Tenang wae Kang, eta mah aya Ambu Diana arkeolog anu mulik reset ti Muarakaman, 
patilasan Kutai buhun. Kutai sok disebat karajaan pangkolotna sa indonesia 
kusabab dina prasasti "yupa" titimangsa abad ka 4 sabenerna saabad jeung 
prasasti batu tulis cap suku (sanes kitu Ambu?) tapi dina prasati Mulawarman 
nyebutkeun boga aki ngaran Kudungga, jadi titimangsa prasasti mulawarman  
dikurangan 50 tahun atawa 100 tahun disimpulkeun lewih awal atawa leuwih kolot, 
kangge ngabuktoskeunana ayeuna urang kedah tiasa balik ka jaman baheula.... 
soklah Ambu!


  ----- Original Message ----- 
  From: deuhart 
  To: [email protected] 
  Sent: Friday, September 26, 2008 10:48 AM
  Subject: [kisunda] Purnawarman vs Mulawarman


  Pun adi di Ujungberung ari carogena teh ti sabrang (Kaltim), cenah
  saur anjeuna keukeuh yen Purnawarman teh bibit buitna ti Kutai,
  asumsina panginten tina nami nu sami di tungtung, tah kuabdi ditempas
  kieu, muhun kamungkinan na aya hubungan mung abdi teu tiasa
  ngabuktoskeun margi literatur nu kantos dibaca salangkung ku abdi
  ical, janten samar-samar kahilapkeun, mun teu lepat asana mah duka
  saaki duka sabuyut jst. Manawi aya nu terang cing kumaha asal muasalna
  teh?.
  Panambih: ayeuna pun adi nuju nyatet sababarha kecap basa Banjar
  (Kaltim) nu sami sareng kecap-kecap basa Sunda, tos kenging ampir
  200-an. Ke pami aya waktos, urang aplodkeun didieu.


  . 
   

Kirim email ke