehehe
langkung seueur pendak ,langkung lekoh silaturahmina,...
waktos sareng kumah2na,... mangga konfirm sareng kang oca langsung,
atanapi via abdi oge tiasa,...
sskitu bewara rariweuh teh,... mugia lalancar tina ngajalankeunana...
=roche=
laporan: wadah dana tos di eusi ku 3 kisunda,...
masih keneh tebih tina cekap kanggo nutupan anggaran acara,...
by geuleuyeung wae,.... nu penting, show must go on,...
nuhun
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/