Boa…?

Sababaraha
     poe ieu kuring nyalukan hujan,

geuning aya
hawa panas nu ngahalangan,

usum hujan nu
kuduna enggeus ngadatangan,

nepi ayeuna
cai nu datang kalah lalumpatan. 

 

Hawa panas nu
teu biasana,

keur maksa cai
hujan teu murag ka dunya,

boa aya nanaon
dibeuteung taneuh sunda,

nu bakal
dibarengan ku oyagna dunya. 

 

Boa aya gunung
nu rek disada,

geuning hawa
panas nepi ka kieu karasana,

lain
nyingsieunan ngan ukur ngajak maca,

sakabeh
kajadian ku Allah pasti dibere tanda. 

 

Kuring kungsi
mere tanda,

ngarah
aranjeun milu waspada,

ngarah geus
taki-taki nyanghareupan bala,

ngarah teu
matak ngadatangkeun mamala. 

 




      

Kirim email ke