Kang Agus, wilujeng.
Kacipta kumaha pakepukna nu sok ngaku "budak baong" (padahal sakitu
bageurna). Hampura, ukur bisa ngalokan ku email sareng sms, sakali dua
nya patepung lawung. Ari prungna mah estuning salira saparakanca anu
tihothat kaditu kadieu. Pamugu wae naon rupa anu diusahakeun teh
manjing wanci, nyorang mangsa, datangna hiji pareng keur sadayana anu
tiasa, pareng kumpul dina waktuna, ngaluuhan jeung hadir dina acarana.
manar
On Fri, Oct 3, 2008 at 11:20 PM, agus <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> sampurasun,..
>
> wilujeng boboran siam,..
> mohon maaf lahir bathin, kasadayana...
> budak baong pasti seueur dosa ka baraya didieu,...
> hapunten,.... khususna ka kang nong gerak,... abdi sok seueur
> ngaheureuyan ,.... maklum, budak baong ,hese cicing.
>
> mangku tugas ti kisunda, ngeunaan acara dina ping 6,...
> aya sababaraha hiji nu kedah di guar,...
>
> 1. persiapan teknis
> -gedung,... ok (di bangunan sayap kanan, museum sribaduga bandung)
> -waktos ping 6 oktober 2008 ,dimulai tabuh 11, bubuka tabuh 12
> -teknis dan logistik sedang dalam tahap persiapan,... briefing teknis
> ping 4 okt di bumina kang oca, tabuh 4 sonten
> -kendala: spanduk sareng backdrop ,cigana rada teu ka udag pami bade
> di cetak colibrate (di print plastik ukuran ageung) sababna, toko
> kanggo nyetak eta palstik, nembe buka ping 6,...
> janten, cigana bade di damel manual wae,... kaen plus cat sablon.
> wios, nu penting tulisan eta spanduk jeung back drop tiasa jelas.
>
> -nu bade ngabantosan teknis, mangga diantosan di bumina kang oca,
> urang rereongan tanagi kanggo mengatasi beberapa kekurangan persiapan.
>
> 2. persiapan materi
> -materi bahasan, bade di rumuskeun di bumina kang oca ping 5, sonten
> skitar tabuh 3 an.
> -materi acara diskusi oge materi acara hiburanana, oge konsumsina.
>
> 3. posisi keuangan
> hari ini terkumpul Rp.2.723.332
> nu diperyogikeun sekitar Rp. 8 jt
> masih tebih, tapi tina rapat briefing ahir , bade di efisiensikan
> (beberapa sarana akan diihtiaran milarian nu tiasa nambutkeun)
>
> penyebaran undangan tos nyebar sekitar 120 undangan, inohong kisunda,
> tokoh masyarakat, oge masyarakat sanesna nu reueus kana kasundaan.
>
> sakitu kilas bewarana,
> mugia kisunda uninga.
>
> =r=
>
>
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/