Kulantaran biasa maca textbook jadi we asa teuas maca siloka teh. 

 ~ experientia docet sapientiam ~ 



----- Original Message ----
From: Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED]>
To: urangsunda <[EMAIL PROTECTED]>; baraya_sunda <[EMAIL PROTECTED]>; kisunda 
<[email protected]>
Sent: Sunday, September 28, 2008 22:59:47
Subject: [kisunda] (Serat: 88)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Sakali Deui Kuring 
Negeskeun.


Sakali Deui Kuring Negeskeun 
 
        * Kuring nyaho geus loba nu dibere tanda,
ngan hanjakal loba nu teu malire eta tanda kana dirina,
kusabab disangka dongeng anu teu pira,
disangka tahayul nu estuning teu bisa dipercaya. 
 
Arek loba cumarita kudu kasaha,
arek balaka sieun kalah ka era,
arek percaya puguh euweuh nu percaya,
tungtungna mang taun-taun ukur nyelap dina iga. 
 
Deudeuh teuing aranjeun anu kapilih,
pangalaman batin kalah matak rengat galih,
tungtungna malipir ka pipir jalan anu dipilih,
ngarah angger sarua jeung batur nu teu kapilih. 
 
Sakali deui kuring negeskeun carita,
kunaon mercaya ieu sieun disebut teu nyakola,
anggur geura balaka kanu sejen,
ngarah geura patepung sakabeh anu dibere tanda.
 
        * Lain teu bisa kuring noong salira,
ngan kuring hayang bareng tapi teu kapaksa,
kuring geus cukup mere siloka,
jang pikireun aranjeun nu dibere tanda. 
 
Anggur bagja anjeun dipercaya,
jang ngaguar sunda ngarah jaya,
teu sakainget Ki Santang mere tanda,
geus meunang mulak-malik mikir dibarengan ku elmuna. 
 
Ngan ukur panca kaki nu dipenta,
ngarah kacabak naon nu jadi tanda,
kuring tetep tarapti bisi salah sangka,
sabab teu jin teu manusa loba nu ceuceub ka urang sunda. 
 
Lamun geus kapanggih eta tanda,
kuring karak daek nepungkeun mata,
urang pasamoan ruing mungpulung,
bari urang dina elmu silih pulung. 
 
Buncir boga tanda hiji kujang badag awakna,
kuring neangan keneh tujuh kujang leutik awakna,
kudu pareng kapanggih disaha ayana,
ngarah geura mimiti maluruh anu kuduna. 
 
Kuring sapuk mun geura campa salira,
ngan lain neangan nu goreng di salira,
istuning balaka naon tanda di salira,
sugan sarua jeung nu katoong dina awak salira. 
 
Kuring nungguan di dieu,
kuring moal incah ti dieu,
kuring bakal ngamimitian di dieu,
kuring estu nganjrek di dieu.   
 


      New Email addresses available on Yahoo!
Get the Email name you&#39;ve always wanted on the new @ymail and @rocketmail. 
Hurry before someone else does!
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/

Kirim email ke