Deudeuh Teuing Anaking Kanyaah Ema
Tengah
peuting nu kalintang jemplingna,
hiji awewe keur
mendekul nyanghareup Nu Kawasa,
mudalkeun
sakabeh kanalangsana,
masrahkeun
sakabeh nasib ka mantenNa.
Diteuteup kabeh
anakna nu keur sare tibra,
nu salila ieu
mere kakuatan kana batina,
tetep satia
nuturkeun kahirupan bareng jeung salakina.
Inget ku lucu
imut anakna,
inget ku
capetang nyaritana,
inget ku seuri
nu sakitu ranguna,
cukup jang
ngubaran sagala kapeurihna.
Duh anaking
kanyaah ema,
hampura geuning
acan pinaggih jeung bagja,
lain teu hayang
buru-buru si bapa geura-geura,
geuning nasib
urang di dunya acan waluya.
Lain ema teu
hayang hidep senang anaking kanyaah ema,
manehna
ngalengis ngusapan tarang anak-anakna,
kapeurih beuki
ngarojokan jero hatena,
cing tawekal
aranjeun narimana.
Kabayang tadi
beurang pamenta anakna,
teu pira ngan
hayang sarua jeung batur ulina,
dalah kumaha
jang dahar oge istuning hesena,
teu wasa si
indung nahan cimata.
Kade anaking
ulah nyalahkeun bapa,
ema nu nyaksian
tisuksruk tidungdungna si bapa,
lain kieu
sabenerna kanyaahna,
cimata si indung
murag kana tarang buah hatena.
Akang kuring
nganuhunkeun ka akang,
kuring bakal
nyaah jeung satia salilana ka akang,
si indung ganti
nangkeup salakina bari
baluang,
keun we kang
ulah loba pipikiran,
kuring mah tetep
pamajikan akang.
Duh Gusti Nu
Maha Suci,
kuring estuning
jangji dina ati,
wios kumaha abdi
satia ati,
bade dijagi ku
sim abdi dugi ka mayunan pati.