Taya deui nu dijugjug tina riungan ieu
Ki Sunda mun keur disipat jalma nyeta teges pulo leutik tapi asri
alus semu ka tatamu sarehseh turta darehdeh
someah hade ka semah balabah ku kanyaah

saupama walungan istuning caina medal tina sanubari, 
ngocor hanteu petot-petot mayeng hanteu suwung-suwung

muga salawasna Ki Sunda tumetep jadi srangenge sumirat 
anu sorotna hibar gumebyar ku harta harti reujeung ati
dipibutuh ku salembur dipiasih ku sawargi sumawona ku kadangwargi 
dapon jauh tina berewit malar mulya waluya turta runtut manggih rahayu

Sumangga nyanggakeun
Tabe pun 

Ambu 


----- Original Message ----
From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Saturday, October 4, 2008 10:12:53 AM
Subject: Re: [kisunda] Ied Mubarak


Amin Kang Tirta.

Ka sadayana wae, neda agung cukup lumur, jembar pangampura, caang
bulang 14 jalan gede sasapuan, dina dinten sareng minggonan boboran
anu pinuh barokah ieu, hayu urang silih lubarkeun kalepatan, nyucikeun
panyakit ati, ngaikhlaskeun manah tugenah. wilujeng lebaran, hapunten
samudaya kalepatan binarung ikhlas, ngalubarkeun ka sadayana ku
ikhlasna. Amin.

manar

On Wed, Oct 1, 2008 at 10:51 AM, Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:
> Ied Mubarak. Mugi Gusti Alloh maparin ka urang sadaya jalan ka
> jadi muttaqin, jalma nu salawasna taqwa. Sim kuring neda dibukakeun panto
> karidoan manahna ngahampura kana sagala kalepatan diri boh dina ucapan boh
> dina laku lampah nu teu uni, ngaraheutkeun manah wargi sadaya.
>
> salam
> tirtawijaya sarimbit
>
>
> ____________ _________ _________ __
> New Email names for you!
> Get the Email name you've always wanted on the new @ymail and @rocketmail.
> Hurry before someone else does!
>
> 
    


      

Kirim email ke