Ambu, wargi2 sadaya punten gaduh informasi silsilah Bujangga Manik? Sareng deuih dimana persisna wetan tempat pupus *laut pikeun palid, tempat ngagolerkeun awak* Bujangga Manik?
 
Hatur nuhun,
baktos
Jalak Pakwan
 


----- Original Message ----
From: Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Saturday, October 4, 2008 11:27:44
Subject: Re: [kisunda] WILUJENG BOBORAN SIAM

Ambu sim kuring neda dihapunten boh ucap, laku lampah jste.....seueur lah panginten ticaletot, tisoledat. Ambu eta ucapan deuh aya ku ginding sae pisan...nyaan eusi, basana.....ruar biasa, nyastra.

 

baktos

tirta


 


----- Original Message ----
From: richadiana kartakusuma <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Friday, October 3, 2008 21:40:15
Subject: [kisunda] WILUJENG BOBORAN SIAM

Gamparan pupujan ing ati

"...najan jero tapi munggh leuwi keneh beunang dijugjug
tapi ari mungguh hate hanteu beunang diteguh
dijugjug ge moal katepi, ngelingan kana balangan
kecapna hanteu sapira tapi ngandung maksud
nu dipamrih asak sasar jeung pamilih
nyegah kana gagabah. . .
lir pajar layung keur bijil, lir sekar nu ngandung sari
sanajan rada leuir, ngucap nu merenah kana hate balareya
nu kasuhun na jero angen "wilujeng boboran siam"
nyuhunkeun dihapunten samudaya kalepatan kaluputan
mugya salawasna diparing gede hate resmining kalbu..."

Tabe pun
Ambu Wirumanggay





New Email addresses available on Yahoo!
Get the Email name you've always wanted on the new @ymail and @rocketmail.
Hurry before someone else does!


New Email names for you!
Get the Email name you've always wanted on the new @ymail and @rocketmail.
Hurry before someone else does!

Kirim email ke