Mangga Ambu, abdi mah ngiringan ngigelan jaman da eta mah mung catur tanpa bukur wungkul...
wasslam dudi_ss -------------------------------------------------------------------------------- ----- Original Message ----- From: richadiana kartakusuma To: [email protected] Sent: Saturday, September 27, 2008 2:20 AM Subject: Re: [kisunda] bade tumaros: Kang Oca>Urang Baduwi budal badul...budal badul....eta mah sakadang Walanda nu nyebat, saena KANEKES wae ...gamparan SAMARINDA ----- Original Message ---- From: dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Friday, September 26, 2008 10:26:48 PM Subject: Re: [kisunda] bade tumaros: Kang Oca>Urang Baduwi Kang Oca, oge baraya sadaya. a.. Perkawis nami, dibunikeun manawi ku sepuhna.... wios baelah janten misteri, sok sanaos jaman ayeuna sok disebat 'era keterbukaan dan transparansi' tapi sanes hartosna kedah bulucun.. hi.. hi... hi. b.. Perkawis 'berita baru' abdi ge tadi teh mani ngaleketey hate dibarung ku rasa sedih, geuning suku baduwi teh dulur urang anu migrasi ka arab keur mapang datangna jaman anyar. Hal ieu kanggo abdi ge nembe terang tadi padah aya patarosan ti Kang Oca tea, teras abdi minangsaraya ka Kang Jahanaka supados ngunduh file entry sunda dina basa arab hasilna nya kitu. Wah, upami kitu mah aya anu salah kaprah sareng urang sadaya anu ngangkeun "Urang Sunda" margi kedahna nyebat teh Urang Baduy atanapi Baduwi (arab), sami sareng urang Kanekes. Anu ka rampa ku abdi teh, etnis urang katelahna kapungkur mah (etnis) Baduy anu ngagem syari'at Sunda. Ku margi peradaban sareng budayana tos majeng, nya seueur anu ngumbara nyebarkeun ageman sareng turunan, diantawisna ka palih kulon mapay-mapay basisir samudra india ayeuna, tapakna aya di India sareng di Arab. Naha ceunah ayeuna urang jadi salah kaprah, gampangna mah ku conto bae lah, ayeuna urang sering nguping "Urang Islam, Urang Kristen jrrd" didieu saleresna Islam atawa Kristen henteu ngarujuk kana etnis tapi kana agemanana, timana urang tiasa nyebat "eta Urang Islam" si anu "Urang Kristen" nyaeta tina prilakuna/kabiasaan ana. Aya anu arada pas mah meureun ka Urang Israel, urang sok nyebat Urang Israel sami jeung Urang Yahudi pada can tangtu. Jadi kuduna nyebut teh Urang Baduy anu Islam, Urang Baduy anu Kristen, Urang Baduy anu Sunda khusus keur urang tangtu jeung panamping. Tapi urang tangtu jeung urang panamping tos ngamaklum kana kondisi urang anu kaluar tina syare'at sunda tapi tetep ngaku sunda, kukituna muncul weh anu disebat Sunda Wiwitan (sunda asli gitu loh..), upami aya Sunda Wiwitan tangtu aya Sunda..? c.. cag ah. Wassalam dudi_ss
<<wilujeng.jpg>>
